Jumat, 19 Juni 2015


ANALISIS WACANA IKLAN




Conto Iklan Lisan
Oskadon di ditu di dieu, dibutuhkeun jalma rea
Awewe lalaki nu kolot nu ngora. Oskadon hasiatna nyata leuwih dipercaya. Oskadon hade uey! dosisisna cocok jadi andelan balarea kapake dimana-mana leuwih gancang tur oye!
Nyageurkeun rieut sirah.
Tangtu mantep hasiatna moal matak tunduh.
Rieut sirah nginum oskadon atuh! mantep hasiatna, moal matak tunduh.

Dicutat tina radio Dahlia FM.

Salasahiji aspék nu ngabahas wacana téh nya éta analisis. Analisis wacana ngawengku dua aspék nya éta analisis wacana dialog/paguneman jeung analisis wacana monolog.

Saméméh nganalisis wacana urang kudu apal heula naon nu dimaksud analisis wacana. Dina enas-enasna mah nu dimaksud analisis wacana téh nya éta mangrupa ulikan perkara anéka fungsi (bag-bagan makéna, pragmatik) basa dumasar kana kontéksna (sudaryat.2003:100).

Diluhur aya conto iklan, urang bisa nganalisis wacana nu nyangkaruk dina éta iklan dumasar kana papsingan jeung kapragamatisan pamakéan wacana dina éta iklan.

Analisis Wacana Iklan Tulisan dina Majalah
Analisis dumasar kana Papasingan Wacana
Wacana ieu iklan saupama disawang tina médiana kaasup kana wacana tinulis. Wacana tinulis téh nya éta wacana nu dipidangkeun maké basa tulisan. Pikeun nyangkemna urang kudu maca kalawan daria. Disawang tina carana kaasup kana wacana langsung anu mana panyatur langsung ngajak komunikasi ka pamiarsa. Pon kitu deui saupama disawang tina wanguna nya éta kaasup kana wangun arguméntasi. Disawang tina pamarekanna kaasup wacana fiksi. Wacana fiksi nya éta wacana anu eusina ngébréhkeun objék anu bisa ngahudang daya hayal atawa pangalaman ngaliwatan kesan-kesan imajinatif, basana figuratif. Tapi dina wacana fiksi ogé aya fakta jeung panalaran anu nyata, tapi ngan sakadar pikeun alat nepikeun amanat minangka hasil olahan daya hayal panyaturna.

Analisis dumasar kana kapragmatisan wacana
Ditilik tina segi kapragmatisan wacana ieu iklan téh geus ngawakilan naon-naon nu jadi sarat wacana. Urang bisa ngabuktikeun umapana:

A.   Disawang tina segi Déiksis
Déiksis nya éta wangun basa panuduh hal atawa fungsi nu aya di luareun basa; contona kecap panuduh jeung kecap gaganti. Déiksis bisa dipasing-pasing jadi sababaraha rupa. Dina ieu wacana iklan ngawengku sababaraha déiksis nya éta:
1)   Person déiksis, panuduh jejer/panglaku atawa biasa ogé disebut gaganti ngaran; dina wacana iklan ieu ngawengku gaganti ngaran ka dua nya éta kecap sadérék dina bumi sadérék.
2)   Timé déiksis, panuduh waktu; dina ieu iklan  ngawengku waktu nu kaliwat nu cék pandangan panyatur kurang éndah katingalna saupama can dipasieup ku PAS mébel. Pon kitu deui waktu nu bakal datang bakal datang bakal éndah mun geus dipasiseup ku PAS mébel. Hal ieu tinangtu bakal mangaruhan kana sikep pamiarsa saupama pamiarsa nyaluyukeun pamikiranna kana kontéks nu ditawarkeun ku panyatur.
3)   Palce déiksis, panuduh tempat; dina ieu wacana iklan nuduhkeun tempat nu deukeut kapanyatur jeung nu rada deukeut ka pamiarsa. Nu deukeut ka panyatur nya éta PAS Mébel nu ngayakeun rupa-rupa fornitur tina kai pines jeung pas modélna pas hargana. Nu rada deukeut ka pamiarsa nya éta bumi jeung kantor sadérék.
4)   Social déiksis, panuduh situasi sosial; pnyatur nuduhkeun atawa maké ragam basa lemes bumi, hormat keur ka sorangan tangtos jeung rupi-rupi, ragam hormat keur ka batur pangaosna.

B.   Disawang tina segi Implikatur Konversasi
Dina ieu wacana panyatur tapis pisan milih ungkara basa nu dipakéna. Simpel tapi bisa dipikaharti ku pamiarsa, malah bisa ngirut pamiarsa pikeun meuli éta barang nu diiklankeunana.
C.   Disawang tina segi Conversation structure
Struktur paguneman adegana tangtu bakal béda-béda gumantung kana faktor UNGKARA. Panyatur saméméh nulis ieu wacana téh tinangtu bakal maluruh jeung maham heula kana naon nu jadi tujuan tina éta tulisan.
Analisis Wacana Iklan Lisan dina Radio
Analisis dumasar kana papasingan wacana
Wacana ieu iklan saupama disawang tina médiana kaasup kana wacana lisan nu dipadangkeunna dihaleuangkeun. Pikeun nyangkemna urang kudu ngaregepkeun kalawan daria. Disawang tina carana kaasup kana wacana langsung anu mana panyatur langsung ngajak komunikasi ka pamiarsa. Pon kitu deui saupama disawang tina wanguna nya éta kaasup kana wangun arguméntasi. Bisa dipaluruh kumaha panyatur ngaréka basa pikeun ngajéntrékeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat nepi ka jalma lian kahudang pikeun milampah hiji pagawéan.


Daftar Pustaka
Sudaryat, Yayat. 2003 Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Rosidi, Ajip. 2007 Urang Sunda jeung Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama

Tidak ada komentar:

Posting Komentar