ANALISIS WACANA TULISAN
“Upami nganjang ka Bali,
ulah lali sindang IGELANCA the Batik
Works, di jalan raya Ubud, Bali . Bade tuang
mangga, bade ngagaleuh batik mangga.nyayagikeun rupi-rupi supenir deuih. palay
pesen ti tebihna?”.
Unsur
Wacana
Nilik kana unsur-unsur
wacana, unsur nu di gunakeun nyaeta monolog. Monolog nya éta kagiatan basa anu dikedalkeun ku saurang panyatur tur
sipatna transaksional. Monolog téh mangrupa pamekaran téma atawa gagasan ti
saurang panyatur. Wangunna leuwih jembar batan paragrap. Taya konversasi,
dialog, atawa pagumeman dina ieu wacana. Unsur nu kapanggih nyaeta unsur
monolog, sabab ti kalimat mimiti nepika beresna mangrupa ajakan sangkan nu maca
ka taji terus dating ka eta tempat.
Warna
Wacana
Wacana
Tinulis
Wacana
Tinulis nyaeta wacana anu dipidangkeun make basa tulisan. Dina ieu wacana anu dicandak
dina iklan nu aya dina Koran, panyatur
ngajak ka pamiarsa sangkan kataji ku basa tur tampilan nu hade, kadituna
pamiarsa daek datang ka tempat nu di maksud dina eta wacana.
Wacana
Langsung
Wacana
langsung nyaeta wacana anu nuduhkeun ucapan langsung panyaturna, dina ieu
wacana, panyatur langsung ngajak ngomong ka pamiarsa.
Wacana
Non-fiksi
Wacana non-fiksi nyaeta wacana anu
ngebrehkeun objek nu bisa nambahan pangalaman pamiarsa, sipatna actual, basana
saujratna, dumasar kana alam nyata (factual).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar