Jumat, 19 Juni 2015

ANALISIS WACANA LISAN

 ANALISIS WACANA LISAN

“Pecinta Bandung, ulah hilap nya dinten jumaah tabuh 7 wengi di STV. Bandung tea, nu saha deui atuh!”


Unsur Wacana
Nilik kana unsur-unsur wacana, unsur nu di gunakeun nyaeta monolog. Monolog nya éta kagiatan basa anu dikedalkeun ku saurang panyatur tur sipatna transaksional. Monolog téh mangrupa pamekaran téma atawa gagasan ti saurang panyatur. Wangunna leuwih jembar batan paragrap.

KAPRAGMATISAN WACANA
              Déiksis téh mangrupa unsur basa anu gunana pikeun nuduhkeun hal atawa fungsi nu tangtu di luar basa.
1.    Déiksis Personal
a.    Kecap gaganti jalma kahiji (panyatur):
“pecinta Bandung …”
b.    Kecap gaganti jalma kadua (pamiarsa):
“nu saha deui atuh!”

2.    Déiksis Témporal
              Déiksis témporal atawa panuduh waktu nya éta déiksis anu nuduhkeun waktu lumangsungna kajadian. Dina éta wacana, déiksis témporalna téh “dinten jumaah tabuh 7 wengi”

3.    Déiksis Lokatif
              Déiksis lokatif atawa panuduh tempat nya éta déiksis anu dipaké pikeun nuduhkeun pernahna hiji hal atawa barang, boh deukeut, rada deukeut, atawa jauh. Dina éta wacana, déiksis lokatif nu kapanggih téh nga ukur tilu siki, nya éta panuduh deukeut (2) jeung panuduh jauh (1).
“Pecinta Bandung, ulah hilap nya dinten jumaah tabuh 7 wengi di STV”.
             
4.    Déiksis Sosial
              Déiksis sosial raket patalina jeung aspék kalimah anu ngébréhkeun atawa diébréhkeun ku réalitas nu tangtu dina situasi sosial. Ieu déiksis téh tumali jeung parapartisipan (panyatur, pamiarsa, nu dicaritakeun). Dina déiksis sosial kalibet perkara honorifik (sesebutan kahormatan) jeung tatakrama.

5.    Déiksis Éndoforis
              Déiksis éndoforis (tékstual atawa wacana) nya éta déiksis anu nuduhkeun naon-naon anu aya dina jeroeun wacana, sipatna intertékstual. Naon-naon nu nuduhkeunana disebut antésédén.
Bandung tea, nu saha deui atuh!”

Warna Wacana
Wacana lisan
              Wacana lisan nyaeta wacana anu dipidangkeun make basa lisan. Dina ieu wacana anu dikutip dina iklan di salahsahiji TV panyatur ngajak ka pamiarsa sangkan lalajo eta acara.
Wacana Langsung
              Wacana langsung nyaeta wacana anu nuduhkeun ucapan langsung panyaturna, dina ieu wacana, panyatur langsung ngajak ngomong ka pamiarsa.
Wacana Non-fiksi
              Wacana non-fiksi nyaeta wacana anu ngebrehkeun objek nu bisa nambahan pangalaman pamiarsa, sipatna actual, basana saujratna, dumasar kana alam nyata (factual).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar