Kamis, 18 Juni 2015

Rupa-Rupa Kadaharan Urang Sunda

Rupa-Rupa Kadaharan Urang Sunda

Comro atawa combro nyaéta kadaharan has ti Jawa Kulon. Comro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk buleud atawa lonjong anu bagian jerona dieusian sambel oncom nu saterusna digoréng, mangkana kadaharan ieu dingaranan comro anu mangrupa singketan tina oncom di jero. Kadaharan ieu leiwih ngeunah lamun didahar waktu haneut kénéh.
Cilok atanapi aci dicolok nyaéta kadaharan asli ti Sunda. Dijieunna tina tipung aci wungkul atanapi dicampur sareng tarigu teras dicampur cai tuluy dikulub. Jang nambah kanu rasa, umumna adonanna ditambahan bungbu, bisa ogé uyah hungkul.
Aya deui istilah anyar cilok gaul, nyaeta cilok anu aya eusina. Eusina bisa rupi-rupi, misalna: abon, sosis, gajih, urat, endog puyuh, jeung sajabana.
Cilok biasa didahar jeung sambel kacang sareng kécap.

Ciréng

Ciréng kapondokan tina aci digoréng, nyaéta kadaharan nu ilahar di Sunda, dijieun tina aci sampeu, dibungbuan, tuluy digoréng.

Resép cireng

Bahan:

Cara nyieun

Aduk tipung jeung cai, pedes, jeung uyah nepi ka rata. Tambihan ku bahan sejenna, galokeun sing rata. Goréng saséndok saséndok nepi koneng jeung garing. Angkat.
Kanggo 10 sikieun.
Koci  nyaéta hiji katuangan nu ilahar kapendak di wewengkn pulo Jawa, didamelna tina ketan nu aya eusian tina parudan kalapa sareng gula beureum atanapi campuran kacang hejo sareng gula beureum, dibungkus daun cau. Di Madiun, Jawa Tmur, koci katelah mbel-mbelan.

Bahan dasar

Bahan dasarna nyaeta adonan ketan sareng gula beureum (kawung) minangka kulitna, minangka eusina tina campuran parudan kalapa sareng gula beureum atanapi campuran sari kacang hejo sareng gula beureum. Ari bungkusna, nyaeta daun cau. Bahan pangleuleueur nyaeta minyak kalapa.

Ngokolakeunana

Ngasakan ieu katuangeun teh ku cara diseupan (make aseupan dina seeng atawa make langseng).

Bentuk jeung rasa

Bentuk koci nyaeta limas (wangun ruang anu sisina opat segi tilu, bagian handapna segi opat. Ari

Wanci nyieuna

Ari kapungkur mah koci teh sok dijieun dina waktu bulan puasa nyedek ka boboran Syawal atapi nyedek ka boboran Rayagung, tapi ayeuna mah iraha wae oge sok dijieun.

Misro


Misro nyaéta kadaharan has ti Jawa Kulon. Misro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk lonjong sarta bagian jerona dieusian gula beureum nu saterusna digoréng, alatan éta pisan dingaranan Misro anu mangrupa singketan tina amis di jero (basa Sunda). Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun didahar mangsa masih kénéh haneut.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar