UJIAN KOMPETENSI BERSAMA SEMSTER GANJIL
TAHUN PELAJARAN 2014 / 2015
LEMBAR SOAL LATIHAN
1.
“….. Sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa
ku anu ngaregepkeun atawa nu maca, upamana sedih, nalangsa, handap asor,
sombong, éra, hanjakal, jeung sajabana”. Diluhur mangrupakeun wangenan /
definisi tina unsur ….
PRIANGAN
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
2.
Pek caritakeun deui make bahasa sorangan sajak di
luhur…
3.
“….
sikep nu ngagambarkeun dina ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka
kawih.
Diluhur mangrupakeun wangenan / definisi tina unsur ….

digantélan geuning ku saputangan

sihoréng mah aduh geuning jungjunan
4.
Nilik kana wandana (bentukna), sempalan
rumpaka kawih di luhur téh kaasup kana ……. Pangna disebut …….. lantaran
padeukeut sora tungtung padalisan nu aya
dina cangkang jeung eusi.
5.
“ ….. nya éta gaya basa babandingan atawa
lalandian, ku jalan nyebut hiji barang, padahal anu dimaksud mah anu séjén
lantaran dianggap boga pasipatan atawa ciri-ciri anu sarua”.
6.
7.
……. dipapatkeun pikeun ngawasa sukma nu lian,
anu dipikacinta, sangkan bogoheun jeung sangkan anu mapatkeun éta, nepi ka
saréréa padaasih, padanyaah, padaresep, upamana awéwé ku lalaki atawa lalaki ku
awéwé, ku atasan, atawa ku dunungan.
8.
…….. dipapatkeun upama rék milampah hiji
pagawéan, anu dipalar sangkan kahontal hasilna, tur anu ngalampahkeunana aya
dina karahayuan, upamana di mana rék turun, leumpang, diuk, nangtung,.
9.
…….. anu dipapatkeun pikeun ngadatangkeun
kakuatan, kabedasan, meunang karahayuan jiwa, raga jeung pakaya, gedé kawani,
ludeungan, henteu keuna ku rupa-rupa balai jeung wisaya, bedas, awét ngora.
10.
…….. dipapatkeun pikeun nyingkahkeun hal-hal anu
teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-siluman jeung sajabana, nyinglar
jurig, kuntilanak, lelembut, anu sakirana sok ngagangu ka manusa.
11.
……… biasana dipapatkeun pikeun kasalametan,
henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang. Baheula mah sok dipaké
paranti ari ngambah tempat nu sanget, rék muka pihumaeun, nyieun babakan, rék
nyicingan hiji tempat, rék migawé kai pibahaneun, nalukkeun silumansiluman,
nulak gawé anu jail, paranti ari ngaruat, paranti ari caah atawa hujan, paranti
pamunah impian goréng, dijauhkeun tina gangguan ruparupa dedemit jeung siluman.
Kabéh maksudna mah geusan ngadatangkeun karahayuan baé
12.
Dina bagian awal urang geus nengetan eusi nu
aya dina mantra. Ayeuna urang ngimeutan aspék kaéndahanana, di antarana urang
maluruh éndahna sora atawa anu sorana padeukeut, boh dina unggal jajar boh dina
unggal kecap. Sora anu padeukeut téh sok disebut …….
13.
Nu kaasup mantra téh mun dititénan tina
eusina aya nu disebut asihan (pélét), Ungkara basa sarupa kitu di luhur kaasup
bagian tina karya sastra Sunda wangun puisi mantra. Kecap mantra téh asalna
tina basa …….
Bismillah
Otak éncér lir paser jamparing
Panon seukeut lir panon heulang
Haté ngagebray caang lir srangéngé
Biwir matuh saciduh metu saucap nyata
Bray paningal pinuh ninditu ka awaking
14.
Naon maksud dina pedaran anu di gurat handap ….
15.
Dina conto mantra di luhur gé kapanggih aya
kecap anu dibalikan deui sagemblengna, Aya ogé nu ngandung gaya basa
babandingan (ngaibaratkeun) nu katingal dina kecap …..
Bismillahirrahmananirrahiim
Prot putih sangkana
jadi
Ciduh aing nu teu
matak metu
Kasurung ku daging
jadi
Pet rapet ku
kersaning Allah
16.
Upama nilik kana jenisna (papasing mantra), mantra di luhur kaasup kana
jenis mantra naon ….
17.
“Prot putih sangkana
jadi” maksud dina
kecap diluhur …..
18.
Nilik kana sajarahna, kawih dibagi jadi tilu
kurun waktu, nya éta: Kawih buhun atawa tradisional. Buhun hartina kuno, jaman
baheula atawa kecap séjén tina bihari. Période kawih buhun aya dina kurun waktu
saacan jaman Jepang nepi ka Jaman Jepang. Lagu anu kaasup kawih buhun nya eta ….
19.
Nilik kana sajarahna, kawih dibagi jadi tilu
kurun waktu, nya éta: Kawih buhun atawa tradisional. Buhun hartina kuno, jaman
baheula atawa kecap séjén tina bihari. Période kawih buhun aya dina kurun waktu
saacan jaman Jepang nepi ka Jaman Jepang. Lagu anu kaasup kawih wanda anyar
nya eta ….
20.
Tanda maham eusi
kawih di antarana bisa nyaritakeun deui ku basa sorangan. Rupa-rupa carana
pikeun nyaritakeun deui eusi kawih téh, di antarana ku cara nyusun paraprase.
Naon ari paraprase?
21.
Ari sajak téh salah sahiji hasil karya sastra
wangun puisi. Sakumaha wangun karya sastra séjénna, sajak ogé kaasup wangun
sastra anu imajinatif. Basa nu dipaké dina sajak umumna padet jeung singget tur
sifatna konotatif, sabab ngandung harti injeuman (ma’na kiasan). Eusi sajak biasana ngagambarkeun….
22.
“ …. sok digunakeun pikeun nyebutkeun barang
anu henteu nyawaan atawa sasatoan diupamakeun boga polah cara jalma, kayaning
boga rasa sedih, susah, bungah, atawa ambek”.
23.
“Gaya
basa …… sok dipaké pikeun ngaganti
(ngaran) ku sesebutan. Aya sesebutan alus atawa pideudeuh jeung aya sesebutan
goréng, atawa ocon,”,
24.
Tingali rumpaka dina no 11. “Sora tungtung
padalisan kahiji ding padeukeut jeung sora tungtung padalisan katilu ing, kitu
ogé sora tungtung padalisan kadua ngan padeukeut jeung sora tungtung padalisan
kaopat nan”. Anu kitu kaasup kana wangenan /definisi ….
25.
“Kuring mah teu boga duit sapésér-pésér acan
(padahal beunghar)” Diluhur kaasup kana gaya basa ….
26.
“sanajan maneh ngajerit maratan langit,
ngocéak maratan jagat; sarta nepi ka
ceurik getih oge, kuring moal narima cinta anjeun!” Diluhur kaasup kana gaya
basa ….
27.
“….. nya éta rakitan basa anu ditulis ku para
bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg (angger)”.
28.
Unsur-unsur nu aya dina kawih teu béda jeung
unsur-unsur nu aya dina puisi atawa sajak, nya éta ngawengku ...
29.
“Nilik kana sajarahna, kawih
dibagi jadi sababaraha waktu, nya
éta Kawih buhun atawa tradisional, Kawih
Jaman Jepang, jeung Kawih wanda anyar”. Upami
lagu “És Lilin” kaasup kana kawih
jaman ….
30.
Sedengkeun kawih anu judulna “Cinta Nusa”,
kaasup kana kawih jaman …
Baca rumpaka di
handap ieu!
(1)
Urang tuang colénak (3) Colénak peuyeum Bandung
raos seger matak séhat kana awak katuangan
sederhana istiméwa
pangaosna cukup ku sapuluh pérak cacah menak
sagala pada misuka
moal rugi ngaluarkeun eusi pésak moal puyeng
najan séép tilu piring
(2)
Colénak dicocol énak (4) Colénak
dicocol énak
anu ompong ogé teurak kakoncara sabuana
mangga geura carobian
kaolahan urang Sunda
colénak beuleum
dadakan warisan kolot baheula
31.
Dina pada kasabaraha nu ngawih ngajak sangkan
ngamasarakatkeun kadaharan tradisional nu ngaranna colénak …
32.
Cing parafrasekeun rumpaka colenak di luhur….
33.
Dina pada kasabaraha rumpaka
némbongekun kareueus yén urang Sunda boga kadaharan tradisonal warisan
kolot baheula nu kasohor (kakoncara) ka saalam dunya (buana) ngaranna colénak
34.
Dina rumpaka kawih di luhur aya kalimah
“cacah menak sagala pada
misuka”.
Kecap anu di gurad handap nuduhkeun ….
35.
Dina rumpaka kawih di luhur aya kalimah “cacah menak sagala pada misuka”.
Kecap anu di gurad handap nuduhkeun ….
36.
Numutkeun pamadegan hidep “Peuyeum” asalna tina ….
“Bulan nu
ngagantung, di langit Batu Hiu tinggal sapasi sésa purnama
kamari”
37.
Tinggal kecap anu di gurat handap , eta kecap
kasup kana gaya basa ….
38.
“Bulan di langit Batu Hiu, Sesa purnama
kamari, bulan sapeupeuting nyaksi, nya
pangrusiah moal betus pasti”. Tinggal kecap anu di gurat handap , eta kecap
kasup kana gaya basa ….
39.
Tanda yén hidep paham eusi kawih di antarana
bisa nyaritakeun deui ku basa sorangan. Rupa-rupa carana pikeun nyaritakeun
deui eusi kawih téh, di antarana ku cara nyusun paraprase. Naon ari paraprase?
PRIANGAN
(Rahmat M. Sas Karana)
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
40.
Eusi éta sajak di luhur ngagambarkeun ….
41.
42.
“ …. nya éta sajak anu ngagambarkeun
rasa panyajakna atawa ngébréhkeun pikiran
jeung rasa pribadi panyajakna tur sipatna leuwih subjéktip”.
43.
“ ……
nya éta sajak anu sipatna ngadadarkeun hiji carita atawa kajadian, sarta
biasana eusina téh ngawangun carita kapahlawanan, boh pahlawan anu aya patalina
jeung legenda, kapercayaan, boh anu aya patalina jeung sajarah”.
44.
“Ari …..
téh salah sahiji hasil karya sastra wangun puisi. Basa nu dipaké dina
sajak umumna padet jeung singget tur sifatna konotatif, sabab ngandung harti
injeuman (ma’na kiasan).”
(1) Lemah kuring (2) Lemah
kuring (3) Lemah
kuring
Cai kuring Cai kuring Cai
kuring
Geuning geus loba nu kurang Geuning geus loba nu hayang Geuning loba kahariwang
45.
Lamun ku urang ditengetan sajak di luhur ,
unggal engang panungtung ahir padalisan dina sajak di luhur ngabogaan
sora anu angger, nya éta i-i-a,
i-i-a, i-i-a, Nu kitu téh disebutna ?
46.
“ …..
nya éta anu eusina nyaritakeun ngeunaan jalma-jalma anu gagah, jadi tokoh
pujaan, jalma atawa tokoh anu legendaries boh jaman baheula boh jaman ka
béhdieunakeun, atawa jalma anu jadi pusat perhatian”.
47.
Tujuan sajak deklamasi nya
éta pikeun ……
48.
Sajak anu judulna DI
PANUGARAN BATU CURUG SIGAY karangan AGUS SURIAMIHARDJA kaasup kana sajak ….
49.
Sajak anu judulna SEUNEU BANDUNG karangan KARNA YUDBIRATA
kaasup kana sajak ….
50.
“Lima léngkah anu ka asup kana unsur
pangaweruh sajak, nyaéta, …” mana di handap anu teu kaasup kana lima lengkah
nyieun sajak?
51.
Eusi sajak di luhur ku urang bisa
dicaritakeun deui atawa dituliskeun deui dina wangun basa séjén upamana prosa.
Ngarobah wangun basa sajak kana wangun basa séjén disebutna paraprase. Naon ari
paraprase?
52.
Prosés ngarang sajak mah sarua waé, boh dina
basa Indonésia boh dina basa Sunda, éstu kitu-kitu kénéh, taya bédana. Nu
ngabédakeun téh ukur basa nu digunakeunana, nyaéta maké basa Indonésia jeung
maké basa Sunda. Pek tuliskeun ku hidep Léngkah-léngkah nu
kudu dipilampah nalika rék ngarang sajak?
***
Wilujeng Damel ***