Jumat, 19 Juni 2015

JURNALISTIK SUNDA

JURNALISTIK SUNDA

I.     Bubuka
Hakékatna manusa pikeun mertahankeun kalumangsungan hirupna mikabutuh komunikasi antara papada manusa. Prosés komunikasi teu leupas tina ayana tukeur informasi antara hiji jalma jeung jalma séjén dina hirup kumbuh sapopoéna. Manéhna perlu mikanyaho naon-naon nu kajadian di sabudeureunana, di daérahna, di kotana, malahan lila ku lila di sakuliah dunya. Alat nu digunakeun pikeun nepikeun pesan ti panyatur ka pamiarsa téh disebut média. Sedengkeun informasi mangrupa hiji hal nu mibanda ajén inajén jeung manfaat, boh dina wangun tulisan, boh dina wangun lisan.
            Dumasar kana tujuanna, média pikeun nepikeun informasi kabagi kana tilu jenis nya éta media pribadi (surat, telepon, kurir), media kelompok (seminar, konferensi atawa sawala-sawala), jeung media massa atawa publik (surat kabar, film, televisi, jeung radio). Media massa mibanda sipat melembaga, saarah, meluas jeung serempak, maké alat, tur terbuka.

II.     Sajarah Kamekaran Media Massa Basa Sunda
Sacara  umum jurnalistik raket patalina jeung media massa nu ngawengku surat kabar, majalah, televisi jeung radio. Dina kahirupan urang Sunda media informasi réa macemna. Hal ieu bisa dibuktikeun yén urang Sunda kantos gaduh 36 média basa Sunda (Derap Pembangunan Pers di Jawa Barat, BPPP, 1987). Dua di antarana koran basa Sunda anu medal unggal dinten: “Sinar Pasoendan” (1933-1942) sareng “Sipatahoenan” (1924-1942 di Tasikmalaya sareng 1969-1985 di Bandung). Demi Majalah Sunda anu pangkolotna nyaéta Parahiangan (1919), anu dipedalkeun ku Balai Poestaka Jakarta, asuhan M.A. Salmoen jeung R. Satjadibrata.
            Ari koran basa Sunda munggaran, nyaéta Sora-Merdika, Pingpinan Moh. Sanoesi,édisi ka-3 taun ka-1 medal tanggal 1 Méi 1920. Aya nu nyebutkeun koran basa Sunda munggarann téh Sunda Berita. Ngan tacan jéntré iraha medalna. Lian ti éta, dina jaman pergerakan, ogé medal Soemanget, diasuh ku toenggono, mingguan basa Sunda Padjadjaran pingpinan Haris Soema Amidjaya, Pandawa Pingpinan Gatot, jeung Siliwangi nu diaping ku Éma Brata Koesoema.
Koran basa Sunda séjénna, Masa Baroe, Sapoedjagat, Simpaj, jeung Isteri Mérdéka. Kacatet ogé, Panglima, Tawekal pingpinan Harsono, Sipatahoenan (1923) Pingpinan Ahmad Atmadja jeung Bakri Suraatmadja nu kabéhanana terbit mungaran di Tasikmaya. Galoeh di Ciamis pingpinan Arsim Karna Winata, Balaka pingpinan Ikik Wiradikarta. Sinar Pasoendan, pingpinan Ali Ratman sarta pamingpin redaksina Imbi Djajakoesoema jeung wakilna O.K. Yaman, rédaktur harian Moh. A. Afandi jeung Iding Wangwidjaja (Iding Wangsawidjaja kungsi jadi sekretaris Bung Hatta).
            Éta koran basa Sunda téh, ku kaom nasionalis dipaké alat perjoangan. Diantara koran basa Sunda tadi nu pangnyongcolangna jeung gedé komarana nyaéta Sipatahoenan nu saterusna kantor  redaksina pindah ka Bandung sarta kungsi jadi koran poéan. Warta-wartana lolobana ngeunaan kahirupan masarakat sarta némbongkeun sikep mihak ka Soekarno. Jaman Jepang teu medal. Taun 1950 dipingpin ku Moh. Kurdi, Sipatahoenan medal deui, tapingan kuat nepi ka tau 1985.
            Sanggeus merdika, koran basa Sunda nu alanyar patingpucunghul disababaraha daérah di Jawa Barat. Sinar Madjaléngka (1948) di Majalengka, Warga (1954) nu dipingpin ku Ééng di Bogor, Kalwarta Kudjang (1956) di Bandung, majalah Manglé (1957) di Bogor nuditaratas ku RH Oéton Muchtar jeung Ny.RHE Rochimika Sudarmika (kantor rédaksina taun 1962 Pindah ka  Bandung). Manglé nepi ka ayeuna terus medal kalayan mayeng saminggu sakali. Awal taun 1960-an Ajip Rosidi nerbitkeun majalal Soenda. Di Bandung, taun 1972, medal Giwangkara, Gondéwa, jeung Galura. Taun 1975, Galura jadi anak penerbitan Pikiran Rakyat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar