PENGUMUMAN
BAGI SISWA KELAS XI SMANSAPAL.
- Soal Untuk UKK terdiri dari
35 PG dan 5 Esay.
- Sistem Penilaian 35 x 2 =
70, dan 5 x 6 = 30. jadi total 70+30=100.
- hasil ulangan akan di
posting pada hari jumat
Tgl 5 Juni 2015 (jam
06.00),
di http://denikurniamulloh.blogspot.com)
dan bagi yang nilainya kurang dari 75 maka akan di remedial.
- Remedial dilaksanakan pada
hari senin
tanggal 9
Juni 2015 jam 13.00 (setelah selesai UKK, Remedial dilaksanakan dalam bentuk Tugas, bagi yang
di remedial dan tidak kumpul “di ruangan Kelas XI IPA 1” pada
tanggal di atas, maka nilai di rapot akan
ditulis apa adanya)
- Rincian
Nilai yang harus Kumpul adalah
- Nilai ke 1 : Tugas Bab 4 (pancan 2)
- Nilai ke 2 : Tugas Bab 5 (Pancen 1 dan Pancen 2)
- Nilai ke 3 : Tugas Bab 7 (Wawancara Orang tua / sepuh)
- Nilai ke 4 : Tugas Bab 8 (Pancen 1)
- Nilai ke 5 : Ulangan Harian bab Wawancara dan Warta
- Nilai ke 6 : Ulangan Tengah
Semester (Bab Novel dan pakem basa)
- Nilai ke 7 : Ulangan UKK
(tanggal 3
Juni 2015)
- Nilai Rapot Terdiri dari 50%
Nilai Harian, 25 % Nilai UTS, 25% Nilai UKK
- Tugas yang belum kumpulkan,
maka segera kumpulkan sebelum Remedial B.Sunda (Tanggal 9 Juni 2015.)
Kisi-Kisi Soal B.Sunda Kelas XI
Tahun Ajaran 2014-2015
Semester Genap
A.
Pilih jawaban
anu pang benerna ku cara milih hurup a,
b, c, d atawa é!
1.
Novel anu judulna RINI nya éta karangan
2.
Sedengkeun Totondén atawa tanda mun rék manggih kabungah biasana lamun?
3.
Totondén atawa tanda mun rék manggih kasedih biasana lamun?
4. Fungsi wawancara
teh rupa-rupa, saupama wawancara anu tujuana pikeun neangan informasi anu
samar-samar sangkan kapanggih tur jelas biasana disebut?
5.
Fungsi wawancara
teh rupa-rupa, saupama wawancara anu tujuana pikeun ngagambarkeun hiji kajadian
nya eta?
6.
Warta nu
dilengkepan ku pamadegan nu nulis kana hiji peristiwa nu keur kajadian,
disebut?
7.
Ciri utama kalimah
pananya nyaeta ngandung lentong atawa intonasi, iwal ti lentong nyieun kalimah
tanya bisa nambahkeun kecap ......
8.
Paribasa …… eusina
ngandung maksud pikeun jadi picontoeun atawa pieunteungeun. Picontoeun gambaran
laku hadé sangkan jadi tuladeun milampah kahadéan, sedengkeun pieunteungeun mah
jadi gambaranlaku goréng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan.
9.
Warta anu henteu ngutamakeun
pentingna kajadian, tapi leuwih mentingkeun
kana aspék kamanusaanana
(human interest). Disebut warta
...
10.
Tengetan ieu conto
warta a nu ditepikeun langsung, di kelas! Kaasup kana conto
warta naon anu
ditepikeunana dina warta lisan ieu?
Assalamu’alaikum wrwb.
Seja
nguningakeun ka sadérék
sadayana, réhna OSIS SMAN 1 Palabuhanratu
badé ngayakeun Pasinggiri Musik Karinding antar kelas.
Pasanggiri
bakal dilaksanakeun tanggal
17 Agustus 2015, tempatna
di Aula Serba
Guna, tahuh 09.00 nepi ka réngsé.
Ka sakur siswa
ti kelas 10
nepi ka kelas
12 nu aya minat ngiring dina éta
acara tiasa daptar ka panitia unggal
istirahat pelajaran ti
kaping 11–15 Agustus 2015.
Ka Kelompok Karinding
anu pangalusna bakal narima
hadiah ti Bapa
Kepala Sakola. Upami
peryogi katerangan nu langkung
lengkepna mah, sadérék sadayana tiasa nepengan panitia di
sekretariat Panitia .
11.
Totondén atawa
tanda-tanda alam kana naon-naon anu bakal kajadian, disebut?
Titut diboncéng na
Honda bébék Imas. Teu lila, geuleuyeung ninggalkeun pakarangan.
Keur genah-genah
motor mengpeng, na ari kececes téh gasna paéh. Reg motor eureun. Diparkir di
sisi jalan.
"Ku naon, Mas?"
ceuk Titut. "Teuing atuh."
Imas nyelah motor
sababaraha kali, nepi ka luut-léét késang. Motor bebelekbekan, angger teu daék
hirup.
12. Naon anu jadi topik utama dina cutatan di luhur?
"Kakarék rék lalajo sandiwara sunda, bét
diparengkeun sial," ceuk Titut rada jamedud.
"Tenang, Tit. Sugan wé atuh siga dina carita pilem,
jol aya jajaka kasép ngadon nulungan."
Teu nyalahan. Reg aya Vespa eureun gigireunana. Nu
tumpakna hiji pamuda, buukna rada gondrong, beungeutna kasép, awakna rada
begang.
"Mogok?" pokna.
"Muhun," walon Imas, ngiceupan ka Titut
sakeudeung, tuluy ngusap késang dina tarang ku leungeun katuhuna.
13. Ceuk pangira-ngira hidep, rék arindit ka mana Titut jeung
Imas téh?
14. Ceuk pamanggih hidep, naon sababna Imas make ngiceupan ka
Titut?
15.
Conto sempalan warta
nu di handap kaasup kana wanda ....
Liverpool
Ngudag Big Four
Nincak minggu
nu kasapuluh Liga Inggris 2013-2014 ieu geus ngarugrugkeun dua kleub papan
atas, nyaéta Chelsea jeung Liverpool. The Blues kéok ku Newcastle United 0-2,
sedengkeun The Red médok ku Arsenal.
Nilik model
kitu, The Gunners
beuki jauh ninggalkeun
saenganana. Arsenal beuki kokoh waé aya di puncak klasmen, kalawan meunang 25
angka, leuwih unggul ti
sakabéh lawanna. Sabalikna,
tilu lawanna nu aya di sahandapeunana, nyaéta Chelsea, Liverpool, jeung
Tottenham Hotspur ngantongan angka nu
sarua, nyaéta 20.
Kleub séjénna anu nyicingan
di urutan kalima
nepi katujuh, nyaéta Mancester City,
Southampton, jeung Everton meunang angka nu sarua nyaéta 19.
Palatih Liverpool, Brendan Rodger, nétélakeun yén kabéh
saingan di Liga
Inggris geus kabaca sanggeus tim ngalalakon sapuluh kali
pertandingan. Ku lantaran kitu persaingan unggal kleub
pikeun ngahontal Big Four (opat besar) bakal leuwih ketat. “Aya genep
tim nu bakal ngadu jajatén pikeun muru posisi Big Four”, cenah.
16.
Dina dasarna
wawancara teh merlukeun pananya jeung jawaban. Pananya dina wawancara ngabogaan
dua sipat. Mana di handap ieu anu kaasup kana sifat wawancara?
Titut ngareret ka éta pamuda. Aneh, hatena bet dagdigdug.
Samar polah. Enya kakara ayeuna, bet ratug tutunggulan adu hareupan jeung
lalaki. Si Pamuda markir Vespana. Tuluy mariksa motor Imas, Dioprék, nepi ka
bobolokot hideung ku oli.
Barang distater deui, gerung motor téh disada. Beungeut
Imas ngadak-ngadak marahmay.
Titut ngarénghap. Kahayang mah, sing lila motor Imas téh
dioprékna. éta bet diparengkeun resep, maling neuteup ka nu kasep. Sanajan, ari
nu diteuteupna mah bangun api lain.
Imas jeung Titut neuteup pamuda nu cipruk ku késang jeung
leungeunna harideung ku oli.
17.
Ceuk pangira-ngira
hidep, perasaan naon nu nyangkaruk dina diri Titut nepi ka hatena
dagdigdug kitu?
18.
Nya éta runtuyan
kajadian, anu méré arah atawa ngatur kajadian naon waé anu kudu diheulakeun
atawa dipandeurikeun, sarta nu némbongkeun sabab akibat kajadian dina carita. Disebut
...
19.
Warta nu ditepikeun
sacara lisan biasana ngagunakeun media....
20.
Mana dihandap ieu anu teu kasup kana faktor nu
nyababkeun hasil henteuna wawancara pikeun ngajaring informasi ti
narasumber/informan?
21.
Novel anu judulna Perang Bubat nya éta karangan …
22.
Mana dihandap ieu
anu merenah pikeun babasan “Gedé timbanganana, gedé pangampurana”?
23.
Kecap warta téh
ngandung harti béwara, atawa informasi,
Kecap warta asalna
tina basa Sansekerta nya éta ...
24.
Mana dihandap ieu anu kasup kana faktor nu
nyababkeun hasil henteuna wawancara pikeun ngajaring informasi ti
narasumber/informan?
25.
Babasan jeung paribasa salah sahiji karya para karuhun jeung
bujangga Sunda nu mibanda sistem ajen-inajen aktual tur relevan sarta teu laas
ku kamajuan jaman. Nilik kana eusina bisa dibagi jadi tilu kelompok, nyaéta wawaran luang, pangjurung laku hade, jeung panyaram
lampah salah. Mana di handap ieu anu kaasup kana paribasa lampah salah?
26.
“Wiwirang dikolongcatang nya gede nya panjang” kaasup kana paribasa”?
27. Novel bahasa
Indonesia anu judulna “Azab dan Sengsara”
karangan Merari Siregar medar dina taun?
28. Novel sunda anu judulna “Baruang Kanu Ngarora” karangan
D.K Ardiwinata medar dina taun?
29.
Sedengkeun novel sunda
anu judulna “Buron” nya éta karangan
…
30.
Mana dihandap ieu
novek karya R.A.F ?
31.
Upama maca novel
hidep bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul, point of
view, jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsik nu
aya novel. Naon anu dimaksud palaku téh?
32.
Upama maca novel
hidep bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul, point of
view, jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsik nu
aya novel. Naon anu dimaksud latar téh?
33.
Upama maca novel
hidep bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul, point of
view, jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsik nu
aya novel. Naon anu dimaksud gaya basa
téh?
34.
Naon anu dimaksud Puseur Sawangan
atawa Point Of
View dina novel?
35.
Naon harti paribasa
“Hulu gundul dihihidan” jeung “Cara hurang, tai ka hulu-hulu”?
36.
Kira-kira
saha ari mang Adé téh …
37.
Numutkeun hidep
harti Paribasa “Dug hulu pet nyawa téh” nyaeta …
38.
Warta anu eusina
ngalaporkeun kabar berita nu ditambahan
ku pamanggih panalungtik/pangamat jeung
sumber tinulis sangkan
nu narima éta warta ngarasa sugema sabab meunang data,
pakta, atawa informasi nu leuwih
munel tur lengkep, disebut warta ...
39.
Babasan jeung paribasa salah sahiji karya para karuhun jeung
bujangga Sunda nu mibanda sistem ajen-inajen aktual tur relevan sarta teu laas
ku kamajuan jaman. Nilik kana eusina bisa dibagi jadi tilu kelompok, nyaéta wawaran luang, pangjurung laku hade, jeung panyaram
lampah salah. Mana di handap ieu anu kaasup kana paribasa wawaran luang?
40.
Salah sahiji carita
rékaan (fiksi), anu eusi jeung jalan caritana panjang tur loba
bagian-bagianana, diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalalakona loba,
mangsa anu kacaturna lila di sebut ….
Cing kira-kira
kalimah pananya kumaha nu ditepikeun ku Siswa upama Patugas ngajawab
saperti dina éta naskah wawancara!
Siswa :
(1)
..................................................................................................................
Patugas :
“Kawasna mah masarakat
teu acan pada
arapaleun kana pentingna titinggal
sajarah. Padahal sajarah
téh mangrupa eunteung. Salian ti
kitu, anggapan masarakat kana wangunan museum gé masih kénéh héngkér.
Siswa : (2)
..................................................................................................................
Patugas :
“Masarakat masih kénéh
nganggap yén museum
téh hiji wangunan karamat, teu
sambarang jalma bisa asup ka museum. Komo
ka museum KAA
mah, anggapan masarakat
mah, nu bisa asup ka ieu museum
téh ngan keur jalma-jalma penting wungkul. Padahal mah teu kitu. Saha baé ogé
bisa ngajugjug ka Museum KAA, teu diiwalkeun,”
Siswa : (3)
..................................................................................................................
Patugas :
“Kiwari mah Museum
KAA téh geus
dilengkepan ku arsip jeung dokuméntasi dina wangun
multimedia nu ditunda dina computer. Sakur nu ngajugjug bisa nengetan jeung
ngimeutan pasualan sajarah, unak-anik,
katut ragam budaya
ti sakuliah bangsa-bangsa Asia
jeung Afrika.”
Siswa : (4)
..................................................................................................................
Patugas :
“Tepi ka kiwari nu ngajugjug ka Museum KAA téh lolobana barudak sakola. Kituna
mah pantes, kapan sajarah ngeunaan KAA
téh asup kana
kurikulum pendidikan dasar
jeung menengah. Malah mah
dina sabulanna téh
nu daratang ka Museum KAA téh jumlahna nepi ka 10.000
urang.
Siswa : (5)
..................................................................................................................
Patugas :
“Seueur Néng, sajabi ti rupa-rupa barang
angka, aya ogé Koléksi barang penting jeung ahéng séjénna kiriman ti
bangsabangsa Asia Afrika. Nu bisa
dimangpaatkeun pikeun bidang paélmuan kaasup sajarawan jeung
mahasiswa.
Cing tulis
ku hidep kira-kira
kalimah pananya kumaha nu ditepikeun ku Siswa upama Patugas
ngajawab saperti dina éta naskah wawancara!
41.
Sempalan warta
dihandap ieu kasup kana wanda?
Hélaran
Jampana Kota Tasikmalaya 2013
Dina raraga
miéling poé jadina Kota Tasikmalaya taun
2013 ieu direuah-reuah
ku Hélaran Jampana. Ruteuna ti mimiti Bunderan Tugu
Adipura, tuluy ngidul sapanjang jalan KHZ Mustofa nepi ka Lapang Dadaha.
Helaran
Jampana nu dilaksanakeun taun ieu seja mageuhkeun tékad pamaréntah pikeun
“Sauyunan Ngarojong
Pangwangunan ku Gawé
Nyata sangkan Rahayat Kerta
Raharja”
Sajaba ti
midangkeun rupa-rupa kasenian tradisional Sunda,
sacara simbolis dina
aleutan helaran dipintonkeun ogé
hasil-hasil pangwangunan ti
unggal dinas. Anu harita milu ngaleut dina helaran téh di antarana
waé dinas kacamatan,
kesatuan bangsa, komunitas sapédah gowél, unsur BUMN, BUMD,
OPD Setda Kota Tasikmalaya. Sajaba ti éta, aya pamilon hélaran ti warga
Tionghoa,nu rampak maraké
pakéan Sunda, kayaning kabaya, pangsi, jeung iket
barangbang semplak.
42.
Mana di handap ieu
anu kaasup kana paribasa “Wawaran Luang”?
43.
Naon harti babasan “Pucuk Awian” numutkeun
makna konotasi nya eta …
Asép :
Punten mang, abdi bade ngawagel sakedap!
mang Adé : Mangga cép,
teu sawios.
Asép :
Parantos sabaraha lami emang icalan baso di dieu?
mang Adé : Aduh cép,
tos lami pisan aya kana sapuluh taunna.
Asép :
…………….
mang Adé :
Sadintenna lumayan baé kekengingan téh
rata-rata lima puluh rebu rupiah, cekap kangge
sadidinten mah.
Asép :
Sabaraha hiji putra emang? Sareng sarakola dimana?
mang Adé :
Pun anak aya tilu tos arageung anu pangageungna tos kuliah, anu kadua kelas dua
SMA, atuh anu pangalitna mah masih SD kelas lima.
44.
Lengkepan
Paguneman di luhur, hidep kudu milih kalimah dihandap ieu!
45.
Babasan jeung paribasa salah sahiji karya para karuhun jeung
bujangga Sunda nu mibanda sistem ajen-inajen aktual tur relevan sarta teu laas
ku kamajuan jaman. Nilik kana eusina bisa dibagi jadi tilu kelompok, nyaéta wawaran luang, pangjurung laku hade, jeung panyaram
lampah salah. Mana di handap ieu anu kaasup kana paribasa pangjurung laku hadeMana di handap ieu
anu kaasup kana paribasa “Pangjurung Laku”?
46.
Naon Anu dimaksud
wawancara (definisi)?
47.
Kalimah tanya bisa
diwangun ku 3 cara, sebutkeun sarta bere
contona!
48.
Naon harti injeuman
tina babasan “Béngkok tikoro” jeung “Leutik burih”?
49.
Lengkepan paguneman
di handap ieu !!!
Astri :
“……………………………………?”
Ramlan
: “Bapa janten Satpam di pasar, Ibu mah
icalan kuéh.”
Astri : “……………………………………?”
Ramlan
: “Mun
abdi teu ngartos
kana pelajaran, upamina,
Bapa sok ngabantosan kedah
ka saha tatarosna. Aya
ka Pa Guru,
ka réréncanganana, atanapi sok masihan buku kénging anjeunna mésér.”
50.
Pék tengetan
deui ieu di
handap! Kaasup kana conto
warta naon anu
ditepikeunana dina radio?
Wartos-wartos salajengna.
Dina raraga ngamumulé budaya Sunda, Walikota Bandung geus
ngaluarkeun aturan anyar
nu eusina nganjurkeun ka
sakumna pelajar jeung
mahasiswa sangkan maraké pakéan adat Sunda unggal poé Rebo.
Pikeun
pelajar putra disarankeun
maké pakéan sabangsa pangsi jeung
iket. Pelajar putri maké kabaya.
Ieu aturan téh minangka komitmen Walikota dina
ngalaksanakeun program ngaronjatkeun raga katineung para pelajar kana budayana
sorangan.
Ku cara kitu, dipiharep para pelajar ngabogaan sikep nu
hadé kana budayana
sorangan, anu ahir-ahir ieu ku geus kadéséh ku nerekabna
budaya deungeun.
Sajaba ti éta, Walikota Bandung dina Apél Bendéra poé
Senén tadi negeskeun sangkan aparan pamaréntah kota ogé
ajeg jeung leuwih
daria dina ngalaksanakeun program ngagunakeun basa Sunda
unggal poé Rebo, boh dina suasana resmi boh teu resmi.
***** WILUJENG DAMEL *****
Tidak ada komentar:
Posting Komentar