Ranginang
Rangginang (atawa raginang, ranginang, Basa Indonésia:rengginang,
rengginan) mangrupakeun kadaharan nu
kasohor di Indonésia. Teu
sirikna di unggal wewengkon, utamana di Pulo Jawa,
miboga kamonésan ranginang gumantung wewengkonna masing-masing.
Kagunaan rangginang
Rangginang
bisa didahar langsung, minangka susuguh keur sémah
boh di imah atawa dinu kariaan,
atawa bisa oge keur deungeun
sangu. Keur didahar langsung, cocog lamun rangginang
Rupa-rupa
rangginang
- Dumasar rasana, rangginang aya nu
asin jeung amis. Nu pangilaharna mah rangginang asin.
- Dumasar bentukna, wangun rangginang
tiasa rupi-rupi, gumantung citakannana, tiasa buleud atanapi kotak,
kadang-kadang henteu dicitak ku citakan, mung diréka-réka ku panangan waé.
- Dumasar ukurannana, henteu aya
babagian ranginang nu pasti dumasar kana ukurannana, tapi rangginang bisa
variatif ti ukuran pangleutikna nu diameterna kurang leuwih 3 senti,
nepikeun ka rangginang-rangginang gede nu leuwih ti sapuluh senti.
- Dumasar nu nyieunna, rangginang bisa
dibagi jadi rangginang jieunan sorangan (biasana ibu-ibu di imah sorangan
keur nyuguhan semah atawa kadaharan sapopoe, nyieunna make parabotan
saayana, citakannana kadang-kadang ukur dijieun tina awi), sarta rangginang jieunan pabrik(kiwari
pabrik rangginang loba di mana-mana kalayan make citakan nu leuwih hade)
Bahan ranginang
Ranginang
dijieun tina béas
ketan anu diseupan sareng dibungbuan. Bungbuna bisa rupa-rupa
gumantung kana rasa nu dipikaresep. Pikeun ranginang asin,
uyah, bawang
bodas jeung sajabana tangtu dibutuhkeun. Kadang-kadang
ditambahan tarasi.
Keur raginang amis,
tangtu kudu make gula.
Cara ngadamel
rangginang
Kanggo
ngadamel rangginang, beas ketan diseupan sareng dibungbuan. Saparantosna cekap
asakna (teu kenging asak teuing), ketan nu tos pagalo sareng bungbu teras dicitak,
didaraykeun dina nyiru,
ayakan
atanapi rupi-rupi anyaman
anu tiasa dianggo kanggo moe. Lajeng rangginang dipoé dugikeun ka garing.
Saparantosna garing, rangginang atah digoréng.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar