Kamis, 27 Maret 2014

Adat Sunatan

Adat Sunatan

Sunatan yang sering kita sebut dengan khitanan yaitu proses ngabersihkeun diri dengan cara memotong (kulup) sebagian kecil kelamin laki-laki. Baheula sebelum ada dokter masarakat sering menggunakan jasa bengkong untuk menyunak budak sunat. Desebut bengkong karena alat yang biasa gunakan untuk sunatan, yaitu alat yang terbuat dari sebilu bambu yang tengahnya diberi lubang untuk mencapit ujung alat kelamin anak yang akan disunat. Sudah menjadi tradisi di tatar Sunda, kalau ada anak yang akan di sunat sehari sebelumnya suka ada acrara arak-arakan (keliling kampung). Arak-arakan biasanya diiringi sekaligus dimeriahkan oleh kesenian tanjidor (untuk daerah Bekasi), sisingaan (daérah Subang), dan kuda renggong (Sumedang/ Majalengka).
Malam harinya diadakan sukuran, dan pagi-pagi sebelum di sunat budak sunat direndam dulu di air yang dingin supaya baal. Setelah kebal oleh air dingin kemudian dilaksanakan acara Sunatan. Baru setelah sunatan tetangga-tetangga memberi uang nyecep supaya budak sunat terhibur dan tidak merasakan sakit. Malam harinya diadakan acara pegelaran kesenian Sunda. Kesenian Sunda yang biasa dipentaskan atau ditanggap dalam acara sunatan diantaranya, jaipongan, wayang golek, wayang kulit (untuk daerah Cirebon), sintren, tarling.


Ringkasan Materi Budaya Sunda

PANGANTÉNAN DI BEKASI

PANGANTÉNAN DI BEKASI

Dina mangsa taun genep puluhan, waktu nu hadé pikeun ngalaksanakeun hajat panganténan di Bekasi nya éta sabada panén. Acara panganténan baris lumangsung nalika kulawarga hiji mojang kadatangan kulawarga hiji bujang nu maksud nyangcang éta mojang, lamun istilah ayeuna mah ngalamar atawa tukeur cingcin. Barang anu dipaké pikeun nyangcangan atawa ngalamar lain mangrupa émas, tpi duit anu jumlahna pantes, luyu jeung kamampuh kulawarga éta bujang.
Kira-kira sabulan atawa dua bulan sabada nyangcang, kulawarga bujang nyangcang deui pikeun masrahkeun duit, parabot rumahtangga, jeung barang bawaan séjénna ka kulawarga éta mojang. Acara ieu disebut ngebruk, atawa seserahan(di wewengkon priangan mah). Dina poé éta sakalian barempug dina nangtukeun poé pepekan. Poéan pepekan hartina poéan pangantén diarak diramé-ramé.
Sapoé saméméh pepekan, kulawarga calon pangantén awéwé ngayakeun acara mangkatan atawa ngarasulan. Maksud tina ieu acara nya éta ngondang tatangga pikeun ngadu’a ka Nu Kawasa supaya dina waktuna acara pepekan aya dina kalancaran jeung kasalametan. Pasosoré sabada acara mangkatan, rombongan calon pangantén lalaki daratang. Peutingna calon pangantén lalaki jeung awéwéna maraké pacar, tatahar pikeun nyanghareupan acara pepekan.
Isukna, kira-kira jam tujuh, mimiti dilaksanakeun acara pepekan. Calon pangantén dihias maké baju pangantén lengkep, siap diarak ngurilingan lembur. Lamun tempatna aya di puseur dayeuh (pusat kota) mah tutumpakana maké béca atawa délman, tapi dipakampungan calon pangantén awéwé diarak maké joli-joli (sarupaning tandu tina korsi panjang) sedengkeun ari pangantén lalaki mah nuturkeun maké sapedah.
Barisan pangheulana waktu pepekan dimimitian ku rombongan kasenian Tanjidor, barisan kadua mangrupa iring-iringan pangantén, dipungkas ku barisan anu katilu rombongan kasenian gamelan. Rombongan pangantén diarak ramé pisan ngurilingan lembur. Sadatangna ka imah calon pangantén awéwé langsung disawér ku béas dicampur ku duit jeung konéng. Duit jeung konéng mangrupa perlambang sangkan éta pangantén gempang dipaparin rijki sarta tinemu jeung kabagjaan dina ngambah sagara rumah tanggana. Ti sore nepikeun ka peuting tingburudul anu ondangan bari lalajo hiburan kasenian, diantarana wayang, topéng, atawa cokék aya ogé anu nanggap lenong. Bédana antara acara pangantén baheula jeung ayeuna bias katitén dina waktu akad nikah. Baheula mah akad nikah dilaksanakeun sabada acara raraméan, sedengkeun ayeuna mah réngsé akad nikah kakara diayakeun acara raraméan. Sababaraha istilah dina tahapan acara panganténan nepi ka ayeuna masih kénéh diparaké ku sawaréh masarakat di kampung nu aya di wilayah Bekasi.

(diropéa tina buku Pangajaran Cahaya Basa)

Tembang Sunda Cianjuran

Tembang Sunda Cianjuran

Salasahiji jenis kasenian tradisional Jawa Barat anu kakoncara nya éta Tembang Sunda Cianjuran. Nurutkeun élmu karawitan, Tembang Sunda Cianjuran mangrupa karawitan sekar gending. Tembang dina ieu kasenian kabagi jadi dua bagian, nya éta tembang mamaos jeung tembang panambih. Tembang mamaos nya éta tembang has ti Cianjur anu ngabogaan irama bebas. Sedengkeun tembang panambih nya éta tembang tembang-tembang anu sipatna panambih atawa panglengkep. Tembang panambih kauger ku padika tradisi nepi ka juru mamaos kudu nuturkeun iramaa juru pirig.
Garapan gending tembang Sunda Cianjuran dihasilkeun tina waditra dua siki kacapi anu ngarana kacapi indung jeung kacapi rincik, ditambah hiji suling atawa rebab. Umuna tembang Sunda Cianjuran dimimitian ku musik instrumentalia pikeun bubuka. Saenggeus bubuka diteruskeun ku papantunan, dedegungan, jejemplangan, sarta dipungakas ku rarancagan bari diseling ku tembang panambih.
Baheula tembang Sunda Cianjuran mangrupakeun acara kalangenan pikeun kaum ménak di lingkungan pendopo Kabupatén Cianjur. Mimiti tembang Sunda Cianjuran diciptakeun ku Bupati Cianjur ka-7 nya éta R.A.A Kusumaningrat anu ngabogaan gelar Kanjeng Dalem Pancaniti (1834-1864). Kasenian mekar pisan dina mangsa pamaréntahan Bupati Cianjur ka-8 nya éta R.A.A Prawiradirja (1864-1910), putrana Dalem Pancaniti. Saterusna disebarkeun ka sakuliah Jawa Barat ku R.d Ecé Majid anu masih kénéh dulur bupati sarta nyepeng kalungguhan salaku seniman pendopo.
Pikeun miéling jasa Kanjeng Dalem Pancaniti, dijieun Kacapi Emas Pancaniti anu dijadikeun piala bagilir pikeun pinunjul pinunjul pasangiri Tembang Sunda anu mindeng dilaksanakeun ku hiji organisasi mahasiswa Sunda di Bandung nya éta Daya Mahasiswa Sunda (DAMAS)
(Dicutat tina majalah Gentra Pramuka, edisi 10, 1996)

Sisingaan

Sisingaan

Sisingaan téh salah sahiji jenis kasenian tradisional atawa seni pagelaran rakyat anu dilakukeun ku arak-arakan dina bentuk hélaran. Pagelaranana bisa dipintonkeun dina acara nyunatan, kagiatan HUT Kamerdékaan RI, jeung kagiatan hari-hari besar séjénna.

Dina seni sisingaan aya unsur-unsur saperti: seni tari, olahraga (penca silat jeung jaipongan), seni karawitan, seni sastra, jeung busana. Kabéh unsur gumulung tur silihdeudeul ngawangun hiji tari jeung lagu anu mindeng ditambahan ku gerak akrobat anu ngawangun formasi kawas standen.

Alat-alat anu digunakeun dina pagelaranana ngawengku: gotongan sisingaan, tarompét, ketuk, kempul, goong, jeung kecrék. Pakéan pamaénna ngagunakeun pakéan adat Sunda saperti calana kamprét, iket, beubeur, baju takwa, jeung maké sapatu “kelenci”. Ari anu numpakan sisingaanana biasana budak sunat anu maké pakéan sunatan.
Sacara étimologis, sisingaan asal kecapna tina “singa”, nyaéta wangun gotongan anu mirupa singa. Ku naon kudu bentuk singa? Béjana, singa téh sato anu ngalambangkeun kagagahan, kawani, jeung kakuatan.

Ceuk katerangan ahli seni (seniman), seni sisingaan munggaran gelar dina taun 1957 di Désa Cihérang, kira 5 kilométer béh kiduleun Kota Subang. Tuluy mekar ka wewengkon Cigadung jeung wewengkon séjénna di sabudeureun Kota Subang. Tokoh-tokoh anu boga jasa nepi ka kasenian Sisingaan kawentar téh di antarana Ki Demang Ama Bintang, Ki Rumsi, Lurah Jani, Mama Narasoma, jeung Ki Alhawi.

Nepi ka ayeuna, kasenian sisingaan geus mekar pisan tur kacatet aya kira 165 grup kalawan jumlah senimanna 2.695 seniman. Kamekaranana tétéla henteu ngan ukur di wewengkon Subang, tapi geus nerekab ka wewengkon Kabupatén Bandung jeung Sumedang.
Ku lantaran kamekarana siga kitu, keur ngamumulé ieu seni, Pamaréntah Kabupatén Subang teu weléh ngayakeun féstival sacara maneuh jeung mromosikeun ka tingkat propinsi jeung nasional, pangpangna di kalangan pamaréntah jeung dunya bisnis.

Sumber www.Jabar.go.id

Rabu, 26 Maret 2014

Kuda Renggong

Kuda Renggong

Kuda Rénggong atawa Kuda Dépok nyaéta salahsahiji jenis kasenian hélaran anu aya di Kabupatén Sumedang, Majalengka, jeung Karawang. Cara magelarkeunana nyaéta, kuda dihias rupa-rupa warna, budak sunat ditaékkeun kana tonggong éta kuda. Budak sunat anu ditaékkeun kana kuda téh leuwih ti heula geus dihias kawas raja, bisa ogé niru pakéan para dalem jaman baheula, maké bendo, takwa, tur maké selop.

Di hareupeun rombongan Kuda Rénggong aya saurang Palatuk, nyaéta saurang pamaén Kuda Rénggong, anu gawéna jadi panuduh jalan jeung pamingpin éta iring-iringan.
Tatabeuhanana mangrupa kendang gedé, goong, tarompét, genjring, atawa terbang gedé atawa bedug, malahan dibarengan ogé ku sindén katut sababaraha panari lalaki jeung awéwé. Éta arakan-arakan téh nuturkeun pituduh anu geus ditangtukeun saméméhna.
Kuda rénggong ucad-aced kawas anu nari, lantaran geus dilatih jeung geus biasa ngadéngé tatabeuhan. Gerakanana luyu jeung musik anu ditabeuh. Mun musikna anca, éta kuda ogé gerakanana anca. Kitu deui mun musikna cepet, éta Kuda Rénggong ogé bakal ngagerakkeun awakna kalawan cepet.
Gerakanana, lian ti sukuna anu ucad-aced, huluna ogé milu unggut-unggutan. Di hareupeun atawa gigireun Kuda Rénggong aya sababaraha panari, boh ti rombongan Kuda Rénggong boh ti nu lalajo atawa baraya ti nu boga hajat. Maranéhna kalawan pinuh kabungah milu ngibing atawa nari sabisana. Nya hal ieu pisan anu nambahan raména pagelaran Kuda Rénggong téh.
Baheula, miara Kuda Rénggong téh kacida diutamakeunana. Lian ti dibéré nyatu jukut jeung onggok, ogé dibéré madu, susu, jeung endog. Bulu dina beuheungna ogé dipiara kalawan hadé, diuntun maké pita tur dipasangan rurumbé anu hurung-hérang malar katempona leuwih payus.***

Wayang Golék

Wayang Golék

Réa anu boga sangkaan yén wayang téh asalna ti nagri India. Sok padahal, nurutkeun R. Gunawan Djajakusumah dina bukuna Pengenalan Wayang Golek Purwa di Jawa Barat, éta hal téh teu bener. Ceuk R. Gunawan, wayang mangrupa kabudayaan asli Indonésia(hususna di Pulo Jawa).

Kecap “wayang” anu asalna tina “Wad an Hyang”, hartina “karuhun”. Tapi aya ogé anu boga pamanggih yén kecap wayang téh asalna tina kecap “bayangan”. Ari pamanggih anu nyebutkeun yén wayang asalna ti India bisa jadi lantaran caritana nyokot tina carita Ramayana jeung Mahabrata (asalna tina Kitab Suci Hindu). Ngan satuluyna éta carita-carita téh dirobah jeung dipapantes diluyukeun jeung kabudayaan di Jawa.
Di Jawa Barat seni wayang dingaranan “Wayang Golék”. Hartina, mintonkeun seni wayang ku ngagunakeun bonéka anu dijieunna tina kai méh nyarupaan beungeut jeung awak manusa gambaran wayang. Aya opat rupa tangtungan/keureutan (figur) dina wayang golék, nyaéta: tangtungan Rahwana (golékna maké makuta kalawan modél sekar kluwih jeung ukiranana mirupa ukiran jaman Karajaan Pajajaran jeung Mataram, kalawan turunanana Suyudana jeung Dursasana), keureutan Arjuna (ngagambarkeun tangtungan pajoang sajati anu kasép tur gagah—bajuna maké supit urang—saangkatanana saperti Bima jeung Gatotkaca), keureutan Garuda Mungkur (dijieun beungeut garuda anu létahna ngelél), keureutan Binéka Sari (saperti tangkal camara disusun ka luhur kawas Wayang Kresna, Baladewa, Arimbi, Rama, jeung Indra) keureutan Kuluk, asésoris bajuna maka gambar garuda atawa sumping kawas anu kapanggih dina wayang Batara Guru, Karna, jeung Kumbakarna. Éta keureutan-keureutan wayang téh dijieun maké ugeran anu dumasar kaa seni bakatna sorangan (dumasar kahayang masing-masing). Anu sok ngajieunan wayang ayeuna kapanggih di wewengkon Bogo (Selacau-Batujajar), jeung Cibiru-Bandung.
Bagian-Bagian seni wayang golék ngawengku: Dalang (anu ngigelkeun golék dumasar caritana), golék (jumlahna ratusan), nayaga (grup atawa jelema anu nabeuh gamelan, kendang, goong, rebab), sindén, jeung juru alok. Éta kabéh unsur téh gumulung ngajadi hiji anu teu bisa dipisahkeun. Unsur nu hiji jeung nu séjénna silihdeudeul luyu jeung wirahma katut jalan caritana.
Pagelaran wayang golék biasana dilaksanakeun dina acara hajat kawinan atawa nyunatan, Agustusan, atawa lantaran aya tujuan nu tangtu anu sok disebut ngaruwat. Waktuna biasana sapeuting jeput atawa ukur sababaraha jam waé. Eusi caritana aya nu nyekel prinsip galur (nyokot gembleng tina carita Ramayana atawa Mahabrata) aya ogé anu ngagunakeun prinsip sempalan (nyokot bagian-bagian anu sakirana ngirut nu lalajo, saperti perang tanding, jeung bobodoran).
Pagelaran wayang anu ngagunakeun prinsip galur waktuna sapeuting jeput, sedengkeun anu sempalan biasana ukur sajam nepi ka dua jam. Komo deui mun pagelaranana ngaliwatan média televisi anu jam tayangna kawatesanan, bisa jadi ukur 45 menit. Dina kaayaan masarakat anu teu weléh riweuh ku pagawéan, pagelaran wayang anu singget padi padet tur euyeub ku guguyon bakal leuwih dipikaresep batan anu ngagunakeun prinsip galur—anu bisa nepi ka bedug subuh. Keur masarakat ti entragan kolot jeung gugon kana prinsip galur wayang, sigana bakal leuwih resep jalan carita aslina najan geus ngabandungan sababaraha kali. Tapi keur entragan ngora anu hanaang ku hiburan sarwa énténg, carita-carita sempalan bakal leuwih dipikaresep.
Sabaraha jumlah tokoh wayang atawa jumlah bonéka wayangna? Jawabanana, ceuk R. Gunawan Djajakusumah aya 623 tokoh wayang anu henteu kabéh kapidangkeun dina hiji pagelaran.
Nurutkeun panitén kuring (rédaksi), dina hiji pagelaran biasana mintonkeun antara 20 nepi ka 30 bonéka wayang tur anu mindeng midang nyaéta keureutan-keureutan anu geusd dipikawanoh ku masarakat, saperti Arjuna, Pandawa Lima husuna, “Si Cépot”, Gatotkaca, Bima, Rahwana, jeung komplotan Pasukan Kurawa.
Jumlah dalang anu kacatet nepi ka taun 2002 jumlahna teu leuwih ti saratusan. Ari anu geus dipikawanoh ku masarakat di antarana Asép Sunarya, Adé Sunarya, jeung Dédé Amung. Dalang-dalang anu ditataan bieu boga kamampuh ngigelkeun wayang anu hadé, medar lalakon kalawan tapis, jeung guguyon-guguyonna pikaresepeun nu lalajo.

Gaya Basa

Gaya Basa

Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.
Sudaryat (2003: 124) ngabagi gundukan gaya basa, saperti nu dipertélakeun di handap ieu:
1) Ngumpamakeun (simile), nya éta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak.
Contona: Kawas gaang katincak
2) Mijalma (personifikasi), nya éta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung barang anu nyawaan saperti jalma. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah.
3) Ocon (metonomia), nya éta gaya basa anu ngagunakeun kecap ngaran salasahiji barang pikeun nyebut barang séjén anu aya patalina sacara logis.
Contona: Jang, pangmeulikeun Gudang garam!
4) Ngasor (litotes), nya éta rakitan basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri, tandaning sopan atawa handap asor.
Contona: Ah gaduh tanah ogé ngan satapak peucang.
5) Rautan (eufimismeu), nya éta rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu nyentug teuing karasana.
Contona : Indung bapana geus mulih ka jati mulang ka asal (maot)
6) Lalandian (metafora), nya éta gaya basa anu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi.
Contona: Leumpangna ngembang sampeu (dingdet).
7) Raguman (sinekdok) nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun rupa-rupa hal dihijikeun, disawadahkeun, atawa disabeungkeutkeun. Raguman dibagi dua:
a. Hurunan (totem pro parto), nya éta rakitan basa anu nyebut sagemblengna (sakumna) padahal anu dimaksud mah salasaurang, sahiji, sawaréh.
Contona : Barudak SMA 2 keur diadu maén bal jeung barudak SMA 3
(anu maraén bal mah ngan 22 urang, lain sajumlahna murid SMA 2 jeung SMA 3).
b. Tunggalan (pars pro toto) nya éta rakitan basa anu nyebut sahiji atawa sabagéan padahal maksudna mah sakabéhna.
Contona: Raja baheula kudu diriung ku gelung, digéndeng-géndeng ku cangkéng (anu dimaksud lain diriung ku gelung jeung cangkéng tapi ku awéwé geulis).
8) Rarahulan (hiperbol), nya éta rakitan basa anu gunana pikeun ngayakinkeun anu séjén, bakating hayang dipercaya omonganana kaleuleuwihi.
Contona: Sawahna satungtung deuleu.
9) Kadalon (pleonasmeu), nya éta rakitan basa anu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih ti mistina.
Contona: Anakna kembar sapasang.
10) Ébrehan (peripraseu), nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun gawéna, gunana kaayaan hiji barang, jst, tapi ari nu dimaksud mah nya éta barang nu kaancikan (kayaan, gawé, atawa gunana) anu disebut téa.
Contona: Puputon sekar kadaton (putri)
11) Kahanan, nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun kahanan, sipat, ciri anu husus atawa barang.
Contona: Raja leuweung pikeun nyebut maung
12) Silib (alegori), eusina dibalibirkeun, tujuanna sangkan anu diajak nyarita henteu éraeun atawa kasigeung haténa.
Gaya basa sindir aya tilu rupa, nya éta:
a. Ngomong dua (ironi) nu omonganana sabalikna tina maksudna.
Contona: Naha jang datang téh subuh-subuh teuing? (kabeurangan)
b. Nomong seukeut (sinismeu) nu eusina nyawad ku jalan lemes.
Contona: Teu sangka getol geuning putra ibu téh (kedul).
c. Nyungkun (sarkasmeu), eusina nyawad atawa ngawada.
Contona: Béakeun dahareun téh kabéh, kajeun batur mah teu kabagéan ogé.
Dicutat tina Skripsi Eka Herianto

Purwakanti

Purwakanti

Purwakanti nya éta sarupaning mamanis basa anu digunakeun kana sora boh vokal boh konsonan. Iskandarwassid (2003: 120) nétélakeun wangenan purwakanti sakumaha kaunggel di handap ieu:
“Purwakanti téh nya éta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); pernahna boh ngarandeg, ngajajar, horisontal (dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, pértikal (antara jajaran, padalisan )”
Salmun (1936: 32-46) nétélakeun yén purawakanti dibagi-bagi jadi sapuluh rupa, éta purwakanti téh ngawengku:
1) Pangluyu, nya éta purwakanti nu ngaluyukeun sada atawa wianjana dina kecap-kecap.
Contona nya éta:
Nya jorok nya botrok (rok-rok)
Nu méncrang mani hérang
2) Maduswara, nya éta purwakanti anu mamanisna téh sora.
Contona:
Diri anu ngarasa nyeri (i-i)
Raga nu ngarasa lara (a-a)
3) Cakraswara, nya éta sora anu patukeur tempatna dina kecap.
Contona:
Hirup jeung hurip ( hirup-hurip)
Alus teu karana pulas (alus-pulas)
4) Laraspurwa, nya éta engang anu sarua sarta ayana di hareup, dina ngamimitian kecap.
Contona:
Numawi matak mandawa (ma-ma-ma)
Kolot-kolot kokorobet (ko-ko-ko)
5) Mindoan kawit, nya éta upama kecap anu murwakantina téh kecap-kecap anu panghareupna.
Contona:
Ulah sirik ka pangampih (ulah)
Ulah kabawa ku sakaba-kaba (ulah)
6) Mindoan wekas, nya éta upama anu murwakantina kecap lebah tungtung.
Contona:
Tong nuduh saméméh aya bukti (bukti)
Anu daékeun jeung anu sumakti (sumakti)
7) Laras madya, nya éta anu murwakantina di tengah.
Contona:
Nu hurung sariga layung (sariga)
Nu hérang sariga béntang (sariga)
8) Laras wekas, nya éta nu murwakantina di tungtung engang .
Contona:
Burudul ménak ti kidul (ul-ul)
Nyeri peurih geus kapanggih (ih-ih)
9) Margaluyu, nya éta anu biasana malikan deui kecap anu aya di tungtung ungkara diteundeun di awal ungkara
Contona:
Sing tapik ngawisik diri,
diri kudu diriksa
hadé luar jeung jerona,
jerona kabatinan
10) Mindoan kecap, nya éta maké kecap éta-éta kénéh dina hiji kalimah, tapi béda-béda hartina.
Contona:
Estu matak buntu laku, duméh dagang henteu laku.

Dicutat tina Skripsi Eka Herianto SPd

Sajarah Basa Sunda

Sajarah Basa Sunda

Basa Sunda ti mangsa ka mangsa ngalaman kamekaran jeung parobahan boh dina pungsina kitu deui dina wanguna. Di handap ieu mangrupakeun pedaran ngeunaan kamekaran basa Sunda ti mangsa ka mangsa:
Mangsa I (saméméh abad ka-16 M)Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara, Galuh, Kawali, Sunda, jeung Pajajaran. Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan ku basa Sansakerta saperti anu katémbong dina prasasti titinggal Purnawarman, malah aksarana ogé maké aksara Pallawa.
Basa sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan sapopoé, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda (kuna) saperti
Siksa Kanda ng Karesian, Carita Parahyangan, Darmasiksa, jeung Guru Talapakan. Geura titénan basa Sunda nu dipaké alam harita, boh nu aya dina prasasti atawa nu aya dina karya sastrana:
· Transkripsi
prasasti Ciaruteun titinggal PurnawarmanJayaviclasya tarumendrasya hastinah airavabhasya vibhatidam padadavayam
nu hartina: ieu (tapak) dua sampéan airawata anu gagah perkasa, gajah inguan pangawasa taruma nu mawa kadigjayaan.

· Transkripsi prasasti Pasirmuara di Cibungbulang, titinggal karajaan Sundaini sabdakalanda rakryan juru pengambat I kawihadji panca pasagi marsandeca barpulihkan hadji sundanu hartina: ieu téh ucapan Rakeyan Juru Pengambat dina taun saka 458 nu nétélakeun yén pamaréntahan daérah dipulihkeun ku Raja Sunda.

· Transkripsi
prasasti Astana Gede titinggal karajaan Sunda di Kawali
nihan tapa kawali nu sanghiyang mulia tapa bhagya parebu raja wastu mangadeg dikuta kawali nu mahayuna kadatuan surawisesa nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sgala desa. Aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeulnu hartina: ieu nu tapa di Kawali téh nyaéta tapana nu mulya lir déwa. Gusti nu bagja, Raja Wastu nu ngéréh di kota Kawali, nu parantos mapaés Karaton Surawisésa nu ngadamel kakalén sakuriling dayeuh, nu nyantosa sakuliah wewengkon, muga-muga kapayunna aya nu kersa midamel kasaéan sangkan punjul sajagat.

Mangsa II (1600-1800 Maséhi)Basa Sunda dina mangsa ieu geus kapangaruhan ku basa Arab jeung basa Jawa, basa Arab asupna kana basa Sunda ngaliwatan pasantrén, ari basa Jawa asupna kana basa Sunda ngaliwatan padaleman (pamaréntahan). Harita di tatar Sunda geus jlug jleg pasantrén, umumna ajengan nu ngadegkeun pasantrén di urang kungsi masantrén di wétan, jadi salian ngasupkeun basa Arab kana basa Sunda pasantrén ogé milu ngasupkeun basa Jawa deuih. Nya di antarana ngaliwatan pasantrén deuih asupna wawacan jeung sarupaning upacarana téh. Kitu deui widang pamaréntahan, harita tatar Sunda kaéréh ku Mataram, para gegedén Sunda (dalem) sataun sakali kudu séba ka dayeuh Mataram, tara sakeudeung di dituna téh, balikna mawa adat cara kadaleman Jawa, nya mangsa harita mimiti asupna "undak usuk basa" kana basa Sunda téh, nu mangrupa pangaruh tina basa Jawa (contono dina naskah Wawacan Sulanjana).

Mangsa III (1800-1900 M)
Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaasupan ku basa
Walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).Mangsa IV (1900-1945 M)
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal
pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaés Nonoman (1915), Pasoendan (1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).

Mangsa V (1945-kiwari)Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada perang, basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonesia, utamana nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaéta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonesia).
Disalin ti "
http://su.wikipedia.org/wiki/Sajarah_Basa_Sunda"

Imah Adat Sunda Buhun

Imah Adat Sunda Buhun

Aya sababaraha (beberapa) rupa (jenis) wangunan sunda buhun (lama) teh, diantarana:
· Suhunan jolopong: suhunan nu lempeng (lurus). Mun basa indonesia mah, atap pelana. Siga (saperti) pelana kuda. (Suhunan Jolopong merupakan bentuk rumah yang atapnya memanjang), disebut oge (juga) suhunan panjang, gagajahan, jeung regol.

· Jogo (tagog) anjing: Wangunan anu bentukna saperti anjing keur jogo (duduk) Suhunan hareup (nu siga bangus/ mulut anjing) ngiuhan émpér imah (menutupi teras rumah).

· Badak heuay: Dedegna imah badak heuay rada deukeut ka jogo (tagog) anjing, ngan luhureun sirahnya aya ceulian-susuhunan tambahan, kahareup. (bentuk rumah badak heuay seperti tagog anjing tapi diatas kepala suhunan ada tambahan atau atap belakang dan depan menyerupai badak sedang menguap)

· Parahu kumureb: Potonganana (bentuknya) siga tangkuban parahu pisan, trapesium tibalik, di Tomo Sumedang, disebutna jubleg nangkub.


· Capit Gunting: Potongan imah anu tungtung suhunanana make kai atawa awi dicagakeun saperti gunting rek nyapit.
· Julang ngapak: Julang ngapak mun diténjo ti hareup (dari depan), suhunan kénca katuhuna (kanan kiri) siga jangjang (sayap) manuk, julang-suhunanana opat nyambung nu di sisi nyorondoy. Sambunganana di tengah, maké tambahan siga gunting muka di punclutna. (Julang ngapak seperti burung yang sedang terbang)

· Buka palayu: suhunan siga imah Betawi aya émpér (teras) panjang dihareup.
· Buka pongpok: rada mirip buka palayu, ngan pantona dirobah ka arah jalan

·Rupa-rupa Wangunan jeung Pamakéanana
Umum:

o gedong: imah alus (bagus) tur badag (gede) anu biasana ditémbok
o joglo: adegan imah leutik basajan (bentuk rumah kecil)
o balé kambang: imaha anu diwangun disaluhureun balong, jsb. ('kambang' 'ngambang'), (yang dibangun diatas kolam, empang, dll)
o poporogok: imah siga saung, leutik tapi lumayan
o pakuwon: pakarangan tur imah nu sorangan
o ranggon: saung anu luhur pisan kolongna atawa anu diwangun dina tangkal kai nu luhur
o régol: panto gedé lawang pakarangan (en:gate, de: tor)
o saung: adegan leutik, biasana teu didindingan, ayana di sawah, kebon, paranti reureuh.

Pamaréntahan:o babancong: wangunan leutik di sisi alun-alun baheula, panggung paragi gegedén, ayeuna mah siga tempat nu nongton kelas VIP di stadion.
o balandongan: adegan samentara pikeun narima sémah dinu hajat atawa tempat hiburan.
o balé désa: kantor pamong désa (kantor desa)
o balé kota: kantor walikota atawa bupati
o balé watangan: pangadilan
o gedong songko: imah bupati baheula
o kadaton, karaton
o pandapa (pendopo): tepas lega bagian hareup gedong kawadanaan, balé kota, jsb.
o kaputrén: bumi jeung pasaréan (tempat tidur) putri raja
o kaputran: bumi jeung pasaréan putra raja
o bénténg: adegan anu tohaga, biasana ngurilingan kota pikeun nahan panarajang musuh
o bui, panjara: paragi ngerem jelema nu meunang hukuman.
Transportasi:
o hanggar: minangka garasi pikeun kapal udara
o stasion: pangeureunan (tempat berhenti) karéta
o halteu: pangeureunan beus

Tatani (pertanian) jeung Dagang:o jongko, warung: tempat dagang, di pasar biasana eusina pinuh ku jongko
o palalangon: saung luhur di leuweung atawa di huma paranti ngintip sato atawa nungguan huma
o leuit: gudang tempat nyimpen paré
o gosali: tempat gawéna panday (pandai besi)
o bédéng: imah-imah atawa adegan leutik paragi nu digarawé proyék wangunan jeung di kebon (rumah kecil tempat orang yang bekerja di kebun/ proyek bangunan)

Sato (hewan):o pakandangan: kandang gedé atawa nu loba kandang (kandang besar atau tempat yang didalamnya banyak kandang)
o gedogan, istal: kandang kuda
o karapyak: kandang munding (kerbau) atawa sapi nu dikurilingan ku pager
o pagupon: kandang japati (merpati)
o paranjé: kandang hayam (ayam)

Ibadah:langgar, tajug
Masigit (masigit)
Gareja (greja)

Guguritan/Pupuh

Sastra Sunda

Guguritan/pupuh
(Dicutat ku M Sasmita tina Ulikan Sastra karangan Drs. Taufik Faturohman)
Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta gurit anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangding. Nurutkeun wincikanana dangsing atawa pupuh teh aya tujuh welas, nu masing-masing ngabogaan watek nu beda beda. Istilahna:
  • Pada
  • Padalisan
  • Guru Wilangan ( jumlah engang dina unggal padalisan )
  • Guru Lagu (dangdingdungna sora vokal dina engang panungtung)
1. Asmarandana
Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan. Contona:
Eling eling masing eling ( 8 engang - vokal 'i' )
E/ling/e/ling/ma/sing/e/ling (= guru wilangan 8)
'eling' panungtung vokalna i (= guru lagu i)
rumingkang di bumi alam ( 8 - a )
Eling eling masing eling ( 8 engang - vokal 'i' )
darma wawayangan bae ( 8 - e )
raga taya pangawasa ( 8 - a )
lamun kasasar lampah ( 7 - a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 - u )
badan anu katempuhan ( 8 - a )

2. BalakbakWatekna pikaseurieun.
Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
Contona:
Aya warung sisi jalan rame pisan - Citameng (15-e)
Awewena luas luis geulis pisan - ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet - nyanggereng (19-e)

3. DangdanggulaWatekna bungah atawa agung.
Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
Contona:
Laut Kidul kabeh katingali ( 10-i )
ngembat paul kawas dina gambar ( 10-a )
ari ret ka tebeh kaler ( 8-e )
Batawi ngarunggunuk ( 7 - u )
lautna mah teu katingali ( 9 - i )
ukur lebah lebahna ( 7 - a )
semu semu biru ( 6 - u )
ari ret ka tebeh wetan ( 8 - a )
gunung gede jiga nu ngajakan balik ( 12 - i )
meh bae kapiuhan ( 7 - a )

4. JurudemungWatekna kaduhung atawa hanjakal.
Unggal pada diwangun ku lima padalisan
Contona:
Badan nu katempuhan ( 8 - a )
da bongan ngalajur nafsu ( 8 - u )
peurihna kapanggih ( 6 - i )r
ek bongan bongan ka saha ( 8 - a )
ayeuna bati kaduhung ( 8 - u )

5. DurmaWatekna heuras atawa siap rek tarung.
Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:
Mundur mapag balad Pandawa teu tahan ( 12 - a )
barisan beuki ipis ( 7 - i )
digempur Kurawa ( 6 - a )
Senapatina Karna ( 7 - a )
sakti manggulang mangguling ( 8 - i )
hese pantarna ( 5 - a )
moal aya nu nanding ( 7 - i )

6. GambuhWatekna bingung, samar polah atawa tambuh laku.
Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
Contona:
Ngahuleng banget bingung ( 7 - u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 - u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 - i )
panon poe geus rek surup ( 8 - u )
keueung sieun aya meong ( 8 - o )

7. GurisaWatekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.
Unggal Pada di wangun ku dalapan padalisan.
Contona:
Hayang teuing geura beurang ( 8 - a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 - a )
nagih anu boga hutang ( 8 - a )
mun meunang rek meuli soang ( 8 - a )
tapi najan henteu meunang ( 8 - a )
teu rek buru buru mulang ( 8 - a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 - a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 - a )

8. KinantiWatekna miharep atawa prihatin.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.
Contona:
Kembang ros ku matak lucu ( 8 - u )
nya alus rupa nya seungit ( 8 - i )
henteu aya papadana ( 8 - a )
ratuning kembang sajati ( 8 - i )
papaes di patamanan ( 8 - a )
seungit manis ngadalingding ( 8 - i )

9. LadrangWatekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwnagun ku opat padalisan.
Contona:
Aki Dartam leumpangna ngagidig ( 10 - i )
gancang pisan, gancang pisan ( 8 - a )
bari aya nu dijingjing ( 8 - i )
mawa kisa eusina ucing anakan ( 12 - a )

10. LambangWatekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun iu opat padalisan.
Contona:
Nawu kubang sisi tegal ( 8 - a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 - a )
atuh teu payu dijual ( 8 - a )
rek didahar da teu halal ( 8 - a )

11. MagatruWatekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin.
Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
Contona:
Mun sumuhun ieu teh namina curuk ( 12 - u )
nu alit namina cingir ( 8 - i )
anu panjang mah jajangkung ( 8 - u )
gigireunana jariji ( 8 - i )
anu pangageungna jempol ( 8 - o )

12. MaskumambangWatekna prihatin, sasambat atawa nalangsa.
Unggal Pada diwangun kiu opat padalisan.
Contona:
Jalma kedul mumul ditambah jejerih ( 12 - i )
ulah ngarep senang ( 6 - a )
sabab mungguhing rejeki ( 8 - i )
tara datang teu disiar ( 8 - a )

13. Mijil
Watekna sedih, susah atawa cilaka.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan
Contona:
Beurang peuting tambah cape ati ( 10 - i )
jeung tambah rampohpoy ( 6 - o )
wungkul inget ka kabogoh wae ( 10 - e )
mugi aya kadar panggih deui ( 10 - i )
mun teu panggih deui ( 6 - i )
anggur pondok umur ( 6 - u )

14. Pangkur
Watekna nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:
Seja nyaba ngalalana ( 8 - a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 - i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 - u )
balik paman sadaya ( 7 - a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 - u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 - a )
" Aing ngaran Jayapati " ( 8 - i )

15. Pucung
Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku opat padalisan.
Contona:
Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 - u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 - a )
tanda yen bagjana gede ( 8 - e )
hirup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 - a )

16. SinomWatekna gumbira.
Unggal Pada diwangun ku salapan padalisan.
Contona:
Di wetan fajar balebat ( 8 - a )
panon poe arek bijil ( 8 - i )
sinarna ruhay burahay ( 8 - a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 - i )
campur wungu saeutik ( 7 - i )
kaselapan semu biru ( 8 - u )
tanda Batara Surya ( 7 - a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 - a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 - a )

17. Wirangrong
Watekna era atawa wirang.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.
Contona:
Jalma nu resep ngaluis ( 8 - i )
lumrahna resep ngaleos ( 8 - o )
ngan pacuan resep ngusut ( 8 - u )
komo mun resep ngarujit ( 8 - i )
teu aya batan basajan ( 8 - a )
sagala sigar tengahan ( 8 - a )
Sumber: MSasmita

Mikaweruh Sawér

Mikaweruh Sawér (Mengetahui tentang sawér)

Sawér yaitu bentuk karya sastra Sunda buhun (jaman dahulu) yang sering digunakan dalam upacara nyawér. Dalam pelaksanaan sawér/ nyawér biasanya naskah sawér suka ditembangkeun (ditembangkan), dikawihkeun (dinyanyikan) atau dideklamasikan. Tradisi nyawér dalam kehidupan masyarakat Sunda merupakan warisan karuhun (nenek moyang) secara turun temurun.
Dalam upacara nyawér erat kaitannya dengan kepercayaan. Tapi seiring dengan perkembangan zaman, kegiatan nyawér tidak selamanya dikaitkan dengan keparcayaan atau ritual. Kegiatan sawér dianggap salah satu media untuk menyampaikan pepatah, memberi pepeling (nasehat) dan memberi do,a.
Berdasarkan bentuknya sawér banyak ditulis dalam bentuk papantunan, kawih, sair, pupuh, sajak dan prosa. Tapi kebanyakan sawér banyak ditulis dalam bentuk sair. Sedangkan umumnya pupuh yang sering digunakan dalam puisi sawér yaitu pupuh yang termasuk dalam wanda (bentuk) pupuh sekar ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana dan Dangdanggula).
Berdasarkan isinya ada yang disebut dengan sawér orok (bayi), sawér sunatan, dan sawér kawinan (pernikahan). Sawér tersebut merupakan sawér yang sering digunakan dalam kehidupan urang Sunda.

Conto Sawér Pengantin:
Bahasa Sunda
Mungguh rumah tangga tangtu
Lir kapal jero jaladri
Garwa minangka layarna
Carogé lir juru mudi
Di lautan satujuan
Sapapait samamanis
Guguru ka lauk laut
Sanajan caina asin
Awakna teu katépaan
Mandiri dina pribadi
Mangpaat keur nu lian
Jadi pamungpungan asih

Bahasa Indonesia (artinya)

Rumah tangga yang yang sebenarnya
Seperti kapal dalam samudra
Istri sebagai layarna
Suami seperti nakhoda
Di lautan satu tujuan
Sepahit semanis (harmonis dalam hidup)


Berguru kepada ikan di laut
Walau airnya asin
Badanya tidak tertular (asin)
Mandiri dalam pribadi
Manfaat untuk yang lain
Jadi tempat berkasih sayang

Kawih


Kawih nya éta bagian tina kasenian sunda anu diwangun ku dua unsur nya eta unsur seni jeung unsur sastra. Musik ngalahirkeun lagu (nada dan wirahma) sedengkeun sastra nya eta mangrupa rumpaka atawa lirik lagu.

(kawih yaitu bagian dari khasanah seni Sunda yang dibentuk oleh dua unsur yaitu unsur seni dan sastra)
Yang digunakan dalam kawih yaitu tangga nada pentatonis, yang patokanya berdasarkan: Da-mi-na-ti-la-da
Dua unsur yang membentuk kawih:
1. Seni Musik = sebagai pengiring
2. Seni Sastra = Syair/ rumpaka lagu
Dalam kesenian Sunda antara kawih dan tembang tidak jauh berbeda, letak perbedaannya adalah kalau kawih terikat oleh ketukan sedangkan tembang (seperti pada tembang Cianjuran) tidak terikat oleh ketukan.

Di handap ieu mangrupakeun kumpulan kawih Sunda boh kawih anu dipirig ku alat musik Sunda (kacapi suling) atawa anu dipirig ku alat musik alat musik moderen:

Tanah Sunda
Tanah Sunda ( wibawa )
Gemah ripah (tur endah )
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda ( sawawa )
Sing Towéksa (perceka )
Nyangga dharma anu nyata
Ref :Seuweu Padjadjaran
Muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya
Memang sawajibna
Getén titén rumawat
Tanah pusaka

Miharti kecap:
Wibawa : wibawa/ berwibawa
Gemah ripah : subur makmur
Nu ngumbara : yang merantau
Suka betah : betah
Seuweu Padjadaran: keturunan Pajajaran
Miara Pakaya : memelihara kekayaan (tanah Sunda)
Getén titén rumawat: dengan teliti merawat

Angkrék JapatiAngkrék japati na cangkring keur karembangan
sisi wahangan barodas
kareta api geus datang sinyar geus muka
reg di stoplas Cibodas
gupay-gupay anaking
gupay-gupay digupaykeun ku manéhna
reumbay-reumbay anaking
reumbayna nginjeum cipanon ti manehna.

Angin PrianganSeungit angin priangan
ngusapan embun-embunanduh, embun-embunan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
ayun ambing, ayun ambing.
Seungit angin kahyangan
sumerep na lelembutanduh, na lembutan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
éling-éling, mangka éling.
Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah wasiat, tanah duriat
anu matak tibelat nya rarasaan.
Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah katresna jati sarakan
anu tetep nyarengan nya lelembutan.

Bulan Langlayang Peuting[Bulan téh langlayangan peuting
nu ditatar dipulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti Tatar Sunda
dipulut nya balik deui ka dieuieuh, masing percaya.] x 2
[Bedil geus dipélorangranat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan Siliwangi
ka Jogja hijrah taat paréntah.] x 2
[Bulan téh langlayangan tineung
nu ngoleang dipulut ku angin gaib
entong salempang mun kuring anggang
kapirarai tanah Sundaka
cipta mun balik enung mapagkeun
ieuh, di dora lembur.] x 2
[Bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan nusa
atika wétan muru bijil balebat.] x 2

Dina JandelaTina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan
Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep rerep.
Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelan
gurang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.

Hareupeun KacaHareupeun kaca ngajanteng salila-lila
roman alum gurat duka atra narémbongan
hareupeun kaca sagala nu karandapan
lalakon katukang-tukang nungtut narémbongan.

Reueuk rumeuk dina eunteung
semu keueung semu nineung
jiwa awaking nyarita jiga nu nganaha-naha
duh ieung geuning jiga nu nganaha-naha.
Béjakeun deudeuh, bejakeun
rumasa geus katalimbeng.

Hariring Nu Kungsi NyandingPurnama nu kungsi leungit
ayeuna nganjang ka buruan deui
anu kungsi kapiati
kiwari urang ditepangkeun deui.
Hariring nu kungsi nyanding
ayeuna datang ngahaleuang deui
hayu pataréma tineung
cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan haté bangbras
Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan ati bangblas.

Imut Malati
Imut malati
wengi tadi geuningan patepang deui
nu kapiati ti kapungkur
jungjunan dianti-anti

Ti Gunung Putri
sareng saha salira lungsur ka landeuh
lagu kamari ngagalindeng
lalakon gending kadeudeuh

Najan sakedap jorélat tunjung balébat
éstu mo hilap karaos matak tibelat
ku henteu terang mulihnaku henteu terang mulihna
eeh, naha iraha.

Najan mung imut saulas sakilat ilang
tansah kairut hanjakal teu sering tepang
ku henteu terang léosnaku henteu terang léosna
eeh, geuning kamana.

Kembang ImpianAntara lolongkrang kiceup
urang pateuteup
bulan pias enteupna lalangsé kayas
kaca jandéla nu muka
kaca katresna nu muka
peuting téh teuing ku jempling
asih téh teuing ku wening

Pangharepan lir laut nu jero
teu katepi ku sora panggero
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan.

Tong teuing ngedalkeun lisan
urang guneman
na ciptaan bagja deukeut patémbongan
geter ti ati ka ati
hiber jadina pasini
saranggeuy kembang impian
sungkemeun kana lamunan.

Kembang Tanjung Panineungan
Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
di pakarangan nu reumis kénéh
harita keur kakandungan ku hidep
geus opat taun katukang
ema nyipta mulung béntang
nu marurag peuting tadi
béntang seungit ditiiran pangangguran.

Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
beut henteu sangka aya nu datang
ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep
nu opat poé teu mulang
ngepung gunung pager bitis
cenah tiwas peuting tadi
layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun.

Harita waktu layonna geus datang
ema ceurik ieuh, balilihan
ras ka hidep ieuh na kandungan
utun inji budak yatim deudeuh teuing
harita waktu layon geus digotong
ema inget ieu kana tanjung
dikalungkeun napasaran
kembang asih panganggeusan ieuh, ti duaan

Anaking jimat awaking
lamun ema mulung tanjung reujeung hideup
kasuat-suat nya pipikiran
tapina kedalna téh ku hariring
hariring éling ku éling kana tanjung
nu dipulung éh, kembang tanjung
nu nyeungitan pakarangan
nu nyeungitan haté urang, panineungan

Longkéwang
[Baheula mun pareng nganjang
suguhna imut nyi lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan.] x 2

Mmmh, deudeuh teuingna peuting héab naraka
aya nyawa milar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.

Mmmh, deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.

[Ayeuna mun pareng nganjang
nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung.] x 2
.. lagu liwung na bangbarung.

Malati di Gunung GunturMalati di Gunung Guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sésétraning asa
jadina tina mumunggang leuweung larangan.

Malati di Gunung Guntur
hanjakal henteu dipetik
béja geus aya nu boga
ngahaja melak di dinya tara guriang.

Ayeuna kurang geus jauh
malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik duka kusaha.

Kamari jol aya beja
malati ratna mumunggang
majar can aya nu metik duka kunaon.

Malati di Gunung Guntur
ligar dina panineungan, na panineungan
na saha nu baris metik
kuring mah da puguh jauh
biheung kadongkang.

Purnama Urang Nu Boga
Hibar deui purnama, hibar na ati
nyanding kembang malati nu kapiati
aya asih sumérén dina lahunan
aya deudeuh gumulung jero tangtungan
urang teang, enung,
poé isuk bulan sumedang wangi
urang seuseut, enung,
asih suci ari sumujud sari pangaji

Gelar deui lalakon, gelar ayeuna
nyampak lagu wirahma deudeuh kameumeut
taman éndah dicipta tempat ngabungbang
tepung teuteup duaan bunder kageugeut
langit béngbras, euis, bulan pinuh ngagenyas sutra kadéwan
angin lamping, eulis, ngelus laun ari haréwos béja kiriman
Hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan, geuning
hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan
purnama urang nu boga
ari purnama urang nu nampa.

Sagagang Kembang RosSagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.

Runtuyan haréwos jangji pasini katampi
moal weléh mikahéman, ieuh asih nu wening.
Sarining kembang jatining asih
jadi angkeuhan, duh urang duaan.

Ngaca pangharepan panteng kayakinanna dasaring ati urang duaan.
Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.

Salam ManisIeu salam manis
manis salam kuring
nya ieu pisan nu salawasna nyanding
nyaring ngahariring

Ieu salam manis
manis salam kuring
nya ieu pisan nu salilana nganteng
anteng kapitineung
Datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring raketkeun
duh, dunungan
datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring raketkeun

Salempay SutraSalempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.

Ngaraketkeun hubungan batin duaan
mupus waswas jeung cangcaya
di juruna disulam ngaran singgetan
ngaran kuring jeung manéhna.

Salempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan.
Hiji tawis soca duh salempay sutra
jadi jimat pangreugreug ati disulam narawang duh salempay sutra geuning nyidem harepan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.

SamojaKedalna asih na bulan pinuh mamanis
hiji jangji pasini na rasmining wanci
mangsa samoja jongjon kembangan
duh eulis, langit lénglangangin rintih dina ati, aduh.

Lalakon lawas na bulan pinuh katineung
aya jangji pasini nu henteu ngajadi
mangsa samoja geus ngarangrangan
duh ieung, langit angkeub
samagaha dina haté, duh.
Ayeuna kantun waasna, jungjunan
lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan
kamari nu pamit, kamari nu pamit
datang deui na kalangkang.
Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan
lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan
kamari nu leungit, kamari nu leungitrék lebeng mo deui datang.

Sariak LayungSariak layung di gunung
iber pasini patepung lawung
teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh

Haréndong meuhpeuy harideung
jalan satapak rarambu leuweung
kumalangpang ronghéap nu kapitineun
geeh, ronghéap nu kapitineung, duuh

Surya surup layung hibar
ka tanjakan sawangan diumbar
geus ngolébat, ieuh, samar-samar
hariring asihna kapireung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang
katitipan haréwos kamelang
tawis deudeuh, ieuh, nu maranti
sungkeman kahéman saranggeuy malati.

Wengi Énjing Tepang Deui
Disimbutan ku halimun
diaping ku indung peutinglalaunan ngalayangna
sukma ninggalkeun jasmani
emh, aduh, sukma ninggalkeun jasmani
ngalayang ka awang-awang
rét nepangan ka nu tebih
nepungan ka urang gunung
malati di pinggir pasir
kakara pisan ligar
nakapendakna tacan lami
katuruban dangdaunan
kahempi ka nagara sari.

Kembang diburu dirungrum
sawengi henteu kapanggih
patapan henteu kalanglang
raraosan mah sawarsih
emh, aduh, raraosan mah sawarsih
hawar-hawar sora hayam
ciri parantos janari
nu nyumput téh humarurung
teungteuingeun milik diriharianeun teuing kadar
misahkeun anu keur asih
kembang nganggo dihalangan
ditundung ku indung peuting.

Gunung geus aya di pungkur
indit haté mah murilit
duh, indit haté mah murilit.
Miang gé da sumoréang
Parangtritis kapiati
aduh enung pileuleuyan
wengi énjing tepang deui,
duh, aduh, wengi énjing tepang deui.

Panon Hideung

Panon hideung
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung
Putri saha
Di mana bumina
Abdi reseup.....Ka anjeunna

Siang wengi
Kaimpi-impi
Hate Abdi
Sara redih
Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut ka nu geulis ......Panon Hideung

Indung
Nu Ngawih: Wina

Duh indung duh indung
Naha anjeun téh dimana
Abdi keueung duh indung
Na kunaon anjeun téh ngantunkeun abdi
Milari nu janten indung
Lamina mangtaun-taun
Saupami aya kénéh
Na di mana atuh ayeuna

reff
Kalér kidul tos dijugjug
Ngulon wetan didatangan
Tapi anu jadi indung
Teu aya laratananan
Ya Allah maha uninga
Na di mana indung abdi
Gusti Nu Maha Suci
Mugi pitulung ka abdi
Duh indung duh indung

Budak Saha
Wina

Dipikir siang jeung wengi
Hirup téh naha nyorangan
Dirasa-rasa da puguh aya nu boga
Ema bapa anjeun di mana

Teu sangka ku nasib diri
Hirup téh pahatu lalis
Lami gedé cicing di yayasan
Ema bapa anjeun di mana

Duh Gusti ari abdi budak saha
Teu puguh laratanana
Batin ceurik balilihan
Ari abdi budak saha
Ieu haté terus tumanya
Na di mana anu ngandung
Na di mana nu ngayuga
Ari abdi budak saha
Ieu haté terus tumanya
Na di mana ari indung
Na dimana ari bapa

 
Anak Jalanan
nu ngawih: Kustian

Ceuk batur mah kuring téh budak jalanan
Gawé ukur ngamén dina kendaraan
Sabenerna haté ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal di rupa
Jeung deui duka di mana

Mun panas kapanasan
Mun hujan kahujanan
Mun reup peuting ngadon saré di émperan
Pakukuh hirup di jalan
Henteu boga patempatan
Pikeun pangbalikan

Ti mana ti mana atuh ti mana
Diri kuring ti mana atuh asalna
Kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin abdi pituduh
Na di mana kolot abdi téh ayana

Élianovéra

Élianovéra

neuteup ringkang gelenyu bulan nu kumalayang dina simpé, angin peuting bet ngadak-ngadak ngageterkeun limitna sora kasono, sedeng ciibun nu anteng ngusapan rambut, lalaunan ngamalirkeun hariwang wangkongan urang na teuteup taya warnaan
élia, di dieu batin kuring ngagali-gali langit ngagali-gali gunung, antara hideung jeung caang, geuning anjeun langgeng nyaliara na embun-embunan, ngalalana jeroeun sukma lalayaran maheutkeun tuturus-tuturus batin
élia, di ditu di puseur dayeuh
anjeun teu kudu geruh ngojayan salasar-salasar purnama
majang-majang bangkarak jukung, nebarkeun pucuk-pucuk
nu ngarancik di padataran dada, komo bari jeung tatanggahan nyiar bulan na jeblogna tarang, ngeundeuk-ngeundeuk eusi angen nu tétéla kalah nyangcang kahariwang majar sieun “palita urang bakal kakalicesan katiup halimun peteng”.
élia, peuting ieu bulan kuring paheut mukakeun rebuan kecap, kakeueung anjeun lebah jandéla nu dikemu
marakbakna lampu kota, keur karembangan na amparan
batu-batu pasaréan, arimut na puseur tineung ngaribing dina dahan dina daun dina riak-riakna cai walungan, malah mandar nyariuman biwir-biwir pasir
nu medemkeun kakangen lebah telengna angen.
2006

Dina Sajak Nu Ngalingling

Dina Sajak Nu Ngalingling

indit beurang datang peuting, datang beurang indit
peuting. kasimpé. ti poé ka poé taya kendatna
ngucurkeun kakangen haté. tapi kuring di dieu ukur bisa
neuteup anjeun ti kajauhan. dina waktu demi waktu dina
datangna usum hujan.

leuleuweungan beuki hieum, ngudag heulang, meulah
wahangan. bréh tutugan jalan ka lembur, katumbiri
sumirat ngaweuhan méga,
nu horéng di dinya dinya kénéh urang tepung
di pupunclut sirah jempling. dina mangsa anjeun imut
nunjuk bulan ku pangambung.

dina waktu demi waktu, dina bulan nu paselang
jeung taun. di dieu saéstuna kuring teu bisa nyumputkeun sepi.
éarna sora hujan tina kenténg kana susukan, kawas
lajuna kahirupan_kamari jeung isukan. dada kuring di dieu kebek ku sesedek.


tapi kalangkang jeung ringkang anjeun gugudug deui
ka dieu. lir sora padungdengan nu hayang pameunang-meunang.

di dieu dina batin nu kagebug, kuring
nafakuran deui kalangkang anjeun sok sanajan hawa
hujan tambah hieum.

2008

UNDAK-USUK BASA

Basa Loma

Basa Lemes

(Keur ka sorangan)

Basa Lemes

(Keur ka batur)




Abus, asup Lebet Lebet
Acan, tacan, encan Teu acan Teu acan
Adi Adi Rai, rayi
Ajang, keur, pikeun Kanggo Haturan
Ajar Ajar Wulang, wuruk
Aji, ngaji Ngaji Ngaos
Akang Akang Engkang
Aki Pun aki Tuang Eyang
Aku, ngaku Aku, ngaku Angken, ngangken
Alo Pun alo Kapiputra
Alus Sae Sae
Ambeh, supaya, sangkan Supados Supados
Ambek Ambek Bendu
Ambe, ngambeu Ngambeu Ngambung
Amit, amitam Permios Permios
Anggel Bantal Bantal, kajang mastaka
Anggeus, enggeus Rengse Parantos
Anjang, nganjang Ngadeuheus Natamu
Anteur, nganteur Jajap, ngajajapkeun Nyarengan
Anti, dago, ngadagoan, Ngantosan Ngantosan
Arek Bade, seja Bade, seja
Ari Dupi Dupi
Asa, rarasaan Raraosan Raraosan
Asal Kawit Kawit
Aso, ngaso Ngaso Leleson
Atawa Atanapi Atanapi
Atoh, bungah Bingah Bingah
Awak Awak Salira
Awewe Awewe Istri
Babari, gampang Gampil Gampil
Baca Aos Aos
Badami Badanten Badanten
Bae, keun bae Sawios, teu sawios Sawios, teu sawios
Bagea Bagea Haturan
Baheula Kapungkur Kapungkur
Baju Baju Raksukan, anggoan
Bakti Baktos Baktos
Balik, mulang Wangsul Mulih
Balur Balur Lulur
Bangga Sesah Sesah
Bapa Pun Bapa Tuang Rama
Bareng, reujeung Sareng Sareng
Bareto Kapungkur Kapungkur
Batuk Bantuk Gohgoy
Batur Babaturan Rerencangan
Bawa Bantun Candak
Beak Seep Seep
Beda Benten Benten
Beja Wawartos Wawartos
Bener, enya Leres Leres
Bengek, mengi Asma Ampeg
Bere, mere Maparin, masihan Ngahaturaan, ngaleler
Berekah Pangesto, pangestu Damang, wilujeng
Beuki Beuki, seneng Sedep
Beulah Palih Palih
Beuli, meuli Meser Ngagaleuh
Beunang Kenging Kenging
Beungeut Beungeut Pameunteu, raray
Beurang Siang Siang
Beurat Abot Abot
Beuteung Padaharan Patuangan, lambut
Bibi Pun bibi Tuang bibi
Bikeun, mikeun Maparinkeun Ngahaturkeun,nyanggakeun
Bilang, milang Ngetang Ngetang
Birit, bujur Birit, bujur Imbit
Bisa Tiasa Tiasa
Bisi Bilih Bilih
Biwir Biwir Lambey
Boa Tiasa jadi Tiasa jadi
Boga Gaduh Kagungan
Buang, ngising Miceun Kabeuratan
Budak Budak Murangkalih
Bujal Bujal, puser Udel
Buka puasa Buka Bobor
Bukti Buktos Buktos
Bulan Sasih Sasih
Bungah, gumbira Bingah Bingah
Burit Sonten Sonten
Buru Bujeng Bujeng
Butuh Perlu Peryogi
Cabak, nyabak Nyabak Cepeng
Cageur Pangesto, pangestu Damang
Calana Calana Lancingan
Cangkeng Cangkeng Angkeng
Caram, carek, nyarek Nyarek Ngawagel
Carang, langka Awis Awis
Carek, nyarekan Nyarekan Nyeuseul
Carita, nyarita, ngomong Nyanggem Nyarios
Cenah Cenah Saurna
Cekel, nyekel Nyekel Nyepeng
Celuk,nyeluk,gero,ngageroan Nyauran Ngagentraan
Ceuli Ceuli Cepil
Ceurik Ceurik Nangis
Cicing Matuh Calik, linggih
Ciduh Ciduh Ludah
Cik, cing Cobi Cobi
Cikal Cikal Putra pangageungna
Ciling, pacilingan Kakus Jamban
Ciri Tanda Tawis
Cium, nyieum Nyieum Ngambung
Cokot, nyokot Ngabantun Nyandak
Cukup, mahi Cekap Cekap
Cukur, dicukur Dicukur Diparas
Cunduk, dating Dongkap Sumping, rawuh
Daek Daek, purun Kersa
Dagang Dagang Icalan
Dahar Neda Tuang
Dangdan Dangdan Dangdos
Dapur Dapur Pawon
Denge, ngadenge Nguping, mireng Ngadangu
Deukeut Caket Caket
Didik, ngadidik Ngatik Miwuruk,mitutur,miwejang
Diri Diri Salira
Diuk Diuk Calik, linggih
Duga, kaduga Kaduga Kiat
Duit Artos Artos
Dumeh, lantaran Jalaran Ku margi
Eling, inget Emut Emut
Emboh, tambah Tambih Tambih
Era Isin Lingsem
Embung Alim Teu kersa
Enggon Pamondokan Pangkuleman
Eukeur, keur Nuju Nuju
Eusi, ngeusian Ngalebetan Ngalebetan
Euweuh Teu aya Teu aya
Gancang Enggal Enggal
Ganti Ganti Gentos
Gardeng, reregan Gardeng Lalangse
Gawe Gawe Damel
Gede Gede Ageung
Gelung Gelung Sanggul
Genah, ngeunah Raos Raos
Gering Udur Teu damang
Getol Getol Kersaan
Geulang Geulang Pinggel
Geura, pek, heg Geura, mangga Mangga
Geuwat Enggal Enggal
Gigir, gigireun Gigireun Gedengeun
Gimir Gimir Rentag manah
Gogoda, cocoba Cocoba Cocobi
Goreng Goreng Awon
Gugu, ngagugu Nurut Tumut
Haben Haben Teras-terasan
Hadir, ngahadiran Nungkulan Ngaluuhan
Hal, perkara Perkawis Perkawis
Halis Halis Kening
Hampura, maap Hapunten Hapunten, haksama
Hareup Payun Payun
Harga Harga Pangaos
Harti Hartos Hartos
Hate Hate Manah
Hawatir,watir,karunya Watir Hawatos
Hayang Hoyong Palay
Helok Heran Hemeng
Hese, susah, pelik Sesah Sesah
Heuay Heuay Angob
Heubeul, lawas Heubeul Lami
Heug, seug Mangga Mangga
Hili, tukeur Liron Gentos
Hirup Hirup Jumeneng
Hudang Hudang Gugah
Huntu Huntu Waos
Hutang Hutang Sambetan
Iber, beja, warta Wartos Wartos
Idin Widi Widi
Igel Igel Ibing
Iket Totopong Udeng
Ilik, ngilikan Ningalan Ningalan
Ilu, ngilu Ngiring Ngiring
Imah Rorompok Bumi
Impi, ngimpi Impen, ngimpen Impen, ngimpen
Imut Imut Mesem
Incu Pun incu Tuang putu
Indit, miang Mios Angkat, jengkar
Indung Pun biang Tuang ibu
Inggis, risi Inggis, risi Rempan
Injeum, nginjeum Nambut Nambut
Inum, nginum Leueut, ngaleueut Leueut, ngaleueut
Irung Irung Pangambung
Isuk, isukan Enjing Enjing
Itung Itung Etang
Iwal, kajaba Kajaba Kajabi
Jaga Jaga Jagi
Jalma, jelema Jalmi Jalmi
Jauh Tebih Tebih
Jawab Walon Waler
Jero Lebet Lebet
Jeung Sareng Sareng
Jiga Jiga Sapertos,sakarupi
Jual Ical Ical
Jugjug Bujeng Bujeng
Juru, ngajuru Ngalahirkeun Babar
Kabeh, kabehanana Sadayana Sadayana
Kabur, minggat Minggat Lolos
Kacida, naker Kalintang Kalintang, teu kinten
Kajeun, keun bae Sawios Sawios
Kakara, karek Nembe Nembe
Karembong Kekemben Kekemben
Kari, tinggal Kantun Kantun
Kasakit, nyeri Kasakit, kanyeri Kasawat
Katara, kaciri Katawis Katawis
Kapalang, kagok Kapambeng Kapambeng
Kawas Sapertos Sapertos
Kawin Nikah, jatukrami Jatukrami,rendengan
Kede Kenca Kiwa
Kejo, sangu Sangu Sangu
Kelek Kelek Ingkab
Kesang Karinget Karinget
Keur, pikeun Kanggo Kanggo, haturan
Kiih Kahampangan Kahampangan
Kolot Kolot Sepuh
Kongkorong Kangkalung Kangkalung
Kop, pek Mangga Mangga
Kuat Kiat Kiat
Kudu Kedah Kedah
Kumbah Kumbah Wasuh
Kumis Kumis Rumbah
Kumpul Kempel Kempel
Kungsi Kantos Kantos
Kurang Kirang Kirang
Kuring, sim kuring Abdi, sim abdi Sim abdi
Labuh Labuh Geubis
Lahun, ngalahun Ngalahun Mangkon
Lain Sanes Sanes
Laju Lajeng Lajeng
Laki, lalaki Lalaki Pameget
Laku, payu, laris Pajeng Pajeng
Lalajo Nongton Nongton
Lamun, upama Upami Upami
Lanceuk Pun lanceuk Tuang raka
Lantaran, sabab Jalaran, sabab Mari
Leho Leho Umbel
Letah Letah Ilat
Leungeun Leungeun Panangan
Leungit Leunit Ical
Leutik Alit Alit
Leuwih Langkung Langkung
Lila Lami Lami
Mahal Awis Awis
Maksud Maksad Maksad
Malarat, miskin Jalmi teu gaduh Teu kagungan nanaon
Malem Wengi Wengi
Malik Malik Mayun
Mamayu Mamayu Mamajeng
Mangka, sing, muga Mugi Mugi
Maot Maot Pupus, tilar dunga
Marhum Marhum, jenatna Marhum, suargi
Memeh, samemehna Sateuacanna Sateuacanna
Mending, leuwih hade Langkung sae Langkung sae
Meujeuhna Meujeuhna Cekap
Meueun Panginten Panginten
Mimimti, mimitina Kawitna Kawitna
Minangka Etang-etang Etang-etang
Mindeng, remen Sering Sering
Minyak Lisah Lisah
Muga Mugi Mugia
Mupakat, rempug Mupakat, rempug Rempag
Murah Mirah Mirah
Najan, sanajan Sanaos Sanaos
Ngan Mung Mung
Ngaran Wasta, nami Jenengan, kakasih
Ngeunah Ngeunah Raos
Ngora Ngora Anom
Nini Pun nini Tuang eyang
Nyaho Terang Uninga
Nyaring Nyaring Teu acan kulem
Nyolowedor Nyolowedor Midua maha
Obat, ubar Obat, ubar Landog
Ogan, ondang Ondang Ulem
Ome,ngomean,menerkeun Ngalereskeun Ngalereskeun
Paham Paham,ngartso Ngartos
Paju, maju Majeng Majeng
Pake, make Nganggo Nganggo
Palangsiang, bias jadi Tiasa jadi Tiasa jadi
Palire, malire Malire Merhatoskeun
Pamajikan Pun bojo Tuang rayi
Pancuran, kamar mandi Jamban Jamban
Pandeuri Ti pengker Ti pengker
Pang, pangna, nu matak Nu mawi Nu mawi
Panggih, manggih, nimu Mendak Mendak
Pangkat, kadudukan Kadudukan Kalungguhan
Pangku, mangku Mangku Mangkon
Panon Panon Soca
Pantar, sapantar Sapantar Sayuswa
Paribasa Paripaos Paripaos
Pariksa, mariksa Mariksa Marios
Parna Repot Wales
Paro, saparo Sapalih Sapalih
Pasti, tangtu Tangtos Tangtos
Pati, teu pati Teu patos Teu patos
Patuh, matuh Matuh Linggih
Payung Payung Pajeng
Pedah Ku margi, jalaran Rehing
Penta, menta Neda, nyuhunkeun Mundut
Pecak, mecak, nyoba Nyobi Nyobi
Pencet, mencetan Meuseulan Meuseulan
Percaya Percanten Percanten
Perlu Perlu Peryogi
Permisi Permios Permios
Peuting Wengi Wengi
Pihape, mihape Wiat Ngaweweratan
Piker Piker Manah
Piligenti Piligentos Piligentos
Pindah Pindah Ngalih
Pingping Pingping Paha
Pipi Pipi Damis
Poe Dinten Dinten
Poho Hilap Lali
Potong, popotongan Patilasan Patilasan
Puasa Puasa Saum
Puguh, tangtu Tangtos Tangtos, kantenan
Purun Purun Kersa
Rarabi Rarabi Garwaan
Raksa, pangraksa Pangraksa Panangtayungan
Ramo Ramo Rema
Rampes Mangga Mangga
Rasa, rumasa Rumaos Rumaos
Rea, loba Seueur Seueur
Receh Receh Artos alit
Reujeung Bareng Sareng
Reuneuh Kakandungan Bobot, ngandeg
Reureuh Reureuh Ngaso
Rieut Rieut Puyeng
Ripuh Ripuh Repot
Robah Robah Robih
Roko, ududeun Rokok Sesepeun
Rua, sarua Sarupi, sami Sarupi, sami
Rusuh, rurusuhan Enggal-enggalan Enggal-enggalan
Saba, nyaba Nyanyabaan Angkat-angkatan
Sabot Keur waktu Waktos
Sabuk, beubeur Beubeur Beulitan
Sadia Sayagi Sayagi
Sakeudeung Sakedap Sakedap
Salah Lepat Lepat
Salahsaurang Salahsawios Salahsawios
Salaki Pun lanceuk Caroge, tuang raka
Salamet Salamet Wilujeng
Salat, solat Sambeang Netepan
Salesma Salesma Pileg
Salempang, hariwang Salempang Salempang, rajeg manah
Salin, disalin Disalin Gentos
Samak Amparan Amparan
Sampak, nyampak Nyampak Nyondong, kasondong
Samping Sinjang Sinjang
Sanding, kasanding Kasanding Kasumpingan
Sanggeus Saparantos Saparantos
Sanggup Sanggem Sanggem
Sare Mondok Kulem
Sarerea Sadayana Sadayana
Sarta, jeungna deui Sareng Sareng
Sarua Sami Sami
Sasarap Sasarap, neda Tuang
Sawah Sawah Serang
Sejen Sejen Sanes
Seleh, nyelehkeun Masrahkeun Nyanggakeun,ngahaturkeun
Selewer, nyelewer Midua hate Midua manah
Semah Tamu Tamu
Sesa, kari Kantun Kantun
Sebut Sebat Sebat
Serah, nyerahkeun Mirak Mirak, ngeser
Seubeuh Sesek Wareg
Seuri Seuri Gumujeng
Siar, nyiar Milari Milari
Sibanyo Sibanyo Wawasuh
Sirah Sirah Mastaka
Sirit Larangan Larangan
Sisir Pameres Pameres
Soara, sora Sora Soanten
Sorangan Sorangan Nyalira
Sore Sonten Sonten
Sugan, manawi Manawi Manawi
Suku Suku Sampean
Sunat, nyunatan Ngabersihan Nyepitan
Sungut Cangkem Baham
Supaya Supados Supados
Surat Serat Serat, tetesan
Suweng Suweng Kurabu, gwang
Tabeat Adat Panganggo
Tadina Awitna, kawitna Kawitna
Tai Kokotor Kokotor
Taksir, ngira Nginten-nginten Nginten-nginten
Taktak Taktak Taraju
Talatah Wiat saur Wiat saur
Tambah Tambih Wuwuh
Tampa Tampi Tampi
Tanda, ciri Tawis Tawis
Tangen, katangen Kanyahoan Kauninga
Tangtung, nangtung Nangtung Ngadeg
Tanya Taros Pariksa
Tapi Nanging Nanging
Tarang Tarang Taar
Tarima Tampi Tampi
Tawar, nawar Nawis Mundut
Tayoh-tayohna Rupina Rupina
Teang, neangan Milari Milari
Tenjo, nenjo, nempo Ningal Ningali
Tepi Dugi Dugi
Tere Tere Kawalon
Tereh Enggal Enggal
Teleg, teureuy Teleg Telen
Tembang, nembang Nembang Mamaos
Tepi, nepi Dugi Dugi
Tepung Tepang Tepang
Terus Teras Teras
Teundeun Simpen Simpen
Tincak Tincak Dampal
Titah, nitah, jurung Ngajurungan Miwarangan
Tonggong Tonggong Pungkur
Topi, dudukuy Topi, dudukuy Tudung, langgukan
Tulis Tulis Serat
Tulung, pitulun Pitulung Pitandang
Tulus Cios Cios
Tuluy Teras, lajeng Teras, lajeng
Tumpak Tumpak Tunggang
Tunggu Antos Antos
Turun Turun Lungsur
Ucap Ucap Kedal, lisan
Ulah Teu kenging Teu kenging
Ulin Ulin Ameng
Umur Umur Yuswa
Urus, nguruskeun Ngalereskeun Ngalereskeun
Urut Tilas Tilas
Utama Utami Utami
Waktu Waktos Waktos
Wani Wantun Wantun
Waras Cageur Damang
Wareh, sawareh Sapalih Sapalih
Warga, dulur Wargi Wargi
Watara, sawatara Sawatawis Sawatawis
Wawuh Wanoh, kenal Kenal
Wedak Pupur Pupur
Wedal Wedal Weton
Wilang, kawilang Kaetang Kaetang
Wudu Wulu, wudu Abdas