Ambekan : sadami
Awi : sabebek
Awi : saleunjeur (satangkal)
Awi : sadapur (sagunduk nu diwangun ku sababaraha tangkal)
Bako : selempeng
Bangsal : sacangi (sasiki)
Bawang : sasihung (sasiki)
Beas : sacanggeum
Bilik : sailab (sagebing)
Boeh : sarirang (tilu iket)
Cai : sakeclak
Cangkir : satangkep (cangkir katut pisinna)
Cau : sasikat
Cau : saturuy (sababaraha sikat)
Daun : saponggol (sagagang daun)
Daun : sakompet (sababaraha ponggol meunang nyitan, tuluy dilipet)
Eurih : sajalon (meunang ngadempet ku awi pikeun hateup)
Gula kawung : sabebek (sabeulah, nurutkeun citakan batok sabeulah)
Gula kawung : sagandu (dua bebek, dua beulah)
Hayam : sajodo (bikang jeung jagona)
Injuk : sakakab (sagebleg, meunang ngolokopkeun tina tangkal kawung; injuk sok dipake
tambang atawa sok dipake nutupan suhunan imah).
Jahe : sarempang
Jambe : samanggar
Japati : sajodo
Kalapa : sahulu
Kalapa : samanggar
Kaso : sadapur; saluwuk
Kertas : salambar
Koneng : sasolor
Manjah : sadapur; saluwuk
Munding : sarakit (dua munding)
muncang : sadampa (dampa sesebutan kana muncang anu sikina dua, ari nu sikina tilu disebut
gindi, jeung nu sikina hiji disebut gendul).
Nangka : sacamplung (sasiki)
Pakean : sapangadeg
Papan : salambar
Pare : saranggeuy (sagagang)
Peuteuy : sapapan
Peuteuy : sahanggor (saranggeuy, sababaraha papan)
Peuteuy : saempong (sababaraha hanggor)
Salak : samanggar
Samak : saheulay
Samping : sakodi
Sangu : sapiring
Sawah : sakotak
Suluh : sabebek
Tambang/tali : sabatekan
Uyah : sahuntu (saguruntul, kira-kira sageude huntu)
Uyah : sabata; sagandu.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar