Jumat, 18 April 2014

Kecap Rajékan

Kecap Rajékan
Kecap Rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna. Aya nu robah sorana aya ogé nu henteu.

Wangun Kecap Rajékan

I. Kecap Rajékan sagemblengna
Nya éta anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna kalawan gembleng, boh robah sorana boh henteu. Kecap rajékan aya dua rupa ; Dwilingga jeung Trilingga

1. Dwilingga

Rajékan Dwilingga nya éta kecap anu dirajék wangun dasarna. Anu di dirajék wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni), jeung dirajék wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwiréka).:
  • Dwilingga murni (dwimurni) nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna kalawan teu robah sorana. Contona: kuda-kuda, imah-imah, sukan-sukan, jsté.
  • Dwilingga réka (dwiréka) nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali sagemblengna wangun dasarna bari robah sorana. Contona: bulak-balik, gulang-guling, budag-badug, jul-jol, curat-corét, jsté.

2. Trilingga
Trilingga nya éta kecap rajékan sagemblengna au diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana. Wangun dasarna biasana mangrupa kecap anteuran jeung tiruan sora anu ngan saengang. Contona: brat-brét-brot, blag-blig-blug, tat-tit-tut, hah-héh-hoh, jsté.

II. Kecap Rajékan Sabagian

Nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna, boh robah sorana boh henteu. Aya sababaraha rupa kecap rajékan téh, kayaning:
1. Dwipurwa
Rajékan Dwipurwa asalna tina dua kecap nya éta “dwi” nu hartina “dua” jeung “purwa” nu hartina “mimiti atawa awal”. Rajékan Dwipurwa kaasup kana rajékan nu dirajék engangna atawa suku katana.
Contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran
2. Dwimadya
Rajékan Dwimadya asalna tina dua kecap nya éta “dwi” nu hartina “dua” jeung “madya” nu hartina “tengah”. jadi rajékan Dwimadya nya éta kecap anu dirajék engang tengahna.
Contona: Sapeuting jadi sapeupeuting, sapoé jadi sapopoe.

III. Kecap Rajékan Binarung Rarangkén

1. Dwimurni (Dm) binarung ngararangkénan:
  • di-Dm : diawut-awut, diacak-acak, diarep-arep, dihiap-hiap
  • ka-Dm : katilep-tilep, katindih-tindih
  • pa-Dm : pahareup-hareup, patukang-tukang, pagigir-gigir
  • sa-Dm : sabisa-bisa, saalus-alus, sageulis-geulis
  • di-Dm-keun : diaya-ayakeun, diawur-awurkeun, dialung-alungkeun
  • N-Dm-keun : nawar-nawarkeun, moé-moékeun, nulis-nuliskeun
  • sa-Dm-na : saalus-alusna, sagoréng-goréngna

2. Dwiréka (dr)
binarung ngararangkénan:
  • di-Dr : dimurah-maréh, dibuntang-banting
  • ka-Dr : katulap-tilep, kabuntang-banting, kaburak-barik

3. Dwipurwa (Dp)
binarung ngararangkénan:
  • Dp-an : babawaan, babarayaan, duduluran, babacaan
  • di-Dp : dibobodo, dibibita, dibuburak
  • N-Dp : ngalilieur, ninitah, ngabobodo
  • di-Dp-keun : ditatanyakeun, disasasaruakeun

4. Dwimadya (Dy)
binarung ngararangkénan:
  • sa-Dy : sapeupeuting, sadidinten, sapopoé, sajajalan,
  • ti-Dy-ar : tidadalagor, tikakarait
  • sa-Dy-keun : sakop-kopeun, sajung-jungeun
  • ka-Dy-an : kanyenyerian, kagegeringan, kangeungeunahan, kamemelangan
  • ka-Dy-i : kaleuleuwihi,

Pedaran : Kang Iing Firmansyah di Grup NYARIOS SUNDA ( https://www.facebook.com/groups/basasunda/ )

Dicutat tina : PEDARAN BASA

Ngajaga Kalastarian Alam

Ngajaga Kalastarian Alam
 
Karuhun Sunda geus ngabogaan kaarifan dina nata / merenahkeun lingkungan (ekologi). Salah sahiji conto nyaéta urang Rawayan (Baduy) anu mangrupakeun salah sahiji sésa-sésa karuhun Sunda jaman baheula anu dipikawanoh, kuat nyekel prinsip adat. Maranéhanana ngabogaan kaarifan ekologis anu kaeunteung ti cecekelan hirup maranéhanana, nyaéta kawas babasan katut :

  • Ngaraksa Sasaka Pusaka Buana ngandung harti, ngajaga warisan suci di luhur bumi. Sedengkeun anu dimaksud kalawan “warisan suci di luhur bumi” nyaéta kalastarian alam anu kajaga kénéh. Taneuh anu masih tetep subur, cinyusu anu tacan kakotoran (tercemar), hawa anu beresih, cageur, merenah tacan kakeunaan polusi, sarta bumi anu kajaga kénéh kasaimbangan ekologisna. Sasaka “Pusaka Buana” nyaéta buana bumi anu masih tetep meujeuhna, cageur, merenah pikeun dicicingan ku manusa sarta makhluk séjénna, anu jaga baris diwariskan ka anak incu urang.
  • Lojor teu beunang dipotong, pondok teu beunang disambung, hartina: Panjang teu kaci dipotong, pondok teu kaci disambung. Ieu téh ésénsi hirup ti konsép konservasi anu nyatakeun ngajaga sarta ngalastarikeun lumangsungna prosés parobahan alamiah sacara wajar.
  • Ngasuh ratu ngajayak ménak, ngabaratakeun nusa teulu puluh teulu, bagawan sawidak lima, panca salawé nagara. Maksudna, minangka warga nagara anu tanggung jawab, sahenteuna sacara moril kudu loyal ka pamaréntah sarta lulugu nagara, kalawan sagala rupa usaha sarta cara. Kitu ogé para pamingpin bangsa sarta masarakat. Dina usaha ngajaga kawajibanana sarta nyingcetkeun diri ti lampah nista tur hina, perlu milu ngarojong kalawan kataladanan. Sacara spiritual, kalawan ngadu’a sarta tapa / tafakur, ambéh nagara sarta bangsa salamet, raharja, aman tengtrem langgeng. Leupas ti sagala rupa musibah sarta malapetaka. Dina basa Jawa, dangong éta dirangkum dina kredo: “Memayu rahayuning bangsa, memayu rahayuning buwana” (narékahan karaharjaan bangsa, narékahan katengtreman dunya).
  • Mipit kudu amit, ngala kudu ménta (metik kudu punten, nyokot kudu ménta). Lamun prinsip ieu dipadukan kalawan prinsip “lojor teu beunang dipotong, pondok teu beunang disambung”, mangka prinsip urang Rawayan pikeun ngajaga kalastarian alam mangrupa prinsip anu pepek, gembleng, sarta sarasi.
Kalawan matuhan kana prinsip éta urang Rawayan narima alam nurutkeun kaayaan kodrati. Maranéhanana pamali pikeun ngarobah taneuh atawa “permukaan bumi”. Ku alatan éta, dina nangtukeun lokasi imah, kampung, désa, atawa lahan panyicinganana, maranéhanana ngabogaan salah sahiji alternatif ti sawatara macem lahan anu boga sipat alus sarta meujeuhna keur dicicingan.
Klasifikasi Lahan
Masarakat Sunda dina mangsa satuluyna pohara nengetan kualitas taneuh dina pamilihan lahan pikeun lokasi wangunan imah, tempat nyicing atawa pilemburan anyar. Pamilihan lahan sok nimbang-nimbang kumaha tempatna, kamiringanana, urut naon dina mangsa tuluyna, kelir sarta seungitna taneuh, sarta wangun alamiah lahan kasebut. Kabéh éta baris mikeun pangaruh ka nu nempatanana.
Guaran ngeunaan kualitas atawa klasifikasi lahan kasebut diguar dina naskah kuna Sanghyang Siksakandang Karesian, pang saeutik aya salapan belas jenis taneuh anu miboga pangaruh goréng sarta bisa ngadatangkeun bahaya atawa musibah ka nu nempatanana.
Lahan anu dianggap “runtah bumi” atawa mala ning lemah nyaéta : Taneuh sodong, sarongge, cadas gantung, mungkal pategang, lebak, rancak, kebakan badak, catang nunggang, catang nonggeng, garunggungan, garenggengan, lemah sahar, dangdang wariyan, hunyur, lemah laki, pitunahan celeng, kolomberan, jariyan, sarta sema. (Sutrisno Murtiyoso, Klasifikasi Lahan dina Masarakat Sunda Kuna, majalah Sasakala LSAI, 1989). Keur lahan anu boga sipat alus, ngadatangkeun karaharjaan ka nu nempatanana, bisa dipilih ti 6 jenis lahan, diantarana : galudra ngupuk, pancuran emas, satria lalaku, kancah nangkub, gajah palisungan, sarta bulan purnama. Pikeun écésna ngeunaan lahan kasebut katut pedaranana :
  1. Sodong : Ceruk dina gawir, biasana kabentuk dina aliran walungan anu méngkol, ku kituna sisi luarna kagerus / urug sarta jadi leuwi, tempat panyumputan lauk (Coolsma). Bisa diartikeun minangka ceruk atawa goa déét anu umumna dina gawir.
  2. Sarongge : Tempat sanget / geueuman anu dicicingan roh jahat, tempat-tempat dipercaya jadi “pangkalan” setan, jurig, sarta ririwa.
  3. Cadas Gantung : Padas ngagantung, ku kituna di handapna kabentuk sorondoyan (shelter) alami.
  4. Mungkal Pategang : bungkah anu ngagabung jadi tilu, meureun sawidang lahan anu dikurilingan ku bungkahan karang atawa gundukan batuan di sabudeureunana.
  5. Lebak : lurah tau ngarai, nyaéta permukaan lanté jurang, terlindung ti tetempoan sarta sinar panonpoé.
  6. Rancak : batu badag anu miboga sela atawa lahan-lahan anu dikurung ku batu-batu badag ku kituna hésé disampeurkeun.
  7. Kebakan Badak : kubangan atawa balong anu dipaké pikeun mandi ku badak.
  8. Catang Nunggang : catang kai runtuh / kalakay ku alatan geus kolot palebah handap. Mangrupa lahan anu ditengahna dipisahkeun ku hiji kamalir/ngarai, tapi disambungkeun ku hiji jambatan alami mangrupa cadas atawa karang.
  9. Catang Nonggeng : batang kai runtuh / kalakay ku alatan geus kolot palebah luhur. Nyaéta, sawidang lahan anu lokasina perenahna dina lamping anu nangtawing.
  10. Garunggungan : taneuh ngabukit leutik / pasir.
  11. Garenggengan : taneuh garing luhurna, tapi di handapna aya leutakan.
  12. Lemag Sahar : taneuh panas, sangar, tempat urut lumangsungna jalma dirogahala, atawa tempat galungan / gelut nepi ka maot.
  13. Dangdang Wariyan : dangdang caian, kobakan. Nyaéta, lahan anu legok di tengah sarta henteu nyerep cai ku kituna nguyumbang.
  14. Hunyur : sayang sireum atawa sayang rinyuh, anu mangrupa pasir leutik atawa gundukan taneuh, leuwih leutik ti gunung (incuna gunung, pasir, hunyur).
  15. Lemah Laki:  taneuh angar, atawa taneuh ngawangun tembok nangtawing.
  16. Pitunahan Celeng : tempat ngulamprengna babi / bagong.
  17. Kolomberan : kuyumbang cai anu mandeg.
  18. Jarian : tempat pamiceunan runtah.
  19. Sema : kuburan.
Sabalikna, lahan anu boga sipat alus sarta luyu pikeun lokasi imah keur  anu nyicingan, bisa dipilih di antara genep jenis lahan, anu rincianana nyaéta:
  1. Galudra ngupuk : lahan anu ngadatangkeun kakayaan duniawi.
  2. Pancuran emas : lahan anu doyong ka kidul sarta kulon. Ngadegkeun wangunan dina lokasi ieu nu boga imah baris beunghar sarta loba pamajikanana.
  3. Satria lalaku : lahan anu doyong ka kidul sarta wétan. Anu nyicingan tempat ieu hirup prihatin tapi henteu kakurangan harta banda, sarta pinuh cahara.
  4. Kancah nangkub : lokasi di penclut pasir atawa gundukan taneuh sarta dikuriling ku gunung. nu nyicingan tempat ieu cageur tur sugih.
  5. Gajah palisungan : lahan rata di luhur gundukan taneuh doyong ka arah wétan sarta kulon. Nu boga lokasi dina lahan kawas ieu bakal ngadatangkeun kakayaan duniawiah anu ngalayah..
  6. Bulan purnama : désa atawa pilemburan anu nyokot lokasi dina lahan anu dialiri walungan deukeut cinyusu (di arah kalér). Sedengkeun arah wangunan sarta arah imah lokasina ngajajar di arah kulon sarta wétan.
Sedengkeun tipe lahan anu goréng lokasina sarta henteu meujeuhna pikeun tempat ngadegkeun imah atawa kampung nyaéta:
  1. Gelagah katunan : dataran pendék / landeuh anu dikurilingan ku lahan anu leuwih luhur.
  2. Cagak gunting : nyaéta lahan “segi tilu” anu diaping ku dua jalur jalan atawa dua alur walungan.
  3. Jalan ngolecer : leuwih dipikawanoh kalawan “tusuk saté”, nyaéta lahan atawa wangunan persis ditotok atawa jadi tumpuan jalur jalan raya.
Sawatara jenis klasifikasi taneuh/lahan, anu boh boh anu goréng, kabéh ditangtukeun ku para karuhun Sunda jaman baheula sacara empiris, dumasar pangalaman hirup sacara nyata. Tapi lamun titénan sacara ilmiah, klasifikasi jenis lahan anu alus sarta anu goréng nurutkeun kapercayaan masarakat Sunda kuna ieu, henteu loba béda kalawan teori “Site Planning” modern.
Minangka aturan anu lumaku di masarakat, mangka katangtuan ngeunaan mala ning lemah tadi teu kaci dilanggar, komo kanyaho éta bisa dimangpaatkeun pikeun karaharjaan masarakat. Hal ieu diungkabkeun dina talatah anu tercantun dina Naskah Sanghyang Siksakandang Karesian :
“Eta kehna kanyahokeun, dituhuna diyogyana, aya ma nu majar mo nyaho, eta nu mo satya di guna di maneh, mo teuing dicarek dewata arang. Tan awuring inanti dening kawah, lamun guna mo dipiguna, lamun twah mo dipitwah, ku kituna ning guna kreta, kena éta tangtu hyang tangtu dewata.”
“Éta kabéh patut dipikanyaho, benerna sarta perluna. Lamun aya anu ngomong henteu perlu weruh, éta pisan anu moal satia ka keahlian dirina, teu malire ajaran karuhun urang, pasti ditunggu ku naraka; lamun keahlian tidah dimangpaatkeun, lamun kawajiban henteu dipinuhan pikeun ngahontal kebajikan sarta karaharjaan, alatan kabéh éta katangtuan ti Hyang sarta Dewata”

Kecap Sesebutan Bilangan Nu Dilarapkeun Kana Barang

Kecap sesebutan bilangan nu dilarapkeun kana barang nu tangtu :

Ambekan            : sadami

Awi                        : sabebek

Awi                        : saleunjeur (satangkal)

Awi                        : sadapur (sagunduk nu diwangun ku sababaraha tangkal)

Bako                      : selempeng

Bangsal                 : sacangi (sasiki)

Bawang                 : sasihung (sasiki)

Beas                      : sacanggeum

Bilik                        : sailab (sagebing)

Boeh                     : sarirang (tilu iket)

Cai                          : sakeclak

Cangkir                 : satangkep (cangkir katut pisinna)

Cau                        : sasikat

Cau                        : saturuy (sababaraha sikat)

Daun                     : saponggol (sagagang daun)

Daun                     : sakompet (sababaraha ponggol meunang nyitan, tuluy dilipet)

Eurih                      : sajalon (meunang ngadempet ku awi pikeun hateup)

Gula kawung      : sabebek (sabeulah, nurutkeun citakan batok sabeulah)

Gula kawung      : sagandu (dua bebek, dua beulah)

Hayam                  : sajodo (bikang jeung jagona)

Injuk                      : sakakab (sagebleg, meunang ngolokopkeun tina tangkal kawung; injuk sok dipake

                                   tambang atawa sok dipake nutupan suhunan imah).

Jahe                       : sarempang

Jambe                   : samanggar

Japati                    : sajodo

Kalapa                   : sahulu

Kalapa                   : samanggar

Kaso                      : sadapur; saluwuk

Kertas                   : salambar

Koneng                 : sasolor

Manjah                 : sadapur; saluwuk

Munding              : sarakit (dua munding)

muncang             : sadampa (dampa sesebutan kana muncang anu sikina dua, ari nu sikina tilu disebut

                                  gindi, jeung nu sikina hiji disebut gendul).

Nangka                 : sacamplung (sasiki)

Pakean                 : sapangadeg

Papan                   : salambar

Pare                       : saranggeuy (sagagang)

Peuteuy               : sapapan

Peuteuy               : sahanggor (saranggeuy, sababaraha papan)

Peuteuy               : saempong (sababaraha hanggor)

Salak                      : samanggar

Samak                   : saheulay

Samping               : sakodi

Sangu                    : sapiring

Sawah                   : sakotak

Suluh                    : sabebek

Tambang/tali     : sabatekan

Uyah                     : sahuntu (saguruntul, kira-kira sageude huntu)

Uyah                     : sabata; sagandu.

KECAP SESEBUTAN KAAYAAN

 KECAP SESEBUTAN KAAYAAN (SIPAT)

A. Nuduhkeun Warna :

Beureum --> euceuy

Bodas --> nyacas

Bodas --> ngeplak

Héjo --> ngagedod

Hideung --> cakeutreuk

Hideung --> meles (dilarapkeun kana buuk jalma atawa bulu sasatoan)

Hideung --> lestreng

Konéng --> enay

Konéng --> umyang


 B. Nuduhkeun Rasa :

Hérang --> ngagenclang

Hérang --> ngagenyas

Poék --> mongkléng

Poék --> meredong

Caang --> mabra

Caang --> ngebrak

Kandel --> kedeplik

Ipis --> nyempring

Pendék --> pédéklék

Pendék --> pédéklék

Panjang --> ngagebay

Gedé --> ngajegir

Leutik --> camperenik

Amis --> kareueut

Haseum --> NGAGEDIL

Lada --> newewet

Pait --> molelel

Pangset --> moletek

Panas --> nereptep

Tiis --> camewek

Seungit --> melenghir

Seungit --> meleber

Seungit --> ngdalingding

Bau --> meledos

Bau --> meledek

Hangseur --> meleding



 C. Nuduhkeun sipat kaayaan :

Herang ngagenclang

Herang ngagenyas

Poek mongkleng

Poek meredong

Caang mabra

Caang ngebrak

Kandel kedeplik

Ipis nyempring

Pendek pecekrek

Pendek pedeklek

Panjang ngagebay

Gede ngajegir

Leutik camperenik
Hérang --> ngagenclang

Hérang --> ngagenyas

Poék --> mongkléng

Poék --> meredong

Caang --> mabra

Caang --> ngebrak

Kandel --> kedeplik

Ipis --> nyempring

Pendék --> pédéklék

Pendék --> pédéklék

Panjang --> ngagebay

Gedé --> ngajegir

Leutik --> camperenik

Ngaran anak sasatoan :

Ngaran anak sasatoan :

 Anak anjing                        : kirik / kicik

Anak bagong                      : begu

Anak bandeng                   : nanar

Anak banteng                    : bangkanang

Anak bangbung                 : kuuk

Anak bangkong                : buruy

Anak belut                          : kuntit

Anak bogo                          : cingok

Anak boncel                       : bayong

Anak buhaya                      : bocokok

Anak deleg/ gabus          :  boncel/kocolan/kokocolan

Anak entog                         : titit

Anak embe                         : ceme

Anak gajah                          : menel

Anak hayam                       : ciak / pitik                       

Anak japati                         : piyik

Anak kancra                       : badal

Anak keuyeup                   : bonceret

Anak kuda                           : belo

Anak kukupu                     : hileud

Anak kutu                           : kuar

Anak lancah                        : aom

Anak lauk                            : kebul / burayak

Anak lele                             : nanahaon

Anak lubang                       : leungli

Anak maung                       : juag / aum

Anak meri                           : titit

Anak monyet                     : begog

Anak munding                   : eneng

Anak reungit                      : utek-utek

Anak sapi                             : pedet

Anak ucing                          : bilatung

Kamis, 17 April 2014

PRAGMATIK DINA PANGAJARAN BASA SUNDA

Abstrak

Ieu tulisan mangrupa dèskripsi  pangajaran pragmatik dina basa Sunda anu ngalibetkeun aspek penting komunikasi basa hubunganana jeung pangajaran basa Sunda di sakola. Tujuanana pikeun kamekaran pangajaran basa Sunda sangkan bisa dipakè dina hirup kumbuh panyaturna, anu dina ieu hal pamilon didik. Dina ieu tulisan dipedar ogè ngeunaan laku basa dina pamakèan basa Sunda  anu mangaruhan prosès komunikasi basa.

Kecap konci: pangajaran, basa Sunda, pragmatik

Bubuka
Pangajaran di sakola kiwari nungtut kaparigelan siswa jeung guruna. Pangajaran basa Sunda dipiharep bisa ngabantu siswa mikawanoh dirina sorangan, ngungkabkeun gagasan jeung perasaan, ilubiung jeung masarakat sarta ngagunakeun kamampuh analitis jeung imajinatif nu aya di dirina. Pangajaran basa Sunda diarahkeun pikeun ningkatkeun kamampuh pamilon didik dina ngalakukeun hubungan komunikasi ngagunakeun basa Sunda nu bener tur merenah boh lisan boh tulisan. Lian ti èta, pangajaran basa Sunda dipiharep numuwuhkeun kapekaan dina ngalakukeun hubungan sosial, sarta ngahargaan bèbèdaan jeung kasang tukang budaya Sunda. Pamilon  didik dipiharep lain mampu maham kana informasi anu lugas jeung tersurat wungkul, tapi informasi anu kias jeung tersirat.
The Northwest Regional Education Laboratory USA ngaidèntifikasi ayana genep konci dasar pangajaran idèal saperti ieu di handap.
1)      Pangajaran mibanda ma’na: pamahaman, relevansi, jeung ’penilaian’ pribadi miboga anu hubunganana raket patalina jeung kapentingan siswa dina neuleuman eusi matèri pangajaran. Pangajaran hubunganana deukeut jeung kahirupan nyata nepi ka siswa boga kasadaran diajar pikeun kahirupan di mangsa nu bakal datang;
2)      Nerapkeun pangaweruh: kamampuh siswa nerapkeun pangaweruh anu geus dicangking dina kahirupan mangsa ayeuna atawa mangsa nu bakal datang.
3)      Pola pikir nu luhur: siswa bisa muka pikirana kalawan kritis jeung kreatif dina ngumpulkeun data, pamahaman kana isu jeung pikeun mèrè bongbolongan kana hiji masalah nua aya.
4)      Kurikulum nu dimekarkeun kudu dumasar standar. Eusi pangajaran kudu dipakaitkeun jeung standar lokal, provinsi, nasional, kamekaran èlmu pangaweruh jeung teknologi, sarta dunya gawè.
5)       Rèsponsif kana budaya: guru kudu maham jeung ngahargaan kana ajèn, kapercayaan, jeung kabiasaan siswa, babaturan, pendidik, jeung masarakat tempatna ngadidik.
6)      Pangajèn autèntik: ngagunakeun rupa-rupa stratègi mèrè nilai (misalna pancèn terstruktur, kagiatan siswa, oservasi, jstè) anu ngarèfleksikeun hasil diajar sabenerna.
Pangajaran basa dijalankeun ngaliwatan pamarekan komunikatif, pamarekan tèmatis, jeung pamarekan terpadu. Pamarekan komunikatif mèrè isarat sangkan pangajaran basa di sakola diorientasikeun kana kamampuh makè basa salaku alat komunikasi (lain ngan saukur tiori pangaweruh basa wungkul). Pamarekan tèmatis mèrè saran sangkan pangajaran siswa dibeungkeut ngagunakeun tèma-tèma nu deukeut jeung kahirupan siswa, digunakeun pikeun sarana ngalatih maca, ngaregepkeun, nulis, jeung nyarita. Pamarekan terpadu mèrè saran sangkan pangajaran basa tèh dumasar kana wawasan whole language, nya èta wawasan diajar basa nu intina mèrè saran sangkan kagiatan pangajaran basa dilakukeun terpadu antara maca, ngaregepkeun, nulis, jeung nyarita. Ieu konsèp lamun dilaksanakeun dina jangka waktu nu panjang bakal ngahontal kamampuh kemahawicaraan.
Prinsip anu kudu dijadikeun dasar ku guru dina pangajaran basa Sunda nya èta basa Sunda jadi hiji kaparigelan, diantarana pengintegrasian antara wangun jeung harti, leuwih ngutamakeun kana kamampuh makè basa sacara praktis, sarta interaksi anu produktif antara guru jeung siswa. Prinsip kahiji pangaweruh jeung kaparigelan basa nu dicangking tèh mangpaat pikeun komunikasi sapopoè (meaningful). Prinsip kadua nya èta siswa dipiharep bisa nyangking ide anu dikedalkeun ngaliwatan basa, boh lsan boh tulisan, sarta mampuh ngedalkeun gagasan ngagunakeun basa, boh lisan boh tinulis.
Alusna mah pangajaran basa cicing deui dina tempat asalna, aya dina kalungguhan nu sabenerna, nya èta ngalatih siswa maca salobana, nulis salobana, diskusi salobana, jstè. Misalna, maca warta, maca carpon, maca iklan, ngaregepkeun wawaran, jstè, nepi ka basa jadi pangajaran nu bisa mincut sarta ngandung mangpaat nu gedè keur siswa.
Kiwari, rèspon siswa kana pangajaran basa Sunda kurang alus, katingali tina kurang dariana ngerjakeun pancen-pancen sarta kurang makèna siswa kana pangajaran basa Sunda nu geus diajarkeun dina kahirupan sapopoè. Ieu hal miboga sababaraha alesan, kahiji siswa teu kapincut ku cara ngajarkeun guruna kusabab bisa jadi guru kurang ngawasa matèri pangajaran atawa kurang inovatif dina ngagunakeun mètode pangajaran, kadua basa Sunda geus dianggap hèsè saacan nyoba diragakeun ku siswa sabab dina basa sapopoèna siswa teu makè basa Sunda (jadi tugas guru pikeun numuwuhkeun motivasi siswa pikeun ngagunakeun basa Sunda), katilu pangaweruh nu diajarkeun kurang deukeut jeung kahirupan siswa.
Dumasar katerangan di luhur, pragmatik miboga peran dina pangajaran basa dimana pangajaran pragmatik mèrè lolongkrang dina prosès diajar ngajar basa Sunda sangkan siswa parigel tur mahèr ngagunakeun basa lisan jeung tulisan pikeun kapentingan komunikasi praktis dina rupa-rupa kontèks jeung situasi katut rupa-rupa kaperluan panyatur dina hirup kumbuhna.  

Fungsi  jeung Tujuan Pragmatik dina Pangajaran Basa Sunda
Pragmatik maluruh hubungan laku basa jeung konteks tempat kajadianana, waktuna, jeung kaayaan panyatur nu marakèna. Pragmatik ogè tangtuna maluruh hubungan ma’na jeung rupa-rupa situasi omongan.
Bisa ogè disebutkeun sarat-sarat nu ngabalukarkeun luyu henteuna makè basa dina komunikasi boh lisan boh tulisan jadi pedaran utama pragmatik. Ku kituna pragmatik mangaruhan pisan kana pangajaran basa Sunda nya èta fungsi komunikasi, nepikeun amanat/talatah ka nu lian (pikiran, rasa, jeung kahayang) boh ku nyarita, nulis, ngaregepkeun, atawa maca. Jadi, ana kitu, nu kudu diajarkeun tèh ceuk pragmatik mah lain tiori/ pangaweruh ngeunaan basana (tata basa), tapi kamahèran ngagunakeun basa keur kaperluan komunikasi tèa. Pragmatik ngutamakeun latihan prakprakanana makè basa dina nyarita, nulis, maca, jeung ngaregepkeun; lain ngajarkeun tata basa nu sipatna formal tur abstrak
Pangajaran pragmatik miboga peran pikeun pangajaran basa Sunda anu ditètèlakeun dumasar tujuan ieu di handap.
1)      Pamilon didik nyangking pangalaman basa Sunda;
2)      Pamilon didik ngajènan sarta reueus kana basa Sunda salaku basa daèrah di Jawa Barat, nu mangrupa basa indung pikeun masarakat panyaturna;
3)       Pamilon didik ngarti kana basa Sunda tina jihat wangun, harti, jeung fungsi, sarta mampuh ngagunakeun basa Sunda kalawan luyu jeung krèatif dina mangrupa-rupa kontèks (tujuan, kaperluan, jeung kaayaan).
4)      Pamilon didik mampu ngagunakeun basa Sunda pikeun ningkatkeun kamampuh intelektual, ”kematangan” èmosional, jeung ”kematangan” sosial.
5)      Pamilon didik miboga kamampuh jeung kadisiplinanan dina makè basa Sunda (nyarita, maca, nulis, jeung mikir)

Pragmatik jeung Peran Laku Basa dina Pangajaran Basa Sunda
Pragmatik maluruh bagbagan makèna basa keur kaperluan nu tangtu dina hiji situasi, patalina basa jeung kontèks makèna, atawa carana milih kalimah anu luyu tur keuna jeung pangabutuh panyatur. Pragmatik ngulik kondisi umum komunikasi basa anu ngawujud dina runtuyan kalimah. Ari runtuyan kalimah anu luyu jeung kontèks makèna disebut wacana. Dina makèna basa, kontèks wacana ngarojong cara ngama’naan omongan anu raket patalina jeung polah basa atawa laku basa.
Laku basa atawa polah basa (language event, speech act) mangrupa paripolah omongan anu dipakè ku panyatur waktu komunikasi basa. Ku lantaran pangajaran basa Sunda mibanda fungsi komunikasi, ku kituna aya sababaraha komponèn omongan anu mangaruhan laku basa dina prosès komunikasi antara panyatur jeung pamiarsa dina hirup kumbuhna, nya èta,
1)      Undak-usuk basa, nya èta sopan santun makèna basa waktu ngalakukeun komunikasi. Palebah dieu undak usuk basa atawa tata krama basa tèh jadi hiji sistem ngagunakeun ragam basa anu raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, jeung kontak antara panyatur jeung pamiarsa katut jalma nu dicaritakeun.
      Hal ieu mangrupa salah sahiji tina sawatara pangajaran basa Sunda nu penting dipikaweruh siswa sangkan siswa bisa ngagunakeun basa Sunda, dina ieu hal nyoko kana pamiarsa atawa lawan ngomongna, ka sahandapeun, ka saluhureun atawa ka sapantareun nepi ka merenah pamakanèanana, keuna kana kontèksna situasina.
2)      nu makè basa jeung nu dicaritakeun, panyatur bisa dibèda-bèda nurutkeun umurna (budak, rumaja, kolot), warugana (awèwè, lalaki, banci), kaayaan mèntalna (pinter, bodo, siger tengah), kamahèran basa (capètang, arapap-eureupeup, lumrah waè).Nu dicaritakeun mangrupa objèk omongan, diantarana mangrupa jalma, barang, kaayaan, atawa kajadian.
3)      galur omongan aya dua rupa, adegan omongan jeung laku basa.
4)      kasang tukang tempat, waktu, jeung suasana. Kasang tukang tempat nya èta tempat lumangsungna omogan, bisa di mana waè, diantaranadi imah, di jalan, di sawah, di kantor, di pasar, jstè. Waktu lumagsungna omongan, beurang, pasosorè, peuting, isuk-isuk, ayeuna, atawa baheula.Suasana lumangsungna, diantarana kaayaan dines (resmi, formal), sahinasna (teu resmi, informal), bisa dina kahirupan sapopoè bisa ogè dina upacara-upacara adat.
5)      alat nu digunakeun, bisa ngagunakeun lisan atawa tulisan. Tampolana pikeun ngedalkeun pamaksudan sok digunakeun isarah jeung gerak kinèsik saperti rengkuh, peta, jeung pasèmon. Sakapeung ngagunakeun alat bantu kayaning radio, tèlèvisi, surat, majalah, jeung telepon. Dipakèna alat bantu pikeun nambahan gancangna wawaran anu tetep kudu disaluyukeun jeung tempat, waktu, jeung suasana lumangsungna komunikasi basa.
6)      rasa, nada, kahayang. Rasa mangrupa sikep panyatur kana jejer atawa objèk nu dicaritakeun (bungah, sedih, handeueul, jstè). Nada mangrupa sikep panyatur  ka pamiarsa, sifatna subyektif sabab dipangaruhan ku pribadi panyaturna (sinis, nyungkun, meupeuh lemes, jeung ceplak pahang. Ragam basa nyoko kana rupa-rupa wacana atawa omongan anu dipakè dina waktu komunikasi. Bisa dibèdakeun jadi:
*      ragam basa règional, balukar tina lokasi atawa tempat nu bèda: basa dialèk, basa wewengkon;
*      ragam basa sosial, balukar tina ayana perbèdaan lokasi sosial: basa ka saluhureun, ka sasama, ka sahandapeun, jeung kumaha pancakakina atawa wawuh henteuna;
*      ragam basa fungsional, balukar tina ayana perbedaan kalungguhan panyatur jeung jejer pedaran
*      ragam basa temporal, balukar tina ayana perbedaan waktu kajadian: ragam basa Sunda bihari, kamari, kiwari, modern.
7)      amanat omongan. Eusi omongan nya èta pesan panyatur nu katarima ku pamiarsa, mangrupa wawaran, pananya, parèntah. Praduga patalina jeung kamustahilan, bisa kajadian henteuna, sartaprasarat nyindekkeun bener henteuna omongan. Implikatur, omongan atawa kalimah bisa ngaimplikasikun proposisi anu lain bagèan tina èta omongan. Proposisi anu diimplikasikeun tèh disebutna implikatur. Hiji omongan  bisa jadi miboga sababaraha implikatur nu tan wates wangen jumlahna.
Tangtu baè faktor-faktor tadi di luhur bisa diwuwuhan leuwih jembar nepi ka bisa dipasing-pasing, aya laku basa kahirupan sapopoè, mèdia massa (koran, majalah, buku), perpustakaan, kasenian, adat istiadat, agama, pamarèntahan, jrrd.
Pangdeudeul kamaheran milih laku basa nu merenah tangtu baè ngawengku kamampuh lafaljahan, struktur, kandaga kecap, nyarita, nulis, ngaregepkeun, jeung maca. Lian ti èta aya sawatara aspèk anu kaasup kana pangajaran pragmatik dina pangajaran basa Sunda:
a.       aspèk sosialisasi basa;
b.      aspèk intelektual;
c.       aspèk èmosional;
d.      aspèk informasi faktual;
e.       aspèk ngarèngsèkeun hiji hal; jeung
f.       aspèk moral.                                                          
Tina genep aspèk di luhur, bakal katitèn yèn pragmatik tèh mangrupa kagiatan-kagiatan ieu di handap:
a.       ngagunakeun basa lisan atawa tulisan keur nyumponan tujuan utama ngayakeun komunikasi jeung jalma sèjèn, upama baè:
(1)   biantara/ nyaritakeun rupa-rupa perkara
(2)   biantara/nyaritakeun milu bungah
(3)   biantara/ nyaritaeun kasedih.
b.      Nepikeun informasi faktual ka saluhureun, ka sasama, ka sahandapeun
c.       Ngagambarkeun suasana rasa (gumbira, resep, jengkel, jstè) dina kahirupan sapopoè.
d.      Ngagunakeun kecap-kecap panyambung: atuh da, da, geuning, paingan, singhoreng, sugan tèh, ku tan kitu, baruk, jstè.

Komponèn Pragmatik dina Bahan Ajar Basa Sunda Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP)
Dina kaparigelan pragmatik penting ayana pangaweruh jeung kaparigelan umum basa nu ditètèlakeun dina bagèan-bagèan kurikulum, nya èta:
Unsur-unsur basa:
1)      Lafal/èjahan, anu mèrè pangaweruh makèna aksara, nuliskeun aksara, nuliskeun kecap,cara nulis unsur serepan, jeung tanda baca.
2)      Struktur, anu merè pangaweruh ngeunaan wangun kecap, frase, jeung kalimah anu merenah jeung bisa ditarima (lain tata basa nu sifatna tèoritis).
3)      Kosa kecap, anu mèrè pangaweruh mikawanoh kabeungharan kecap sangkan bisa nyiptakeun prosès komunikasi nu lancar.
Kagiatan makè basa dina pangajaran basa Sunda ngalibetkeun opat aspèk kaparigelan basa, diantarana:
1)      Ngaregepkeun
      Mampu ngaregepkeun, maham tur bisa mèrè sawangan kana rupa-rupa wangun jeung jenis wacana lisan.
2)      Nyarita
      Mampu nyarita èfèktif jeung èfisièn pikeun nepikeun pesan (pikiran, rasa, jeung kahayang) dina rupa-rupa wangun jeung jenis wacana lisan di sawatara kasempetan nyarita.

3)      Maca
      Mampu maca, maham, jeung mairan sarupaning wacana tulis.
4)      Nulis
      Mampu nulis èfèktif jeung èfisièn pikeun nepikeun pesan (pikiran, rasa, jeung kahayang).










Diasupkeunna bagèan pragmatik dina kurikulum mangrupa hiji tatapakan anu ajeg tur puguh pikeun sakumna jalma nu ilubiung dina ngayakeun jeung mèrè pangan kana pangajaran basa anu kudu dihontal. Jalma-jalma nu dimaksud, nya èta:
a)      nu nulis buku pangajaran
b)      pengawas sakola
c)      kepala sakola
d)     pangajèn hasil pangajaran (saperti ujian nasional)
Kurikulum bisa mantuan guru-guru kelas, dina hal:
a)      milih buku pangajaran anu saluyu
b)      nyieun parobahan jeung tambahan bahan pangajaran buku-buku nu dipilih sacara idèal
c)      nyieun sorangan bahan pangajaran keur kapentingan ngajar di kelas.  

Sababaraha conto bahan ajar pragmatik

a. Aspèk sosialisasi
Mènta idin ka kapala sakola yèn isuk moal bisasakola, lantaran rèk indit ka Jakarta ngalongok nu gering payah.
Èfa Farida       : ”Bapa, Efa badè nyungkeun widi, dinten ènjing moal tiasa sakola!”
Kapala sakola  : ” Na kunaon Èfa? Aya naon?”
Èfa Farida       : ”Numawi pun Nini teu damang wales. Parantos saminggu diopname di    Jakarta. Pun biang sareng pun Bapa ngajak ngalayad.”
Kapala sakola  : ”Oh, kitu! Nya heug baè ari kitu mah. Didungakeun sing salamet, jeung Ninina sing buru-buru sèhat. Salam ti Bapa kituh, nya!”

b. Aspèk intelèktual
 Nètèlakeun pasti henteuna hiji hal ku jalan nataan ciri-cirina.
Ilah   : ”Ku naon nya Èlis teu sakola? Boa gering!”
Fitri  : ”Ah henteu, Elis mah teu gering. Ngan kamari katempo asup ka kantor kapala sakola. Meureun rèk permisi.”
Ilah   : Permisi rèk ka mana?”
Fitri  : ”Teuing teu nyaho, da teu ngintip! Mun teu masalah mah, bèjana ninina gering.”
Ilah   : ”Di mana?”
Fitri  : ”Ceuk Elis mah di Jakarta.”
Ilah   : ”Euh, ari kitu mah atuh meureun Ida tèh rèk besuk ka Jakarta!”
Fitri  : ”Engkè baè urang tanyakeun lamun panggih jeung Elis!”

c. Aspèk èmosional
Nètèlakeun suasana rasa, upamana baè rasa gumbira.
Gina    : ”Linda, Risma ka dieu geura!”
Risma  : ” Aya naon Gina?”
Gina    : ”Ieu ilikan rapot Gina, basa Daèrah meunang peunteun 9!”
Linda   : ”Euleuh, cingan nempo! Ari rèngkingna ka sabaraha Da?”
Gina    : ”Gorèng, ngan kitu ukur rèngking 1,5!” Ceuk Gina ngabelenyèhbari kusiwel mèrè coklat ka Linda jeung ka Risma. ”Olèh-olèh ti Jakarta!”

d. Aspèk Informasi Faktual
Nètèlakeun informasi nu saujratna luyu jeung kanyataanana.
Rani     : ”Basa ka Jakarta kana naon Mukit?”
Mukit  : ”Kana karèta!”
Rani     : ”Jam sabaraha inditna?”
Mukit  : ”Jam 05.54!”
Rani     : ”Ari nini Mukit nyeri naon?”
Mukit  : ”Ceuk doktèrna mah liver jeung jantung!”
Rani     :  ”Naha ceuk doktèr?”
Mukit  : ”Da Nini mah teu bisa diajak ngobrol! Dina panto kamar aya tulisan ’Dilarang berbicara dengan pasèn!”
Rani     : ”Oh!”

e. Aspèk ngarèngsèkeun  hiji hal
Nètèlakeun hal anu kudu dirèngsèkeun.
Dèpi    : Esa, basa Dèpi teu ka sakola ay PR?”
Esa      : ”Aya! Puguh mani sasangklèng!”
Dèpi    : ”Nginjeum Dèp!”
Esa      : ”Pèk baè, ngan di imah. Cokot, nya!”
Dèpi    : Heug, engkè ari balik ti sakola. Bareng, nya!”

f. Aspèk moral
Nètèlakeun sikep nu ngahargaan laku hadè.
Yopa                           :  ”Bapa, Yopa katitipan serat ti pun bapa. Saurna hatur nuhun, Yopa parantos diwidian ngiring ngabesuk Nini ka Jakarta!”
Kapala Sakola             : ”Mana suratna?”
Yopa                           :”Ieu! Mung teu ngabantun olèh-olèh, nanaon, da teu kabujeng ka mamana!”
Kapala Sakola             : ”Sawios geulis, da Bapa mah teu ngarep-ngarep olèh-lèh; nu diarep-arep mah apanan Nini Yopa supaya buru-buru damang deui! Carioskeun seratna tos katampi kituh, nya!”
Yopa                           : ”Mangga! Permios atuh, Pa!”
Kapala sakola              : ”Heug!”

Pragmatik dina bahan ajar basa Sunda pikeun TK/RA
Kelompok A
Kompetensi dasar :
a. Nyarita ngeunaan diri sorangan, pangalaman, sarta ngajawab patalèkan nu basajan
b. Ngahubungkeun basa lisan jeung basa tulis (pra maca)
c. Ngucapkeun salam jeung sopan dina paripolah

Kelompok B
Kompetensi dasar:

a.       Ngaregepkeun jeung maham kana kecap jeung kalimah basajan sarta ngucapkeunana makè èjahan nu merenah.
b.      Lancar nyarita tur merenah ngeunaan diri sorangan, pangalaman, jeung hal laina.
c.       Ngahubungkeun basa lisan jeung tinulis ku cara macakelompok kecap jeung kalimah basajan
d.      Makè basa nu santun jeung paripolahna somèah (tatakrama Sunda)
e.       Molahkeun carita jeung lagu dina gerakan/maen peran

Pragmatik dina bahan ajar basa Sunda pikeun SD/MI

1.      Ngaregepkeun
a.       Ngalakukeun parèntah nu basajan
b.      Mairan ngaliwatan paripolah
c.       Ngaregepkeun tata cara atawa tata tertib diajar
d.      Ngaregepkeun bahasan ngeunaan kabersiahan jeung pakèan
e.       Ngeregepkeun bèwara
f.       Ngaregepkeun naon nu ditepikeun ku narasumber
g.      Ngaregepkeun pesen ku cara tatap muka atawa telepon
h.      Ngaregepkeun warta radio/TV

2.      Nyarita
a.       Nyungkeun widi
b.      Ngawanohkeun diri sorangan
c.       Paguneman jeung babaturan
d.      Ngajak babaturan
e.       Nyieun jangji jeung babaturan
f.       Ngawanohkeun babaturan
g.      Ngondang babaturan
h.      Namu ka imah babaturan
i.        Ngayakinkeun babaturan
j.        Ngobrol ngeunaan rupa-rupa sasatoan
k.      Ngobrol ngeunaan rupa-rupa kadaharan
l.        Nepikeun kahayang
m.    Nepikeun kritik atawa pujian
n.      Nyaritakeun karesep
o.      Ngawawancara narasumber
p.      Nepikeun pamadegan ngeunaan pasualan faktual
q.      Mèrè pasualan atawa hiji kajadian
r.        Nepikeun kritik makè alesan
s.       Biantara
t.        Sawala

3.      Maca
a.       Maca paragraf pèndèk tilu kalimah
b.      Maca bedas dèskripsi
c.       Maca bedas èksposisi
d.      Maca dina jero hatè karangan eksposisi
e.       Maca hawar-hawar karangan dèskripsi
f.       Maca tèrèh
g.      Maca tèks paguneman
h.      Maca bahasan di jero hatè
i.        Maca saliwat
j.        Maca tèrèh
k.      Maca intènsif

4.      Nulis
a.       Nyalin kalimah basajan
b.      Nyusun kalimah basajan
c.       Nyampurnakeun kalimah ngagunakeun tanda koma jeung tanda titik
d.      Nulis kalimah wawaran, parèntah, jeung pananya
e.       Nuliskeun bèwara
f.       Nuliskeun pangalaman
g.      Nuliskeun narasi
h.      Nuliskeun dèskripsi
i.        Nulis surat
j.        Nyusun paragraf
k.      Ngaringkes bacaan
l.        Nulis biantara

Pragmatik dina bahan ajar basa Sunda pikeun SMP/MTs

1.      Ngaregepkeun
*         Ngaregepkeun sababaraha wangun paguneman (rèkaman, dibacakeun)
*         Ngaregepkeun pidato

2.      Nyarita
*         Nepikeun wawaran
*         Nyaritakeun pangalaman
*         Nepikeun pedaran
*         Nyaritakeun jalma nu geus kasohor
*         Nyarita ngaliwatan telepon
*         Paguneman jeung babaturan sakelas
*         Ngawawancara narasumber
*         Debat dina sawaktu sawala
*         Nepikeun informasi
*         Nepikeun laporan lalampahan
*         Ngaping acara kagiatan
*         Mingpin sawala
*         Nepikeun kritik kana mangrupa-rupa karya seni
*         Biantara
*         Sawala di kelas

3.      Maca
*         Maca tèks paguneman
*         Maca wacana kapahlawanan
*         Maca wacana argumèntasi
*         Maca artikel
*         Maca pedaran karangan sorangan
*         Maca wacana paguneman/naskah drama

4.      Nulis
*         Nulis pangalaman
*         Nulis biografi singget
*         Nulis surat
*         Nulis esai
*         Nulis laporan
*         Nulis warta
*         Nulis tèks pidato
*         Nulis hasil wawancara
*         Nulis pedaran


Kacindekan
Pragmatik maluruh hubungan laku basa jeung konteks tempat kajadianana, waktuna, jeung kaayaan panyatur nu marakèna. Pragmatik ogè tangtuna maluruh hubungan ma’na jeung rupa-rupa situasi omongan. Laku basa bisa disingget UNGKARA. Pragmatik miboga peran pikeun pangajaran basa Sunda nya èta mikaweruh cara ngalakukeun hubungan komunikatif dina situasi jeung kontèks nu tangtu, dina ieu hal digolongkeun kana opat kaparigelan basa: ngaregepkeun, nyarita, maca, nulis.

Rèferènsi
Nababan, P. W. J. 1987. Ilmu Pragmatik (Tèori dan Penerapannya). Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Dirjèn Dikti, Proyèk Pengembangan Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan.
Sudaryat, Yayat, Drs. 2007. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.
Sudaryat, Yayat, Abud Prawirasumantri, & Karna Yudibrata. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.  
Tarigan, Henry Guntur, Prof., Dr. Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa.
________________. 2003. Raksarasa. Bandung: Geger Sunten.     
 _______________. 2007. Sonagar (Jurnal Bahasa dan Sastra Sunda serta Pengajarannya). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daèrah FPBS UPI.
________________. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.