Kamis, 18 Juni 2015

MANTRA

 MANTRA
Ku Deni Kurnia Mulloh


Sajarah Mantra
            Mantra geus hirup lila di tatar Sunda. Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian (1518 M/ 1440 Saka) nétélakeun:
            Hanyang nyaho disakwéh ning aji mantra ma: jampa-jampa, geugeu(ing), susuratan, sasaranaan, kaséangan, pawayagahan, puspaan, susudaan, huriphuripan, tu(n)duk iyem, pararasén, pasakwan; sing sawatek aji sang brahmana tanya.
            Hartina: Hanyah nyaho sakabéh aji kayaning: jampa-jampa, geugeu(ing), susuratan, sasaranaan, kaséangan, pawayagahan, puspaan, susudaan, huriphuripan, tu(n)duk iyem, pararasén, pasakwan; sakabéh watek aji  tanya Brahmana.
            Dina katerangan di luhur katangén yén mantra geus lila hirup di Sunda. Nurutkeun sawatara ahli, mantra téh gumelarna dina mangsa animisme/dinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita. Jalma nu weruh jeung apal kana rupa-rupa mantra sok disebut Barahmana.

Wangenan Mantra
Mantra téh kaasup wangun puisi bébas anu ngawujud kakuatan bébas anu ngandung kakuatan gaib (magis). Dipakéna tara sagawah. Mantra biasana dipapatkeun ditalar. Maksudna sangkan bisa ngagunakeun kakuatan gaib pikeun ngahontal hiji tujuan. Nilik tujuan anu baris dihontalna, mantra téh bisa dibagi dua golongan, nya éta mantra pikeun kasalametan atawa kamaslahatan, upamana waé pikeun ngubaran atawa pikeun ngajaga kebon tina gangguan hama, jeung kagunaan mantra téh pikeun ngabinasakeun anu lian, upamana waé teluh.
            Mantra dina wangun lisan, biasana diapalkeun. Cara nyebarkeunana tatalépa ti hiji jalma ka jalma lian. Mantra dipercaya bisa ngadatangkeun kakuatan gaib, kukituna aya aturan jeung pantranganna. Hal-hal nu kudu dipigawé sangkan  mantrana teu cambal disebutna pameuli, saperti puasa, mati geni, tatapa, tirakat, ngisat diri, jeung sajabana ( Ajip Rosidi, 1995: 29).

Klasifikasi/Papasingan Mantra
        Yus Rusyana ngabagi mantra jadi genep, nya éta:

1). Jangjawokan
         Jangjawokan nya éta mantra nu dipaké pikeun atawa rék milampah hiji pagawéan. Tujuanan sangkan pinunjul hasilna, tur nu ngalampahkeunana aya dina kasalametan atawa karahayuan (Yus Rusyana, 1970: 12), contona:

Jangjawokan Paranti Dipupur

Pupur aing pupur panyambur
panyambur panyangking rupa
nyalin rupa ti Déwata
nyalin sari Widadari
nya tarang lancah mentarangan
nya halis katumbirian
nya irung kuwung-kuwungan
dideuleu ti hareup sieup
disawang ti tukang lenjang
ditilik ti gigir lenggir
mangka welas mangka asih ka nu dipupur
diténjo ku saider kabéh

Jangjawokan Paranti Rék dangdan

Satingkes pantes
sarangkep cakep
anu nyangsang mangka gandang
anu nyampay matak palay
anu meulit matak muhit
ti hareup geugeut mireungeuh
ti tukang melang nu nyawang
kabéh panyari awaking

Jangjawokan Paranti Seuri

Puruluk buy tina huntu
paralak bay tina létah
seukeut seuri tajem pantes
prét mayang prét solasih
rét nu hayang rét nu asih
asih ka seuri awaking
Si Semar hah-hah-hah-hah
Si Semar hih-hih-hih-hih
Si Semar anggulitek angguliyeng

 2). Asihan
         Asihan nya éta mantra nu dipaké pikeun ngawasa atawa mangaruhan sukma nu lian, nu dipikacinta supaya bogoheun, jeung nu mapatkeunana pinunjul kakasépanana atawa kageulisanana nepi ka pada mikaasih (Yus Rusyana, 1970: 11), contona:

Asihan Si Burung Pundung
Asihan aing si burung pundung
maung pundung datang amum
badak galak datang depa
oray laki datang numpi
burung pundung burung cidra ku karunya
malik welas malik asih ka aing

Asihan Paranti Nyeupah

Seureuh seuri
pinang nangtang
apuna galugat angen
gambirna pamuket angen
bakona gulaga sari
coh nyay
cucunduking aing
taruk haréndong
cucunduking aing
taruk paku hurang
keuna ku asihan awaking
asihan si leugeut teureup

3) Jampé
         Jampé nya éta nu dipaké paranti nyageurkeun kasakit jeung kacilakaan, upamana kabeureuyan, jéngkoleun, jeung sajabana (Yus Rusmana, 1970: 13), contona:

Jampé Dicoco Kala
Kalaka kaliki
kala lumpat ka sisi cai
aing nyaho ngaran sia
ngaran sia kulit cai
tawa tawe
ditawa ku sang indung putih
tiis ti peuting waras ti beurang.
     
 4). Ajian
         Ajian nya éta mantra nu dipaké pikeun meunangkeun kakuatan pribadi. Misalna sangkan ludeungan, bedas, weduk, awét ngora, jeung sajabana. Atawa pikeun ngajaga lembur, raja kaya, pepelakan, ingon-ingon, jeung sajabana. Salian ti pikeun ngajaga diri, ajian sakapeung diparuhit ku tukang teluh (Yus Rusyana, 1970: 12), contona:

Ajian Kabedasan
Dampal suku ngabatu datar
bitis ngabatu wilis
nyurup ka badana
nyurup ka sumsumna
getih sabadan
bulu sabadan
bedas ngala ka aki

 5). Singlar
         Singlar nya éta mantra nu dipaké pikeun nyinglar gangguan jurig, kuntilanak, lelembut, musuh, sasatoan nu galak, jeung hama nu ngaganggu manusa. Tujuanana sangkan meunang karahayuan jeung tujuan séjéna nu hadé (Yus Rusyana, 1970: 13), contona:

Singlar ka Musuh
Curulung cai ti manggung
barabat ti awang-awang
cai tiis tanpa bisi
mun deuk nyatru ka si itu
mun deuk bala ka si éta
anaking palias teuing

6). Rajah
         Rajah nya éta mantra nu dipaké upama rék ngambah leuweung amu sanget, muka pihumaeun, nyieun babakan, nalukeun siluman-silemin, ngaruat jeung sajabana. Salian ti éta, rajah mangrupa bubuka dina carita pantun, aya rajah bubuka jeung rajah panutup atawa pamunah (Yus Rusyana, 1970: 13), contona:

Rajah Citra Kasunyian
Hong citra kasunyian
hong citra kasundulan
jleg bumi
jleg manusa
jleg sétan
manusa wisésa
sétan sampurna
sampurna kersaning Alloh
ashadu alla ialaha ilalloh
waashaduanna Muhammadarosululloh

Rajah Muka Pihumaeun
Bismillaahirohmaanirrohim
nyi usuk-usuk bumi
aki usuk-usuk bumi
manyusup bumi pakuan
sri angko wulu tumpuh timur tatar wétan
nya di dieu lemah putih piparéeun
sri bangbang sri bujang ka kidul
istan isan

DAPTAR PABUKON
Rosidi, Ajip. 1995. Puisi Sunda Jilid 1. Bandung: Geger Sunten.

Rusyana, Yus. 1970. Bagbagan Puisi Mantra Sunda. Bandung: Proyek Penelitian Pantun jeung Folklor Sunda.

Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung-Jakarta Ganako N.V.

Sumarsono, Tatang. 1984. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar