Cipatat: Tina Asri Jadi
Rujit
Ku Deni Kurnia Mulloh
Cipatat téh perenahna aya di tungtung kulon kabupatén Bandung Barat. Lamun urang arék lunta ka Cianjur atawa ka Bogor urang geus pasti
ngaliwat ka Kacamatan Cipatat. Lamun ti Bandungkeun mah sanggeus Padalarang, éta geuning anu loba apu (pangapuan) tah béh ditueunana saméméh Sasak Raja Mandala anu jadi wates administrasi pamaréntahan Bandung jeung Cianjur.
Anu jadi marga lantaran éta tempat dingaranan Cipatat téh kieu cénah. Jaman
baheula dina mangsa kolonial. Di éta tempat téh kacida lobana liang cai nu
disebut Cinyusu téa, éta tempat téh dijieun pamandian ku warga jeung panjajah
walanda jaman harita. Jama baheula mah nu ngarana tempat mandi téh jauh ti
imah, gumantung kana aya atawa deukeut henteuna liang cai. Geus jadi kabiasaan
di unggal daérah pang-pangna di pilemburan yén saupama mandi téh tara ieuh kudu
dibaju ti imah téh, cukup maké anduk waé keur kaum lalaki mah. Mun awéwé biasa
cukup ku didadamping ku samping kebat waé. Pon kitu deui, tempat pamandianana
ogé tara ieuh buni-buni teuing, malah aya nu tara-tara acan di kikidingan.
Teuing naon tah alesanana mah? Teuing pédah euweuh bahanna atawa bakating ku
ngedul waé meureun.
Para karuhun pang-pangna karuhun urang sunda lamun pék ngaranan tempat
atawa jalma téh tara sagawayah kitu waé. Tapi aya dadasarna atawa aya
kasangtukang anu ngalantarankeunana. Hal ieu lumaku di unggal daérah. Élmu nu
maluruh ngeunaan asal usul ngaran-ngaran patempatan téh disebutna Toponimi. Ngaran
wewengkon di kuloneun padalarang nya éta Cipatat téa teu sagawayah kitu waé
nyieunna. Tapi aya dasar-dasarna, nya éta kieu cenah. Cipatat téh asal kecapna
tina cai jeung Putat. Kecap cai dicokot tina kaayaan alam anu subur ku sumber
cai. Ari putat nya éta sabangsaning tangkal anu daunna bisa dijieun lalab. Éta
tangkal téh perenahna ayana dina beungeut cai. Hal ieu nu ngalantarankeun
dingaranan Cipatat téh. Aya deui nu nyebutrkeun yén ngaran Cipatat asalna tina Cibujur
atawa Cipantat. Cipantat atawa Cibujur téh nya éta istilah pikeun ngaranan
tempat pamandian/tampian anu teu pisan dikikidingan nu ngabalukarkeun sagala
katénjo, pang-pangna bujur. Buijur nya éta sabagian anggota badan lamun di
dinggali atawa diomongkeun sok rada sénsitif. Saupama disalusur ku urang ka
lapangan ngeunaan silsilah ngaran patempatan, pang-pangna Cipatat réa
pérsina.
Legana wewengkon Cipatat téh aya kana 10.320 ha anu kabagi kana lahan
pasawahan 1.794 ha jeung tegalan 8.526 ha. Kacamatan cipatat téh ngawengku dua
belas désa. Nurutkeun data penduduk nu
aya di kacamatan, yén jumlah penduduk éta kacamatan tepi ka bulan Juli 2008 téh
aya kana 114.647 urangna, anu mana kabagi kana jumlah lalaki jeung awéwé.
Jumlah lalaki aya kana 57.787 urang, awéwé aya kana 56.860 urang. Kahirupan
sapopoé urang Cipatat teu béda jauh jeung kahirupan masarakat sunda umummna. Pakasaban
urang cipatat téh kalintang hétérogénna, saupama dikelompokeun jumlah patani 11.274 urang, buruh tani 4.160 urang, buruh
pabrik 10.036 urang, TNI/Polri 91 urang, jeung PNS 412 urang. Salian ti éta,
aya ogé salaku penambang tapi jumlahna teu kacatet sababaraha urangna.
Saluyu jrung kamekaran jaman, Cipatat kiwari geus lainna deui Cipatat baheula
anu kakoncara asri leubeut ku sumber cai. Tapi kiwari kondisina pikahawatireun pang-pangna tina segi air bersih. Warga
masarakat Cipatat dina waktu-waktu ieu keur krisis ku cai beresih. Hal ieu
mangrupa pangaruh tina alam anu geus teu bisa deui diajak damai. Pamolah manusa
anu ngakibatkeun hal ieu bisa terjadi. Gunung-gunung anu bisa nyerep cai kiwari
kondisi butak jeung bopéng akibat pamolah manusa pang-pangna polah pausahaan
gede anu ngaéksploitasi pertambangan batu kapur.
Dilain sisi katinggalina Cipatat téh ngalaman kamajuan anu kalintang
gancangna pang-pangna tina segi produksi pertambangan. Tapi warga masarakat
satempat jeung sabudeureunana hirup dina kondisi miskin, loba kakurangna
jajauheun kacukup téh. Di tambah deui ku kultur pamaréntahan anu keur transisi
akibat tina misahna ti kabupatén Bandung.
Cipatat miboga objék Wisata diantarana nya éta Cipanas jeung Guha pawon. Saupama
urang pirajeunaneun ulin ka Cipatat ulah hilap nyimpang ka cipanas jeung ka Guha
Pawon. Cipanas jeung Guha Poawon téh mangrupa objék wisata nu pang kakoncarana
di Cipatat jeung sabudeureunana mah. Salian ti objék wisata, ogé aya sababaraha
fasilitas pamaréntah jeung publik diantarana Pusdik Brigif TNI AD, Indonesia
Power (pembangkit Tenaga Listrik), Pilot Plan Pengolahan Mineral Puslitbang
texMIRA jeung TPA Sampah Sarimukti ti kota Bandung, kabupaten Bandung,
kabupaten Bandung Barat jeung kota Cimahi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar