Diajar Nulis
Jurnalistik Sunda
TAYA pikiran anyar nu kairong tiasa ngaleyurkeun
pasualan média massa Sunda. Upama média massa nasional sareng média massa dunya
ibarat anu balap di sirkuit, média massa Sunda mah masih kénéh riweuh ngurus
dapur nyalira; kumaha ngabebenah SDM sangkan tulisanana mibanda rasa basa
Sunda, ngoméan manajemén sareng mikiran kahirupanana. Padahal upama nengetan
sawatara conto média massa Sunda baheula (dina Makalah KBS VIII, kénging
Abdulah Mustafa), média massa Sunda kiwari jauh leuwih nyunda. Kilang kitu,
numutkeun sawangan simkuring mah pasualan média massa Sunda mah sanés éta,
henteu sabasajan anu didadarkeun dina KBS VIII.
Saleresna, pasualan intern-ekstern
anu ngalantarankeun média massa Sunda ngalanglayung, tos tiasa kabadé. Kanggo
sakadar malikan deui pikiran heubeul, masalahna téh taya sanés kirangna
investasi (modal), manajemén, kirangna kasejahteraan karyawan (nu ngokolakeun
média massa Sunda), kirangna SDM (aya gantar kakaitan sareng masalah
kasejahteraan), sareng satumpuk perkara sanésna. Iwal ti éta—nambut istilah
kliseu—pangaruh transpormasi sosial-budaya sareng ngaheureutanana basa Sunda di
kalangan masarakat Sunda, nu ngalantarankeun oplah média massa Sunda jadi
noron.
Dina kondisi siga kitu, masih kénéh seueur nu ngarasa
reueus, margi média massa Sunda leuwih maju dibandingkeun jeung média massa
étnis sanés (Mangle, No. 1851). Duka kedah ngarasa éra atanapi sabalikna
jadi gedé haté ku ayana anu dikedalkeun ku Sakdani Darmopamudjo, pupuhu PWI
Cabang Surakarta manten. Numutkeun anjeunna, média massa basa Jawa di Jawa
Tengah tinggal panineungan, tos taya deui koran atanapi majalah nu medal
kalayan ngagunakeun basa Jawa. (di Jawa Timur, medal kénéh majalah basa Jawa; Penyebar
Semangat sareng Jayabaya, di Yogyakarta ogé masih medal Joko
Lodhang).
Béda sareng kaayaan di kalangan
masarakat Sunda. Di sagédéngeun basa Sunda masih dipaké, di kalangan kulawarga
Sunda ogé, majalah Sunda seueur kénéh dipajang di rohangan tamu minangka
lambang idéntitas jeung kareueus (Suara Merdeka, 14/02/2002).
Pikeun sakadar ngumbar panineungan,
urang Sunda kantos gaduh 36 média basa Sunda (Derap Pembangunan Pers di Jawa
Barat, BPPP, 1987). Dua di antarana koran basa Sunda anu medal unggal dinten: “Sinar
Pasoendan” (1933-1942) sareng “Sipatahoenan” (1924-1942 di
Tasikmalaya sareng 1969-1985 di Bandung). Demi Majalah Sunda anu pangkolotna
nyaéta Parahiangan (1919), anu dipedalkeun ku Balai Poestaka Jakarta,
asuhan M.A. Salmoen jeung R. Satjadibrata.
Kiwari mémang nasib média massa
Sunda langkung pikaketireun, lantaran tos dianggap taya deui pulukeunana pikeun
nu maca. Kudu diaku ku para praktisi média massa Sunda, yén salila ieu média
massa Sunda monoton, konvensional, henteu mibanda daya pangirut atanapi kelét
nu pikauruyeun. Ninggang ka masarakat urang nu tos kabéngbat ku warta sing
sarwa téréh, nu tiasa kapanggih dina tayangan layar kaca bari teu kedah mikiran
langganan, tangtos langkung parna.
Ajén kualitas tulisan jurnalistik dina média massa
Sunda, ti mangsa ka mangsa mingkin nyirorot, henteu karaos guligahna, henteu
katara kritisna, henteu siga Majalah Sunda kapungkur (anu diasuh ku Ajip
Rosidi), henteu nyosok jero, anu antukna karaos hambar. Sanajan aya tulisan anu
rada nyérémpét kana feature, tapi langkung seueur mintonkeun profil
tokoh anu dibarung ku sagala kasucianana; préstasi para pajabat atanapi
biografi instansi pamaréntah ti nu panghandapna dugi ka pangluhurna (Pantau No.
023, Maret 2002).
Padahal para jurnalis Sunda tos
“dibibita” ku Hadiah Sastra Jurnalitik Moh. Koerdi ti Paguyuban
Pasundan. Tangtos baé perkara ieu téh ku jalaran SDM anu kurang profésional,
patalina sareng henteu mampuhna pangusaha média massa Sunda pikeun mayar gajih
anu nyukupan. “Rék kumaha para jurnalis Sunda bisa nyieun tulisan nu nyosok
jero, upama di sagédéngeun éta anjeunna kudu boga ‘profesi ganda’ pikeun
nyumponan kabutuhan hirupna; jadi montir alat elektronik, makelar, tukang
kiridit, atawa usaha séjénna.” (Duduh Durahman, Makalah Konferensi
Internasional Budaya Sunda/KIBS 2003).
Pasualan sarupa kitu téh mindeng
pisan dikedalkeun ku para inohong sareng intelektual Sunda. Salian ti dina KIBS
atanapi KBS, média massa Sunda kantos dipadungdengkeun dina Pelatihan
Jurnalistik Sunda (1997), Kerja Latihan Wartawan (2000), Semiloka Pers Daerah
(2001), jsté. Hanjakal pisan, najan béjana aya ideu-ideu hadé, tapi tacan
kantos aya lajuning laku-na. Sabada diskusi bubar, gagasan sareng ideu-ideu ogé
ngiring bubar, anu antukna pikiran ngeunaan média massa Sunda ukur jadi
sabangsaning seremonial dina acara-acara resmi.
Numutkeun Dédy Djamaludin Malik,
pupuhu STIKOM Bandung, aya pasualan komunikasi nu ngalantarankeun mundurna
média massa Sunda. Kiwari média massa Sunda tacan tiasa ngarampa kabutuhan
masarakat, ukur samet nuturkeun kahayang redakturna (Kompas, 16/07/2001).
Sumuhun, naon atuh ari kabutuhan masarakat Sunda téh?
Nambut istilah Tempo, hiji média
massa citak kudu ngeunah dibacana sareng kudu perelu (enak dibaca dan perlu).
Pon kitu deui média massa Sunda. Upama masarakat gaduh anggapan basa
jurnalistik Sunda kiwari hésé dihartikeun, bulat-beulit atanapi ukur ngulinkeun
kekecapan, atuh puguh antusias atanapi sumanget macana ogé jadi leungit.
Komo deui upami dikiruhan ku “henteu perelu”.
Upama harga BBM naék; média massa
Sunda sok latah ngiring ngamuat warta anu tos séép dibéréndélkeun ku média
massa basa Indonésia. Padahal sigana di Tatar Sunda masih kénéh aya pakampungan
“anti” BBM sareng listrik, nu ngagunakeun suluh keur ngasakan, atanapi
ngagunakeun minyak keur nyaangan. Tah, naha warta éta teu can kungsi ditoél?
Jawabanana balik deui kana masalah heubeul: SDM sareng kasejahteraan.
Nilik pabeulitna perkara média massa
Sunda, jorojoy aya pananya dina jeroning haté; naha média massa Sunda masih
kénéh tiasa disalametkeun? Sesah ngabayangkeun kahirupanana 30 taun nu baris
datang. Upami para sepuh nu salami ieu satia majang koran/majalah Sunda di
rohangan tamu minangka kareueus, saterasna dina hiji mangsa miheulaan
ngantunkeun, saha saterasna nu ngalanggan média massa Sunda? Upama para
redaktur kahot tos pangsiun, saha nu bakal ngokolakeun média massa Sunda?
Kabéhdieunakeun beuki kapikir,
perkara regenerasi téh minangka bagéan anu pangpentingna dina ngalestarikeun
kahirupan média massa Sunda sangkan hirupna leuwih panjang. Kilang kitu,
ngalahirkeun re-generasi média massa Sunda, sanés pikiran anu anyar. Tapi
salami ieu, taya guam nu nyata pikeun nyiptakeun generasi anyar. Basa média
massa Sunda dipadungdengkeun dina KIBS atanapi KBS, méh taya generasi anyar nu
kataji—salian ti kalangan pers Sunda nyalira. Naha perkara ieu téh lantaran
sikep otoriter para kasepuhan nu nganggap generasi anyar sarwa héngkér dina
ngokolakeun média massa Sunda, kalebet dina ngagunakeun basa Sunda?
Di Jawa Barat, aya ratusan, malah
boa rébuan mahasiswa nu neuleuman jurnalisme. Sabaraha urang di antara
aranjeunna nu kahudang kereteg batinna pikeun ancrub kana média massa Sunda?
Pasti jumlahna sakedik. Sanajan aya sawatara mahasiswa nu ngayakeun job
training di perumahan pers Sunda, ampir taya nu kataji pikeun tuluy
neuleumanana. Aranjeunna ukur nganggap média massa Sunda minangka tempat
eksperimen.
Upama Pers Sunda tiasa ngarangkul
generasi ngora, ngahudang kareueusna kana média massa Sunda, aya sawatara
mangfaat anu tiasa kaala. Kahiji, aranjeunna langkung apal kahayang
generasi ngora sacara umum, antukna média massa Sunda apal kana médan nu bakal
disorangna isuk jaganing géto. Kadua, idealisme aranjeunna kaétang kiat,
anu antukna—keur saheulaanan—kasejahteraan tiasa jadi nomer dua. Katilu,
pangaweruh ngeunaan widang séjén nu aya patalina sareng média massa, contona
dunya cyber, desain grafis sareng sajabina, tiasa ngarojong kamajuan
média massa Sunda dina mangsa nu baris datang.
Tangtos baé sanés hartosna média
massa Sunda kedah diformat sakumaha kahayang generasi ngora. Tapi tarékah
pikeun ngahudang rasa kataji aranjeunna, misalna ku ngayakeun Lomba Nulis
Artikel média massa Sunda, Ngawanohkeun média massa Sunda ka paguron Luhur
sareng sakolaaan, tiasa ngadatangkeun suasana anyar. Koran Sunda Mingguan
“Galura” minangka média massa Basa Sunda nu kawilang aktif ngayakeun
torobosan-torobosan anyar pikeun ngarangkul generasi ngora.
Generasi ngora ogé hadéna mah dibéré
kalaluasaan pikeun ngagunakeun basa Sunda anu demokratis, henteu disengker ku
aturan itu-ieu, henteu dibeungbeuratan ku tumpukan undak-usuk. Keun baé
maranéhna ngagunakeun basa Sunda saayana, sabisana, sanajan henteu “nyunda”,
batan henteu pisan mah.
Mémang jalma-jalma nu arogan jeung
nganggap basa Sunda manranéhna pangbenerna, bakal nganggap ieu tarékah minangka
awal tina ruksakna basa Sunda. Tapi ngarah generasi ngora kataji ku basa Sunda,
diperelukeun hiji prosés, tangtosna kedah langkung ngartos jeung apal ka dunya
aranjeunna. Ku ayana kitu, “Héy…dulur-dulur generasi ngora, hayu urang
ngagunakankeun basa Sunda sabisana baé. Isuk jaganing géto, tangtu bakal apal
basa Sunda nu bener jeung hadé, sakumaha ngarti kana basa-basa séjén!
**
BRAS kana Peraturan Daerah (Perda) No 5 Taun 2003,
ngeunaan “Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daérah”, anu réalisasina
dilaksanakeun ku régréngan Disbudpar Jabar. Eusi Perna No 5 Taun 2005 téh di
antarana mancénkeun tugas pikeun ngarojong kamajuan média massa basa Sunda.
Tangtu baé kaasup majalah “BD”. Komo deui “BD” minangka média basa Sunda anu
eusina syi’ar Islam.
Kuring rada ngaranjug basa maca
lalampahan hiji tulisan beunangna Cécép Burdansyah, anu “miheulaan taqdir”
(nambut istilah Asép Syamsul M. Romli). Tulisan kritis ngeunaan larapna Perda,
anu dialung-boyongkeun, tug nepi ka kalah kapiheulaan dibaca ku nu boga
tanggung jawab pikeun ngaréalisasikeun Perda (Majalah Cupumanik, No.26). Écés,
ngarempak kodeu étik jurnalistik.
Disebut “miheulaan taqdir” jeung
ngarempak kodeu étik jurnalistik, da puguh éta tulisan téh tacan dimuat dina
média massa, malah can tangtu aya nu ngamuat. Kuring milu béla sungkawa ku
paéhna ajén inajén média massa Sunda, anu dicacampah siga kitu. Lebah dieu mah,
pihak Disbudpar ogé henteu bisa disasalah sagemblengna, da nurutkeun béja mah
tulisan Cécép téh dianteurkeun ku oknum wartawan nu ngadeuheus—nginjeum istilah
Kang Ajip—nyanggakeun méntal hayang kapaké.
Sabada tulisan Cécép dibaca ku “nu
boga tanggung jawab pikeun ngaréalisasikeun Perda”, Kepala Disbudpar Jabar, H.
Idjudin Budhiana, M.Si (satuluyna rék ditulis Idjudin) nyieun tulisan anu
dimuat dina Majalah Manglé, kalayan dijudulan “Larapna Perda Basa, Sastra jeung
Aksara Sunda” (Manglé No. 2030)
Dina tulisanana, Idjudin nétélakeun
yén taun 2005, Disbudpar Jabar dipercaya nguruskeun anggaran anu gedéna Rp 512.
710. 000,- (Limaratus duabelas juta tujuh ratus sapuluh réwu rupiah). Ari
nurutkeun tulisan Cécép mah, gedéna anggaran téh Rp 2.000.000.000,- (dua miliar
rupiah), pikeun waragad taun 2004/2005.
Anu matak rada kerung, ongkoh
Idjudin nétélakeun anggaran duit taun 2005, tapi anu didadarkeun téh kagiatan
taun 2003, saperti anu kaunggel dina tulisan Idjudin alinéa katilu. Sakanyaho
kuring, Idjudin kakara dijenengkeun jadi Kepala Disbudpar dina taun 2004, mun
teu salah mah bulan puasa.
Masih kénéh dina alinéa katilu, Idjudin nataan
kagiatan taun 2004, di antarana: Penyuluhan Bahasa Cirebon sawilayah Cirebon
(Kab/Kota Cirebon, Kab. Indramayu, Kab. Majalengka, jeung Kab. Kuningan), jeung
biantara seserahan Upacara Adat Pangantén Sunda, jeung ngalélér pangajén karya
tulis widang basa jeung sastra Sunda. Hartina, tilu kagiatan éta méakkeun
waragad Rp 1.487.290.000,- (samiliar opat ratus dalapan puluh tujuh juta
duaratus salapan puluh réwu rupiah). Mangga baé étang deui, bilih lepat mah.
Tulisan Idjudin mémang teu leuwih ti ngadadarkeun
kagiatan Disbudpar sakaligus muji bébéakan kana sakur kagiatanana. Cindekna
mah, Idjudin téh hayang nétélakeun yén Disbudbar geus suksés ngalestarikeun tur
ngamekarkeun basa, sastra, jeung aksara Sunda; henteu nampi nampi ical-galeuh
kritikan!*
Bumi Siliwangi, 1426 Hijriyah